Senin, 16 Agustus 2010

Gatotkacha-1

 

Sauuuur................sauuuur...............
Hayoh ibu.....teteh..............euceu........eneng     garugah...............

Tunda Perlampahan SAUR; urang kakocap di keuweung Pringgandani..........
Kalintang bingahna Gatotkacha sareng Hidimbi, margi parantos ditampi
ku Bhima; Bhima tea nolak ngaku Bapa mun anak hengker taya tanaga.
Hahahaha...............saenyana mah moal mungkin; da pangawak Butha
piraku hengker di banding manusa, Ngan wae Bhima mah beda ti manusa
Umum tea; Butha ge bisa dibuntang banting ku Bhima mah.

Saleresna tujuan utama, nu jadi implengan siang sareng wengi Hidimbi, nya
eta palay anjeunna sareng putrana diangken ku Pandawa sabage istri sareng
Putra; eta we ambisi ibu sareng anak di Pringgani teh.

Unggal poe menekung muja semedi neneda dikabulkeun ku Bhatari Durga.
Dugi ka dibelaan masihan korban nyawa manusia sataun sakali. Unggal poe
Gatotkacha dididik soal2 handap asor sareng etika, kumaha ngadep ka sepuh2
utamina menak2 Pandawa di Karaton. Unggal wengi diturunkeun Elmu
kanuragan boh ku Anjeunna boh ku paman2na, utamina Brajamusti,Brajadenta.
Sareng Gatotkacha enggal pisan , dina nampi sagala rupi elmu teh; estu
calakan pisan. Ku margi kitu, kasaktian Gatotkacha bakal nambihan 10X lipet
upami tos wengi.

Unggal dinten di na tiap kasempetan, ngadongeng masalah Pandawa; yen Ramana
Bhimasena , Satriya panggagahna ( sadunya keur Hidimbi mah ); moal aya nu
ngelehkeun Bhimasena; saha wae nu wani ka Bhimasena, tangtu binasana.
Terus ngadongeng yen Arjuna, Paman Gatotkacha pangjagona manh. Moal aya
nu yasa nendengan kadigjayaan Paman Arjuna soal manh mah. Atuh ua Yudisthira,
cenah pang wijaksanana manusa. Nakula Sadewa nu jago maen pedang,
Gatotkacha ngaraos sono pisan palay ditepangkeun sareng kulawarga Pandawa;
utamina palay diajar Panah ka ingkang Paman, Arjuna.

Dicarioskeun oge yen Pandawa nuju diperdaya ku Kurawa; paman2 Gatotkacha
keneh, Gatotkacha palay ngamuk ngajorag ka Astina; keun cenah Ua Suyudhana
bade digusur menta ampun. Tapi diwagel pisan ku Ibuna, margi Pandawa satuju,
ka na ieu hukuman. Lamun Gatotkacha pipilueun, salah2 malah Gatot Kacha nu
ditelasan ku Pandawa. Jadi malah perang sareng Rama ku anjeun; lantaran
Pandawa mah tuhu ka na aturan, tetekon satriya.
Gatotkacha oge apal ka Krishna, Balarama(Baladewa); kitu deui ka Drona, Bhisma,
katut Karna, Satyaki. Memang calakan pisan, Gatotkacha mah. Beda ti Butha
sejenna. ( meureun ku sabab Butha turunan manusa tea ).
Mun di Sunda mah meureunan turunan Genderuwo tea Gatotkacha teh.

Drona, dina Pawayangan kacida sieuneunana ka si Aca teh ( maksud Gatotkacha);
eta kasieunan ieu sanes sambarangan; lantaran waktos Perang Bharata Yudha,
Bhisma ngawanti wanti, perang ulah liwat ti sareupna panonpoe, lantaran .............
tuh tingali cenah Resi Drona, ketakna anak Bhima si Gatotkacha; perangna sakitu
hebatna; eta ti beurang; lamun seug mungguh ti peuting, kakuatan Gatotkacha
bakal ningkat puluhan kali.hamo aya kakuatan manus nu bisa ngalawanna.

Tah waktuna Jayadratha ditelasan ku Arjuna; Suyudhana amarah pisan lajeng
marentah:"Perang ayeuna mah ulah dieureunan, tuh si Arjuna geus ngabinasa
Jayadrtha di na waktu sareupna, sok teruskeun kapalang, nepi ka peuting. Der we
perang. Nyata pisan unggal poe rebuan prajurit sareng Pahlawan Kurawa binasa
ku Gatot Kacha. Barang Suyudhana marentah senapatinya nyeta Resi Drona
kanggo ngalawan ka Drona; Drona nolak, cenah iraha wae oge Kaula moal sieun,
ngalawan Gatot kacha, tapi ari peuting mah lain bantrak2keun, tah ngan ukur hiji
nu bisa ngelehkeun Gatot kacha mah, nya eta Karna ! Ku naon Karna ?
Lantaran cenah Karna mah boga senjata pamungkas nu Dewa pun moal kuat nahan;
nya eta senjata Konta. Tah kitu sieuneunana Drona ku Gatotkacha teh.

Dina waktos tepang sareng Raman Bhima Gatot kacha saduk2 nyuhunkeun:"
Duuuh Rama Bhima, sembaheun Putra

Wah kaburu SUNAT SAUR..............Hanca we heula ah.............
bari loba nu salah ketik, hehehe


__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar