Selasa, 07 Juni 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha 51

 

Gatotkacha :" Enya bener sakti Karna teh; cik yeuh tampanan deui." Teras Gatotkacha niup....... enggal kalur seuneu muntab2 nu nyerang ka Karn; Karna tngginas teras ngalepaskeun jamparing; ti na eta jampring kaluar cai nu ngabanjur seuneu ti Gatotkacha.

Gatotkacha tambih ngajenan ka Karna, lantaran kabuktian memang Karna "SAKTI" ; enyaan Karna jagona teh , lain cek beja , jagona teh. Enyaan Karna pilih tanding.

Gatotkacha ayeuna mah nampankeun dampalna, kaluar gada, Saterasna eta gda dibaledogkeun ka Karna; Karna rikat manah eta gada; eta gada ancur ditengah jaln kapanah ku jamparing Karna.

Gatotkacha ngagakgak, ningal kasktian Karn kitu, teras nyorowok deui : " Ha ha ha ! Karna, nyata sampeyan pilih tanding ! Tapi sampeyan moal kuat ngalawan Kaula mah ! Ku sabab sampeyan geus nembongkeun kabisa sampeyan, enyaan sampeyan JAGO, lain ngan ukur dongeng, tah ku Kaula ayeuna sampeyan dileupaskeun, Jung wae sampeyan
balik, Karna ! Kula moal ngahalangan, Jeung Kula moal ngabinasa sampeyan,  keun sina Drona atawa Duryodhana nu ngalawan Kaula ! "

Jaya bang winga winga .............................Amarahna Karna tos teu kaampeuh deui, lajeng sumbar2 kamanigan :" Gatotkacha ank Butha ! Tetela sampeyan teh teu ngahargaan pisan ka Kaula ! Yeuh urang ayeuna P_ERANG can puguh monyet hideungna !  Sampeyan geus nangtukeun yen bakal meunang ! Kacida nghinana sampeyan ka diri Kaula !  Karna kajeun ancur tutumpuran ti batan kudu undur jurit !  Komo ayeuna nu nitah mundur sampeyan pisan ! Can aya musuh nu wani2 nitah mundur ka Kaula ! Ayeuna sampeyan geus wawanian ! Eh Gatotkacha ! Sampeyan bakal dikirim ka nirwana ku Kaula !"

CAG TUNDA HEULA !

LOBA DALANG, ATAWA TUKNG ANGGIT CARITA NYEBUTKEUN YEN PERANGNA GATOTKACHA JEUNG KARNA TEH, LANTARAN DIPIWARANG KU KRESNA !
CARITA KIEU TANGTU WE TEU ASUP AKAL ! nGARANNA OGE PERANG; TEU KUDU PALAH PILIH LAWAN. JEUNGNA DEUI CARIT KITU NGARENDHKEUN PISAN ARJUNA ! PADAHAL TEU PISAN2 RJUNA HAYANG DIAGANTIAN KU GATOTKCHA. PERANG GTOTKACHA LAWAN KARNA ESTU NATURAL PISAN ! TEU DIPANGARUHAN KU SI ITU SI IEU.

Urang teraskeun deui :

Gatotkacha nyorowok deui :" Ha ha ha ! enyaan bener2 sampeyan wani nya !? Jadi tong nyalahkeun Kaula mun sampeyan puput umur di dieu ku diri Kula !"

Gatotkacha ngarabut tngkal ki nu geung pisan, 3X ukuran badan Karna ! teras eta tangkl teh ditinggangkeun ka Karna . Ku margi ki beurat pisan, sareng tanaga Gatotkach memang rosa,  panah Karna teu tiasa nhan eta laju ki ! atuh gejret wae eta ki nuju ka palebah Karna ! Untung Karna kesit luncat; tuh kreta sareng kudana mh pejet pisan.

Karn mani tigugulitik; masing salamet tapi tartu. Enggalna Karna mentangkeun gondewana bari ngajampe; ieu panah tos diparancahan, jdi sakti.

Memang nancep pisan ka na mamras Gatotkacha ; tapi barang nancep barang digibegkeun ku Gatotkacha ; parotong eta panah Karna teh.

Gatotkacha nyorowok tarik pisan :" Ho ho ho ! Tong kaget Karna ! Kaula lamun peuting, ditangtayungan ku paman2 Kaula ! Brajamusti ! Brajawikalpa !  Brajalamatan ! Brajadenta ! brajawusesa !  Jadi moal aya senjata nu bisa ka Kaula ! Ayeuna Kaula ttep mere kasempetan ka Sampeyan ! Lebar ku gagahna ! Jung wae balik Karna ! ulah ngalawan Kaula ! Komo ka Paman Arjuna mah ! Mundur sampeyan !"

Karn ngaraos asa teras2an dihina ku Gatotkcha, pdahal Gatotkacha mh enya
an ngahargaanana ka Karna teh; tapi memang  di na hal ieu Karna sifat satriyana nu muncul; sareng memang Karna tara mundur upami teu acan asor.Jadi memang maksd Gtotkach nu sae teh mubah ka Karna mah. Saumur dumelah kakara ayeuna Karna dipikarunya ku musuh !

Di na wktos kitu Karna teu seueur deui ngamanah, lajeng wae Karna nadahkeun pananganana, teras ngarapal aji nu dipasihkeun ku Bhatara Indra ! Enggalna wae senjata TUMBAK nu pondok tos aya di na dampalna; sinarna gumebyar, tanda senjata lineuwih ti Para Dewa.

Roh Brajawisesa ngalahir lalaunan ka Gatotkacha ........................ aduh tiwas Gatot, Kaula ngarasa panas ; paman kapaksa kaluar ti guha garba sampeyan. Tos kitu aya harewos deui, ayeuna mh ti Brajawiklpa ................. duh Gatot................. hampura paman, ngan nepi ka dieu Paman marengan sampeyan. Kitu deui Brajadenta, ln Brajalamatan tos kalaluar ti guha garba Gatotkcha; akhirna Brajamusti oge kaluar.

Gatotkacha ngaraos kaget, barang nuju hulang huleng kitu, Karna tos ngalempagkeun tumbakna nu ngaranna KONTA WIJAYA DANUR ! Sanes nancep tapi barang dugi ka Gatotkacha eta senjata teh bitu mani handaruan soarana; lir BOM ! di na jaman KIWARI.
Atuh harita keneh jasad Gatotkacha pasiksak, teu aya urut2na acan !


HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 2

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar