Selasa, 03 Agustus 2010

Samemeh Bharata Yudha ka-7

 

Raja Angga Karna ngadegkeun hiji sanggar pamujaan, kanggo
muja muji Bhatara Surya. Saminggu sakali anjeunna ngalakukeun
upacara, nyalira we teu aya nu maturan. Teras sasasih sakali nu
langkung istimewa sasajenna atawa upacarana. Teras upami bade
angkat perang, anjeunna muja muji heula kang Hyang Surya, sering
pisan anjeunna nampi Bhatara Surya nu muncul di na sela2 mega,
utamina upami bade Perang, Dewa Surya nembongan, teras masihan
Jiad Pangestu. Teras we upami Perang Karna kenging teras. Teu
acan pernah eleh atanapi asor' pas di Wirata, anjeunna hilap lantaran
gurung gusuh kaburu ku napsu yen pasti bakal meunang perang di
Wirata lantaran Kicaka tos maot. Teu nyangka sarambut oge yen bakal
pendak sareng Arjuna!? Karna mani hajelu pisan, nganaha naha, naha
teu ka sanggar pamujaan waktos harita ?

Tah dina waktu harita, Astina rek siap2 Perang nalukkeun Pandawa,
Karna ngayakeun deui upacara puja puji ka Dewa Surya, bari sareng
nyuhunkeun tawakup lantaran tos hilap ngayakeun upacara waktos
perang ka Wirata.

Tos aya tilu kalina Dewa Surya nembongan ka Karna teh, atuh Karna
beuki soson2 muja muji Dewa Surya. Dewa Surya oge tos masihan
warta, tilu sasih nu kalangkung, yen nyatana Karna teh Putra Surya !
Karna kalintang bingahna, oh lamun kitu Kula teh lain jalma sambarangan,
Aing teh turunan Dewa; wah pastina ge atuh mo aya nu bisi ngelehkeun aing? Kitu mamanahan Karna. Nu mawi Krna mah teger pisan ngalawan
ka sing saha wae oge.

Tah 3 minggu nu kalangkung Karna naroskeun ibuna; saha cenah nu ngalahirkeun Kaula ? Dewa Surya nembongan bari imut nu nyaah pisan,
tangtu sakeudeung deui oge, hidep bakal apal. Karna kalintang bingah
na ku margi sakedap deui anjeunna bakal uninga ka ibu nu ngakandungna.
Leuh tada teuing aing bagjana, boga indung widadari; da dina manah
Karna Dewa Surya tangtosna ge nikahna ka Widadari. Emh aing teh anak
Dewa Agung jeung anak widadari. Hehehehe moal kuat siah Arjuna, rek
ngalawan ka aing. Tambih nguntup ayeuna mah Karna ka Atrjuna teh.
Lantaran ngaraos anjeunna mah istimewa pisan.

Di na minggu2 samemeh Perang Bharata Yudha, Karna teh sateuacan
mangkat ka Astina, sowan, anjeunna unggal diten muja muji heula ka
Dewa Surya; bari neneda nyuhunkeun jiad pangetuna.
Tapi aneh tos sababaraha kali disambat, Dewa Surya teu nembongan
wae. Anjeunna sanget nya bingung; akhirna dina dinten ka tilu ngalakukeun
upacara nu istimewa, supados Ramana nya eta Dewa Surya kersa
ngajanggelek deui. Akhirna mah Bhatara Surya nembongan deui.

"Eh Karna, anak ama, aya naon mani eundeur patempatan ama digedoran ? Naha aya nu penting ?"

Karna bingah amarwata suta bingahna kagiri giri; enggal nyembah teras
nyarios :"Rama Pukulun Bhatara Surya. Putra teh pinuh ku citangis
lantaran hayang males budi ka Duryodhana. Lantaran Putra seueur pisan
hutang budi, ka manehna."

"Seug, dikabulkeun pisan !" Saur Bhatara Surya bari teu weleh imut.

"Eu....euh, janten Pandawa bakal eleh Rama Pukulun ?" Karna naros
mani daria.

Dewa Surya teu ngawaleran, mung imut we nu aya. Karna rada bingung
teras naros deui:"Ama mun Kula bisa males budi ka Duryodhana,
kapan hartosna Kurawa Jaya, sareng Pandawa Cilaka ?"

Dewa Surya mung imut we bari neuteup Karna, kawas nu deudeuh pisan.

Hal ieu ngabingungkeun pisan enggal wae Karna malikan deui nyarios:"Rama Pukulun  cing atuh nu rada jelas kumaha ieu teh ?"

"Karna anak ama, dengekeun ku hidep, ari ngaranna males budi, teu salilana kudu meunang wae................."

Leng leg ramyaning kang sasangka.....................
Karna jadi tambih bingung ku ieu kecap2 Bhatara Surya, enggalna
ngandika deui:" Piraku eleh bisa males budi ka Kurawa?"

Dewa Surya les wae teu katingal deui. Karna kacida baluwengna, aneh
naon sababna eta Rama Pukulun lain ngajelaskeun ka aing, malah mere
Teka Teki nu matak teu kaharti? Naon nya maksud Rama Pukulun ?
Jeung iraha atauh aing bakal panggih jeung Kangjeng ibu teh ?"

Barang nuju imbal wacana di na manahna, ujug2 jol wae aya istri tos
rada sepuh nyaketan ka sanggar pamujaan; saparantos caket, Karna
kaget pisan , ku margi nu sumping teh nyata Dewi Kunthi Nalibrata.

"E  eh, aya naon ieu Ibu Karajaan ngadeukeutan kadieu ?Tara2 ti sasari ?"
Kitu manah Karna nyarios; tapi enggalna wae Karna kaluar ti sanggar
pamujaan enggal n\nyembah ka Dewi Kunthi Nalibrata.

"Duh Ibu Dewi, aya naon Sang Dewi kersa rurumpaheun sumping ka ieu
sanggar kuring nu laip ? Kapan Sang Dewi mah Ibu Para Pangagung,
naha bet keresa rurumpaheun ka tempat singkur ieu ? Aya pikersaeun
naon Dewi, mangga nyarios"

Hanca

 

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 5

.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar