Jumat, 10 Juni 2011

[kisunda] Bharata Yudha 52

From: Abbas Amin

Karna nyalira di na ngaleupaskeun Konta teh aya rasa was was; saterasna ningal akibatna tambih hanjakal sareng ngarasa nyaah ka Gatotkacha, nyaah ku kasaktenna, padahal ngora keneh. Malah tadi , sababaraha waktu sateuacan ancur ku Konta , Korna ningali paroman Gatotkacha nu kacida pikanyaheunana; siga budak nu leungit cocoanana; Karna ngahelas; ras deui emut engke perang sareng Arjuna tangtu bakal langkung sesah. Ku seueur emutan, sareng cape ongkoh perang sareng Gatotkacha; akhirna Karna teu kiat teras we rubuh, kapiuhan. Enggal para prajurit nu masih teu tebih ti dinya nyarumput, kalaluar teras ngagarotong Karna dicandak ka kemahna.

Aya hiji Prajurit Pringgandhani, nu nyaksian tiwasna Gatotkacha , lantaran waktuna tarung sareng 4 Denawa bogana Karna, kapeclengkeun nyangsang di na rungkun; memang awakna asa pasiksak, remek satulang sandi, tapi masih hirup keneh, ; tapi barang manehna nempo senjata Karna ngajelegur ngancurkeun Gatotkacha, manehna laju kapaehan deui, ku reuwas2na jeung nyaah ka Gatotkacha.

Sanggeus rada lila, eta Butha teh leler tina kapiuhanana, culang cileung karasa sepi pisan, ayeuna mah teu kadenge sora naon2 estu combrek pisan.Lalaunan manehna nyoba kaluar tina rungkunterus ngadeukeutan ka na tempat nu dikira kira ngajelegurna senjata Karna tadi. Sugan aya raratan ti na jasmanina Gatotkacha. Nyata manehna nyamos teu hasil; teu manggih urut Gatotkacha; ngan wae ditempat Gatotkacha tiwas taneuhna hideung siga kaduruk, aya kana 200 meterna gurat tengahna%2

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar