Kamis, 19 Agustus 2010

[kisunda] Gatotkacha ka-7

 

Barang tilu jagoan dongkap ka tempat nu dituduhkeun, katingalan bala Kurawa
Astina nuju diborogodan ku Balatentara Yaksa; aya oge nu tos tariwas.
Katingal para Yaksa garesit garagah pisan; lantaran perangna peuting;
enggalna bae; ieu nu tiluan teh maju tarung sareng para genderewo; katingal
boh Arjuna boh Bima kadesek ku pasukan Genderewo; tapi ari Gatotkacha
mah saluncat luncatna estu mantep sareng tangginas pisa; atuh sakedap oge
para genderewo nu ngepung tos pating gulimpang ngajarungkel ku panggitik
BimaPutra.

Raja Yaksa nya eta Citrasena kacida kagetna ningal pasukanana, diamuk ku
Gatotkacha. Enggal wae luncat teras nyorowok:"Eh mandeg, mandeg!
Arandika teh saha jeung nu ti mana, naha jol2 nyerang ka pasukan Kaula?"

"Heemmm, Bima ngagerem. "Weeeeh Yaksa sampaeyan geus wani2 ngaganggu
manusa; moal diantep ku kami Bratasena !"
"eeeeeh   werrrrrrrr................... Bratasena ? Ti mana anjeun ?"

"Hemmmm, Kaula Pandawa; ieu adi Kami Arjuna; jeung itu anak kami, si Gatot."

"Haaaaah.............   Pandawa ?! Lain Pandawa teh geus dicilakakeun ku Kurawa
nu jahat ? Naha ayeuna bet rek nulungan !?"

"ETa mah urusan Kaula; leuwih hade sampeyan siap2 ngalawan serangan
Kaula tiluan !"

"Weeeeeh     weher weher.......   wah teu beres lamun kitu mah.........   Kula teh
rek hayang bebela ka Pandawa; tapi lain nganuhunkeun malah ngarogahala ka
Kula jeung balad2 Kaula !? SWabab kula nyaho, yen Pandawa teu salah !"

"Weeeeeh.............   tong loba catur; sok we Kami elehkeun ku sampeyan,
urusan tangtuna beres."

Wah kieu we atuh..............  Kaula embung nempo pasukan Kaula loba nu binasa;
sok ayeuna salah sahiji ti sampeyan urang diadu jeung Kaula; mun Kaula meunang
sampeuyan kudu masrahkeun kuma karep Kaula. Sabalikna mun Kula eleh, pek
kumaha arandika we."

Gatotkacha cedok nyembah ka ingkang Rama:"Duuuh Rama; pasihan widi , Putra
nu maju ka na ieu gelut ngalawan Citrasena."

"Heueuh jung! Tapi awas mun keok maneh kudu disiksa Gatot !"
"Sandika Rama . Paman Arjuna Putra nyuhunkeun Jiad Paman."

"Enya jung Gatotkacha, andong pangesto ti Kaula."

Bingah manah Gatot Kacha, majeng kapayun bade tarung sareng Citrasena.

"Hahahaha, andika masih ngora keneh; tapi elmu andika teu eleh ku Bima lan
Arjuna. Hahahaha, tangtu Kaula bakal meunang layan nu alus pisan. Hahahaha
geus lila Kaula teu manggih lawan nu satanding, sok ketrukeun elmu andika !"

Enggalna bae ieu Gatotkacha tos ngalawanan tarung sareng Raja Yaksa Citrasena;
duna nunjukeun kagesitanana; tapi beuki lami Gatotkacha beuki gagah; ari Citrasena
malah kacirina kagagahanana makin turun; atuh beletak2 aya sababraha kali
Citrasena katonjokan ku Gatotkacha; untung phisik Citrasena kuat pisan, jadi
masih terus ngalawan malah aya oge hiji dua tonjokanana asup ka Gatotkacha,
tapi teu karasa teusing, malah mah jadi beuki tambah rosa pangamukna
Gatotkacha.

Ku sabab diadu mempo mah ngarasa taak; Citrasena ganti cara; manehna
nekad rek ngarontok Gatotkacha...............   tapi Buk! jelebot! blug!
Hiji sepakan ti Gatotkacha ditambah ku tonjokan, mani mantep pisan si raja yaksa
Knock Down, bari rada humarurung kuniang hudang.

Ngandika Gatotkacha:"Eh andika, tadi hayang ngajakan gulat ? Sok moal burung
dilayanan bisi andika panasaran."

Akhirna ieu dua lawan teh saling dengkek saling piting'; tapi saperti tadi deui,
Citrasena katingal asor; sababraha kali dibanding; nu akhirna dipiting mani teu
walakaya; akhirna ampun2an.

HANCA

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar