Minggu, 08 Agustus 2010

Samemeh Bharata Yudha - ka-12

 

Urang gentos nu dicatur; ayeuna nyarioskeun di Upawilya; nya eta daerah kosong
di Wiratha, nu lega pisan, teras diwangun Karaton kanggo linggihna Pandawa Lima.
Tah harita di Upawilya nuju gempungan oge, kanggo nangtoskeun kumaha carana
supaya Indraprasta ( Astina nu sabeulah milik Pandawa ) tiasa kapimilik deui?

Yudhistira tos masihan wanti2 yen upami wae Pandawa maksa nyuhunkeun
Indraprasta, akibatna teh perang campuh antara dulur, sasama turunan Bharata.
Atanapi Bharata Yudha tea. Tah upami wae nu perang teh antara Kurawa lawan
Pandawa; teu kedah gimir; lantaran pasti meunangna; paling ge nu hese teh
ngalawan Karna wungkul.

Tapi nu bakal dilawan ku Pandawa tangtuna ge lain Karna wungkul, tapi kudu iasa
ngelehkeun Bhisma, Drona, Krepa, aswathama. Burisrawa , Bhagadhata, sareng
Raja2 sakti nu sanesna deui. Jadi kamunkinan Perang malah eleh; lantaran kakuatan
Pandawa nyata LEMAHMA nyanghareupan eta Pahlawan2 Astina nu sakitu jaragona.
Jadi leuwih hade neangan jalan pikeun DAME. Paling henteu mun urang sabar, teu murugul mah, Bhisma, Drona oge mun perang tea mah, moal tegaeun; sabalikna
mun urang neungtreung murugul; tangtu aranjeunna ngaraos sebel ka Pandawa,
tinangtu na perangna ge soson2 hayang ngabinasa urang. Tah ku sabab kitu, urang
geus apal yen Duryodhana, nepi ka kumaha oge moal mikeun eta Indraprasta,
manehna ngarojok rojok supaya urang keuheul, terus gagabah nangtang perang; tah
lamun kitu tinangtu Pandawa rugina.

Lamun urang sabar di na nungtut Indraprasta; pasti Eyang Bhisma, Widura, sareng
Guru Drona bakal usaha ngawujik Duryodhana; tah tangtu Duryodhana mantangulna
da asa KUAT tea, komo boga pasukan tentara nu kuat pisan; atuh tangtu nguntupna.
Kahayangna urang bakal langsyng amarah jeung nyerang Astina, tah lamun kitu
tangtu urag sarerea bakal cilaka. Nu matak adi2 poma sing sabar di na nahan diri,
perkara ieu, sabab si Duryodhana terus2an provokasi; urang ulah kapangaruhan.
Keun we antep, urang mah terus we nungtut bari jeung sabar; tah dimana eyang
Bhisma jeung Resi Drona mihak ka urang; mu perang tea mah, aranjeunna moal
enya2 ngalawan ka urang.

Kitu pamikir Yudhistira ka Rai2na.

Rai2na, utamina Bhima teu satuju pisan ka na pulitik Yudhistira, lantaran eta teh
nunjukeun KECING ( Pengecut tea ). Tapi ana dipikir leuwih JERO, eta Politik teh
kacida Rasionilna. Lantaran GEUS PASTI Duryodhana ka na teu mikeunna.
Geus PASTI Duryodhana hayang PERANG. Geus Pasti moal nurut papatah sasaha
oge. Lamun Perang kajadian, ti ayeuna kudu mupuk heula nu bakal nulung; nya
tangtuna ge BALAD ti INTERNAL Astina sorangan, bakal nguntungkeun pisan.
NYa Politik nu bakal dicepeng ku Pandawa Lima nya eta NGEYEL heula.

Mun di na Basa Populerna mah mencari OPINI PUBLIK heula supaya mihak ka
Pandawa. Tah mun OPINI Publik geus kacepeng, tangtu perang leuwih lancar keur
kameunangan Pandawa. Da ari togmol dipaksa mah, pimanaeun bisa, kapan
Drona hiji oge mo aya nu bisa nandingan !? Komo atuh ditambah Bhisma, Karna jrrd.

Tah eta kitu pamadegan jeung pamikiran Pandawa Lima harita; ieu nu bakal dicepeng
di na gempungan nu bakal dibuka enjing; minangka na mah sidang Perang. Nu bakal
di sumpingan ku : 1. Nu kagungan Bumi - nyaeta Wiratha  2. Raja Pancala Drupada
3. Pangeran Lesanpura WrisniWira atawa Satyaki  4. Raja Mandura Baladewa/Balram
5. Raja Dwaraka Krishna 6. Shikandin. 7. Kekaya sste nu bakal ngadu renyomkeun
soal Indraprasta. Sakaligus Pandawa Lima hoyong terang kumaha eta para sobat
teh ngadukungna ka Pandawa ?

Hanca

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar