Selasa, 31 Agustus 2010

Burisrawa kaedanan - 5

Ti bah AA

 

Barng Burisriwa keur nutur2 Sumbadra; daratang emban nyaketan ka Sumbadra.
"Waktosna cebor, Gusti Ayu. Mangga, bakna tos pinuh ku cai ermawar; sareng
kembang nu sareungit."

Burisrawa bingah pisan manahna, mani enggal nuturkeun Sumbadra nu teras
lebet ka kamar pribadina. Barang Burisrawa bade nuturkeun, Burisrawa kaget
lantaran aya hahalang nu teu tiasa didobrk ku Burisrawa; nya atuh kapaksa
Burisrawa ngegel curuk; Burisrawa nyabrkeun dirina; teras we ngantosan
Sumbandra nu nuju cebor.

Saterasna Sumbadra sasauran, mani halimpu:"para emban Kaula arek ka
Tamansari; keun we ayeuna mah tong diitingkeun; Kaula hayang nyorangan,
upami sumping Rd Arjuna, langsung we kituh nyusul ka taman."
Para emban mani hempak ngawaleran :"Mangga."

Burisrawa sirikna teu ajrag2an, ku bungah2na; nya ayeuna aing bakal meunang
kasempetan hade; si Arjuna keur suwung, meureun sowan ka Amarta, hehehe,
aing saperti karagragan bulan yeuh."

Enggalna bae, Dewi Sumbadra tos kaluar ka taman; Sang Sudewi saparantos
cebor sareng dangdan, katingal sapertos widadari turun ti kahiyangan; atuh
Burisrawa teh beuki kabungbulengan. Ku margi teu tahan , Burisrawa enggal
wae ngarangkul sareng ngagalentor Sumbadra..................  tapi da teu ka
tangkeup2 acan; molos we siga ngaliwatan haseup.

"Bedul, ngaleungit ku ngaleungitna, teu bisa naon2 ngan ukur bisa nenjo wungkul,
salah aing metana ngan ukur hayang nempo Sumbadra; aduh ieu mah sarua
we jeung ngahayal. Aduh Sumbadra enyaan geulisna teh? Geulisna ka wanti2,
endahna ka bina2; untung we Si Arjuna meunangkeun Sumbadra; naa ari aing
sisit kadal; aya goreng2 teuing milik. Padahal si Arjuna teu gagah2 teuing; malah
kalamar kelemer; gagah keneh Burisrawa, kasep keneh Burisrawa. Atuh harta
komo; aing leuwih mulya. Ieu mah HADE milik we si Arjuna mah." Burisrawa
noroweco di na manahna.

"Aduh eta pangambung, mani bangir kitu; taarna teja mentrangan teh lain bohong.
Emh mun Subadra daek ka aing; menta naon ge moal teu ditedunan. Emh itu
ari imut, sasaha matak kairut. Emh, nasib...........nasib. Aduh eta kulit koneng
mulus, mani siga emas moncorong. Aduh eta socana cureuleuk tapi pinuh ku
pamor nu moncorong. Waosna asana mah Mutiara ge eleh ku Sumbadra."

"aduh aing teh enya kagegeringan yeuh, maning aing paeh ti batan teu laksana
mah."

Burisrawa nejad lajeng wae ngalesotkeun ali jimatna ka na jukut caketeun
Sumbadra, teras mani rikat newak Sumbadra; atuh Sang Sudewi mani ngajerit ku
kaget2na; Burisrawa reuwas oge; supaya Sumbadra teu nyorowok nya
disingsieunan; Burisrawa nyabut Kerisna; tapi barang keris di amang2 barang
Sumbadra lumpat ngan sakilat nubruk keris; teu kaburu nyingcet deui; Sumbadra
katojos keris; ngagolepak sapada harita, bari baloboran ku getih.

Atuh Burisrawa nya reuwas, nya sieun, geus teu tolih deui ka na Ali jimatna;
berebet wae Buristiwa ngacir; teu sirikna notog2keun maneh Sajajalan ngan
ceurik we Burisrawa teh, hanjakaleun pisan. Aduh Kaula teh da lain hayang
ngabunuh ka anjeun teh Sumbadra; estu Kaula mah cinta sajati ka anjeun teh.
Naha atuh mani nekad pisan; nyaho kitu mah maning akang we nu paeh basa
eta di Setra Ganda Mayit; ti batan kudu anjeun. Aduh Kula hanjakal pisan,
tobaat Dewi Kula menta hampurana.

Ku margi di Kaputren ahrita rada simpe teu aya nu ningali ka Burisrawa nu
lumpat ; katambah deui; da memang Burisrawa lain jalama sambarangan; estu
digjaya lumpatna lir Kijang; atuh teu aya nu terangeun yen Burisrawa tos dursila.

HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar