Kamis, 05 Agustus 2010

Samemeh Bharatayudha 11

 

Sang Basukarna tos lega mamanahan, enggalna anjeunna bade lugay ti na
sanggar pamujaan; barang bade ngalengkah; kabujeng ngajanggelek deui
Ingkang Rama Bhatara Surya. Enggal Basukarna ngahaturkeun sembah:"
Duuuh Rama Pukulun, pasti aya hal penting nu mawi ayeuna lungsur deui,
aya naon Rama Dewa Gung ?"

Bhatara Surya ngandika:"Karna, hidep mangka waspada sakedap deui Bhatara
Indra bakal sumping ka ieu sanggar rek nemonan sampeyan."

Bingah amarwata suta, risang Karna bingahna kagiri giri:"Rama Pukulun, duuuh
aya ku bagja temenan Putra didongkapan ku Dewa Indra; padahal mun
menekung tea mah, can tangtos Batara Indra kersa sumping ka Putra."

"Hehehehe, Karna , mangka waspada eta Dewa Indra datangna ka hidep teh,
rek nipu ka hidep, manehanana sieuneun Putrana kalah ku sampeyan."

"Saha kitu Rama Pukulun, Putra Dewa Indra teh ?"

"Arjuna !"

Leng leng, ramyaning kang sasangka..............kaget manahna Karna Raja Angga,
ku teu sangka yen Arjuna teh Putrana Bhatara Indra. Lain aing wungkul geuning
anak Dewa teh, ana kitu mah can puguh aing meunang lawan si Arjuna? Kitu
manahna Sang Basukarna.

"Karna, eta Dewa Indra bakal datang mangrupa Brahmana, engke bakal mundut
OTO sareng anting2 sampeyan nu dibawa waktu sampeyan gubrag ka dunya.
Hidep kapan sok jangji naon wae lamun nu menta Brahmana, bakal dibikeun,
lantaran sampeyan rumasa salah ka Parasurama. Tah Nya Dewa Indra bakal
sumping kadieu ngarupakeun Brahmana."

"Duuuh Rama Pukulun, bagja temenan Rama tos ngawartosan ka Putra; tapi upami
leres anjeunna mangrupa Brahmana, nyuhunkeun Oto sareng Anting2 kapaksa
bakal dipasrahkeun, lantaran eta jangji Kaula."

"Emh tuhu pisan sampeyan ka na Jangji, Karna. Atuh kieu bae; menta tukeuranana
ku senjata nu Istimewa; lantaran Dewa Indra mah loba senjatana nu maratih."

"Nuhun Rama Pukulun."

Saparantos ngawejang Putrana, enggal bae Bhatara Surya ngiles deui.

Teu kantos lama, ti katebihan katingal aya Brahmana nu rupina mah nyaketan bade
ka Sanggarna Raja Angga. Enggal bae Karna ngamanggakeun ka eta semah
Brahmana tea.

Saparantos silih masihan salam, eggal Karna nyarios:"Oh Bapa Resi, nu ti mana
sampeyan ? Aya naon permaksudan Wiku ka ieu tempat ?"

"Oh Kaula maha, jauh ti dieu, Kaula ngahaja kadieu lantaran aya hawar2 warta,
cenah Karna mah mun dipentaan ku Brahmana, naon wae pasti dibikeunna; jadi
ayeuna Kaula kadieu teh rek ngabuktikeun eta "Gossip" atawa "kabar angin"
tea, naha bener atawa digegedekeun wae ?"

"Hehehehe, eladalah, Brahmana sampeyan rek menta naon ka Kaula !?"

"Basukarna, Raja Awangga, Kaula rek menta Oto jeung angting2 nu dipake
ku sampeyan, naha rek dibikeun ?"

"Duuuh Dewa, Kaula apal, yen sampeyan teh Bhatara Indra ti Kaindran, sampeyan
sumping ka ieu pertempatan bakal ngabantu, Putra sampeyan Arjuna sanes ?
Tong boro2 menta Oto, sanajan nyawa Kaula moal dikoretkeun."

Leng leng ramyaningkang sasangka.............kalintang isinna Bhtara Indra, ku
waleran Karna kitu, enggal basa basi ngupahan salira, ku nyarios:" Karna, bisi
sampeyan can apal, moal aya senjata nu bisa nembus kulit sampeyan, lantaran
sampeyan make Oto, ditambah anting2 eta. Jdi meureun perang antara Satriya
teh atuh moal saimbang lantaran sampeyan moal aya nu bisa ngelehkeun, ku
sabab kitu, Kaula menta ihlasna sampeyan; lantaran lamun smpeyan teu ihlas
eta OTO jeung anting2 moal bisa dirorod ku Kaula."

"Mangga teh teuing Pukulun Dewa Indra; Kaula pasrah; tapi Kaula hayang
panukeur ti sampeyan, hiji senjata nu bisa ngamusnahkeun musuh nu kumaha
bae oge."

"Nya teu naon2 Kaula bakal masihan senjata nu Sakti."

Enggalna wae Bhatara Indra tos ngarorod OTO sareng anting2 nu dianggo ku Karna;
atuh kalintang nyerina Karna, dugi ka sababaraha kali kapiuhan, lantaran OTO
sareng Anting2 tos awor ngahiji sareng Kulit Karna. Nyata Karna Satriya sajati,
masing leres sababaraha kali kapidara, tapi Karna teu aya sugan nyorowok nyeri
atawa gegerewekan. Estu Satriya Sajati, nu kalintang tabahna.

Saparantos beres, enggalna Dewa Indra masihan Senjata Sakti, mirupa tumbak,
nu tiasa lebet ka na jero pananngan Karna, dijampean tiasa kaluar kanggo
dilempagkeun, namina KONTA.

Masing nyeri oge, Karna bingah galih, lantaran tos pasti anjeunna bakal meunang
perang lawan Arjuna, ku nganggo eta senjata KONTA.

Enggalna Dewa Indra tos ngaleungit. Teras Dewa Surya ngajanggelek deui.
Teras ngajiad ka Karna, sadaya nyeri sirna sapada harita.

"Aduh enyaan Karna, hidep Satriya Utama, Kaula reueus ku diri sampeyan, Karna."

Karna kalintang bingahna, margi tos teu aya karaos nyeri deui, anjeunna PD pisan,
yen pasti bakal iasa nelasan Atrjuna.

NB. Kanggo Kang Gunawan Jusuf, tah carios Konta ti Bhatara Narada mah, FIKTIF,
atanapi VERSI JOYOBOYO/JOWO. Ari versi India mah nya ieu kasanggakeun diluhur.

HANCA

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar