Senin, 16 Agustus 2010

[kisunda] Gatotkacha-4

 

Yudhistira sareng sadayana kataji pisan ku tata titi Gatot kacha; teras
Samyaji ngalahir :"Gatot kacha, anak Ua, Kaula kacida bungahna tos
pendak sareng diri hidep, ah sabenerna mah, sampeyan teh teu pantes
jadi BUTA; pantesna mah jadi MANUSA."

"Eladalah, leres pangandika sampeyan Kaula Kresna ngadukung (ngarojong)
pisan kana kasauran sampeyan. Hahahaha."

Duka pedah nu sasauran teh nu nuju sangsara, nya eta  Pandawa; atawa duka
pedah dikuatkeun ku "carios" hiji Dewa nu mangrupi jalma; tapi ngadak2
saharita sakedapan poek mongkleng buta rajin; saparantos netra deui;
katingal di payuneun Sang Yudhistira aya hiji Pamuda nu dedeg sampe;
kalintang gagahna; tapi nuju diuk tungkul amarikelu.

"E   eh, dimana Gatot kacha ?" Eta kasauran Yudhistira tumaros; teu ditujukeun
sacara khusus.

Eta pamuda gagah teh cong nyembah, bari tetep tungkul amarikelu:"Duuuh, Ramaua
Yudhisthira, ieu Putra Gatot kacha........nun inggih, aya pikersaeun naon?
Aya kapalay naon wae, pasti ku Putra ayeuna keneh bade dilaksanakeun."
Leres ge mani sopan pisan, tapi soanten Gatot Kacha kalintang agemna; lir
sora Maung anu nuju ngagerem, matak geueumeun nu nguping."

"Bagja kumayangan kasep, anak Ua Gatotkacha, rupa sampeyan geus robah
ayeuna mah; mangrupa manusia biasa ngan jangkung gede model Rama hidep;
Bhima."

"Hemmm, Rama Ua , Putra oge ngarasakeun asa aya nu ical ti diri Putra;
badan oge asa ngahampangan, duuuh ieu teh hiji hal anu ageung pisan kanggo
Putra. Duuuuh Dewaaaa, kula nganuhunkeun pisan."

"Hahahahaa, alus pisan paroman hidep teh Gatotkacha, yap hidep ku Ua dijiad."
Prabu Kresna sasauran.

"Duuuh Ua Bhatara Kresna, Kula datang sinembah ka sampeyan, Ua. Mugya
katampi. Nun."

"Katampa Gatotkacha, katampa." Lajeng wae embun2an Gatotkacha diusap sareng
ditiup ku Sri Bhatara Kresna, bari enggal sasauran:" Wargi2 sadayana, mangka
waspada, ieu tos tetekon ti Hyang Agung, yen si Jabang Tutuka jadi manusa nu
wajar; tapi mun manehna keur ambek; engke bakal robah wujud ngajungkiring
kawas buta deui pikagilaeun jeung pikasieuneun musuh. Ieu Gatotkacha bakal
jadi Pahlawan Agung nu dipihormat ku sasaha."

Barang nuju imbal wacana, kaselang ku kasumpingan ngadadak Putra Dewa Angin.
Sumpingna bari nuyun ingkang Rai, Arjuna. Atuh kalintang sadayana suka bungah
nampi kasumpingan ieu dua jalmi nu memang diantos antos siang wengi.
Saparantos silih rangkul; Bima ngareret ka Pamuda nu ti tatadi tumungkul
amarikelu di payuneun Yudhistira; enggal Bima nyaur:"Heh..........budak ngora!
saha andika? Jeung aya naon aya di dieu !"

"Duuuh Rama paduka; Bratasena Putra Gatotkacha ngahaturkeun sembah
Kaulanun................."

"Iiiiiiis...............  Bohong sampeyan !" teu tata pasini deui Gatotkacha digusur
kaluar ku Arya Sena; lajeng diangkat dijungjungjeun saterasna dibanting niban
lemah. Atuh Gatotkacha mani pepelengkingan nahan nyeri; saterasna dirontok deui
Ku Bima; bari teu weleh nyeuseulan mani lak lak dasar:"Eh binatang! geus bosen
hirup nya andika? Wani2 ngabohong ngaku2 anak Kaula Gatot Kacha! Kula moal
bisa dibobodo ditipu ku andika! Yeuh rasakeun !"
Bari jekok2 bae Gatotkacha diteunggeulan ditajongan sareng dibuntang banting
ku Arya Sena; sama sakali Gatotkacha teu aya kasempetan kanggo ngajelaskeun
hal ieu; sareng deui Gatotkacha tos pasrah ihlas; sanajan dugi ka mati Gatotkacha
ihlas pisan; teu aya sakecap ge kaluar; teu ngajerit jerit acan; estuning enyaan
ihlasna teh.

Ti tatatadi para saderek Pandawa lan Kresna Baladewa enggal kalaluar bade
nyapih sareng nentremkeun Bima nu nuju nyiksa; tapi ku margi gerakan Bima teh
ngan sakilat sakilat; jadi teu sempet oge ieu marisah. Pang payunna nu nyaketan
ka Bima ; nya eta Satyaki; tapi barang caket, barang anjeunna oge ti banting
keuna amuk Arya Sena. Enggal Arjuna nyobian newak panangan Bima; tapi ieu
oge kalah tigugulitik kasapu ku Amukan Bima.
Nu katilu pangcaketna; nyata Prabu Baladewa; nu kasohor Jago Gulat sa Mandura;
atuh barang Gabrug duanana papuket ; diteraskeun silih piting. Nyata duanana
rosa kagagahanana; mung bae lami2 Baladewa kalah rosa kageser rada mundur.
Mung bae Bima jadi liren ngamukna, teras nyarios bari masih keneh napsu:"Yooooy
aya naon sampeyan Balarama , Arjuna , Satyaki, lain ngaringkus ieu si duratmaka,
malah ngahalangan Kaula, aya naon ieu !?"

"Eladalah..............ieu mah dulur Kula hiji, mun teu ribut heula sigana moal rame;
hehehehe; yayi Bima; eta Gatotkacha teh nyata Putra sampeyan, naha sampeyan
kasamaran rayi !?"

"Yoooooy.............   sampeyan can nyaho saha Gatot kacha sabenerna ? Naha
sampeyan jlamprong gampang percaya ka jelema nu ngaku2 Gatotkacha, anak
Kaula ?!"
"Tanpa bukti, tanpa saksi ! Ari Kaula mah geus apal ka Gatot Kacha."

"Duuuh Rama Bima, ieu Kaula Gatotkacha................"
Teu acan ge Gatotkacha tamat nya mihatur; enggal ditajong deui rarayna ku Bima;
bari teras rambutna dipuntir diunyeng unyeng; enggalna Yudhistira nyaketan Bima
teras sasauran:"Eh yayi Bima; ieu teh leres Gatotkacha................"

"Heeeemm...........  keun we katipu ku Sakuni mah jamak; ieu cing atuh ari ku
pamuda kampung kieu mah, urang teh ulah katipu. Jeung naon buktina ieu teh anak
Kaula? Cing sok ngomong ka diri Kula ?"

"Yayi, tah ieu sapasang susumping kapan nu sampeyan; tah eta susumping teh
dibawa ku eta pamuda !"

Jaya bang winga winga..............   Langkung amarah deui Arya Bimasena; enggal
nyentak bari ngajejekan Gatotkacha:"Kurrang aja andika! Pasti sampeyan geus
nyilakakeun anak Kaula Gatotkacha; terus kadieu akon2 jadi anak Kaula. Nyata
sampeyan kuat pisan; sakitu disiksa ku Kaula sampeyan teu modar2; ngan aneh,
naon sababna sampeyan teu ngalawan sama sakali !?"

"Duuuh Rama Bimasena; kaula ihlas rela; cek paripaosna dipenta nyawana oge,
tinangtu Putra, Gatotkacha bakal masrahkeun, kalayan teu aya gantar kakaitanana."
Mangga Kaula Gatotkacha, Putra sampeyan masrahkeun badan sakujur."

Rada liren nyiksana Bimasena, margi ti na cariosan ieu pamuda; seueur pisan
kecap2 nu sami sareng Putrana Gatotkacha; enggalna ngandika gerem gerem
kadya macan lapar:"Hemmmmm, pamuda nu wani ngaku Gatotkacha! Kaula
tetep teu yakin; yen andika Gatotkacha; lantaran Kaula apal Gatotkacha mah
BUTA ! Lain jelema kawas andika."

:Hehehehe.......... Bima ....Bima........' cing atuh sagala tindakan teh sing asak sasar
heula; ieu mah kabiasaan sampeyan; ribut heula kakara nanya; batur mah nanya
heula kakara ribut; ieu mah ribut heula kakara nanya! Tapi hehehehe, mun teu kitu
lain ge Bima." Kitu saur Kresna nyabarkeun Bima.

"Enya..........   tapi naha Kaula salah ? Da Kaula mah geus panggih jeung anak
Kaula Gatotkacha; lain kieu congorna tah si Gatot mah. Ngaranna ge Buta
ngajungkiring siga tangkal caringin. Kapan ieu mah manusa we biasa?"
Ari sampeyan pasti wae da can apal; asal aya nu nembongkeun susumping Kaula,
dianggap anak Kula; padahal ieu jelema teh pasti nu geus ngarampas susumping
nu dibawa ku Gatotkacha; terus aku2 angga kadieu; boa2 Gatotkacha geus
dicilakakeun tah ku mangkeluk ieu teh."

"Duuuh rama sesembaheun Putra............." Nembe ge sakitu enggal disentak ku
Arya Sena:"Tong pipilueun siah ! Hayang dijejek !?"

"Heh Bima ! sampeyan nyaho hiji, teu nyaho kadua!"Baladewa ayeuna mah ngiring
sasauran."Eta Gatotkavcha kacida anehna; tong boro sampeyan atuh; Kuala ge
ampir teu percaya ! Eta Buta Gatotkacha teh geus robah jadi manusa; ku kuat2na
sabda Yudhistira sareng Kresna."

HANCA

 

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar