Rabu, 25 Agustus 2010

[kisunda] Samemeh Bharata Yudha - 24

 

 

"Nun Inggih Ua Bhatara, Putra kedah kumaha di na peperangan ieu?"

:Inget kasep, moal aya nu kuat nadahan Konta; pasti binasana.
Sarerea paur nyanghareupan eta senjata KONTA; sabab moal aya nu mahi.
Sadaya pinasti ancur , keuna ku senjata Konta mah. Moal aya nu mangga
pulia.Masing sakumaha saktina ge. Tapi Karna teh geus sumpah bakal
nelasan Arjuna. Cohagna eta KONTA teh taya lian ngan kanggo nelasan
Arjuna wungkul, paman hidep. Da kapan kacida cuana eta Karna Raja
Angga ka Arjuna teh. Jadi Arjuna pasti binasana. Moal aya nu yasa nulungan....."

Tacan tamat Kresna sasauranna, tos dipotong ku Gatotkacha:"Nun Ua Bhatara, punten Putra motong.............  naha aya cara nu sakira ngahalang ka na binasana Rama Paman Arjuna? Putra bakal ngalakukeun naon wae kanggo kasalametan Rama Paman Arjuna, sakaligus Guru Putra. Mangga geura manahan nu langkung jero deui; Putra percanten, Ua Bhatara bakal tiasa mendakan jalan nu bakal nulungan Paman Arjuna cilaka."

Saur Kresna:"Hese jeung bangga kasep Gatotkacha. Mo aya nu iasa ngahalang halang karep Karna. Tong boro atuh make Konta; dalah teu make Konta oge, can puguh Paman Arjuna bisa meunang perangna. Lantaran Karna memang Sakti.
Hese ngalawanan Karna nu jago maen panah mah. Nepi ka ayeuna can aya musuh nu bisa ngelehkeun Karna. Ku sabab kitu sarerea pada bingung mikirkeun hal ieu."

Lami duanana paheneng heneng, teras Gatotkacha nyaur deui:"Putra yakin pisan, yen Paman Arjuna bakal tiasa nelasan Karna, najan sakumaha Saktina oge; Putra yakin pisan, di na sagala hal Paman Arjuna langkung unggul ti Karna, upami teu aya KONTA. Jadi ieu Konta nu kudu dipikiran kumaha carana teh."

Kresna:"Hehehehehe, enya calakan pisan anak ua...............sigana mah kitu, bener tah pipikiran teh..........Tapi Ua mah can yakin yen Paman Arjuna bisa ngelehkeun Karna masing teu nganggo Konta ge. Karna kacida saktina."

Gatotkacha:"Hemmmm.............  Ua Bhatara , ulah ngangkat teuing ka musuh, bari nganapikeun kakuatan urang, Putra tetep yakin, yen Paman Arjuna tiasa ngawonkeun Karna, asal ulah aya KONTA ! Tah nu ku Putra dipikiran kumaha carana ngahalang halang supaya Konta ulah ditujukeun ka Paman Arjuna."

Kresna:"Hahahaha, eladalah, Ua kayungyun ku calakanana ieu anak Ua teh.
Gatotkacha! Sigana mah kudu kitu, tapi keukeuh hese.Da moal asal wae Karna make eta Konta; lantaran ngan sakali pake tea."

Gatotkacha:"Duuuh Ua Bhatara, Putra sanggem merangan Karna; keun we manehna sina ngaluarkeun senjata Konta dipake ka Putra !"

Kresna:"Eladalah...........Gatotkacha...... Gatotkacha..............; memang teorina mah kitu.
Tapi can puguh Karna daekeun make eta Konta, ka nu salian ti ka Arjuna.
Jadi tetep we hese; sabab mun tea mah perang antara sampeyan ngalawan Karna; can puguh sampeyan bisa ngelehkeun Karna; sabab kasaktianana meh satanding jeung Paman sampeyan Arjuna. Tah Ua rek nanya kasaktian sampeyan dibanding Paman Arjuna kumaha ?"

Gatotkacha:"Nun inggih, Putra rumaos teu wantun."
Kresna:"Hehehehe, ieu mah lain masalah wantun teu wantun; kapan sampeyan geus naker tanaga jeung Rama sampean Bimasena; terus sampeyan geus diturunkeun Elmu ku Paman Arjuna; tah kumaha ngabandingkeunana ?"

"Duuuh Rama Ua; memang langka nu gagah rongkah, model Rama Bima; moal aya nu nandingan karongkahanana, kadigjayaan sareng kakuatanana."

Kresna:"Aya ! Nya eta hidep pisan, nu ngabandingan kakuatan sareng karongkahan Bimasena; tah kumaha ari Arjuna, paman hidep ?"

Gatotkacha:"Tah upami ningal jihad ieu, bawiraos Putra mah Paman Arjuna langkung Sakti ti batan Rama Bratasena; lantaran anjeunna ti katebihan tiasa ngawonkeun musuh. Jadi musuh moal tiasa nyaketan ka Paman Arjuna. Lantaran terus dipanahan.
Saleresna langkung sesah ngalawan Rama Paman Arjuna tibatan Rama Sena."

Kresna gumujeng:"Hahahahaha................. eladalah.............   enya calakan anak Ua teh. Eh Gatotkacha ! Tah kasaktian Karna teh kira2 sarua jeung Paman hidep, jadi kumaha atuh meranganana, lamun cara kitu !?"

Leng leng ramyaning kang sasangka........................

Saparantos ngahuleng lami, mindel. akhirna Gatotkacha sauran:"Hemmmm....Ua Bhatara, bawiraos Putra, teu aya deui carana mung kedah maksa si Karna
ngango eta senjata Konta, kumaha wae. putra estu ihlas balilahan korban jiwa raga kanggo Rama Paman Arjuna, Guru Putra."

Kresna nimbalan:"Hehehehe, gampang di na nyarita, tapi hese di na prakna. Kapan cek Ua oge, Karna Raja Awangga moal gana2 ngagunakeun Pusaka Konta, ari lain kadesek desek teuing mah. Jadi masing ku hidep dihina hina oge, can puguh manehna ngagunakeun Konta ka hidep."
"Jeungna deui, kapan can puguh hidep ge ngadesek Karna; kapan Karna sakitu saktina."

Enggalna wae Gatotkacha brek deku teras nyembah ka Kresna, bari nangis:
"Duuuh Ua Bhatara, Kaula Gatotkacha masrahkeun badan sakujur ka Ua Bhatara; mangga bade nyuhunkeun naon oge moal teu diturut ku Putra; asal Ua Bhatara kersa masihan bongbolongan ka Putra. Putra yakin yen kanggo Ua Bhatara teu aya jalan nu buntu. Jadi sok atuh Ua Bhatara pasihan bongbolongan."
Soanten Gatotkacha kacida ngalengisna ku palay2na belapati ka sadaya Ramana nya eta Para Pandawa.

Enggalna bae Kresna sasauran , atra tapi lalaunan pisan, satengah ngaharewos:"
Hidep Gatotkacha, alus tah patekadan teh. Kieu we nya geura regepkeun ku hidep. Engke di na Perang Bharata Yudha, bakal aya "peperangan" nu beda ti poe2 sejenna. Naon cenah bedana ? Bedana ari sapopoe mah parang teh diwatesan ku reupna panonpoe; ari nu ieu mah; euweuh wates wangenna; peuting ge diteruskeun perang. Tah di dinya sampeyan kudu NGAMUK sing galak. Binasakeun  Pasukan Astina
dimana wae oge, ulah nyaahan dima waktu eta mah. Kudu toh2an ngancurkeun musuh. Tah mun kitu mah sigana mah, gede kamungkinan Karna ngagunakeun KONTA.tah di dinya sampean kudu tega kana pati."

"Adduuuuh, nuhun pisa Ua Bhatara..............  hal ieu bade diemutkeun pisan ku Gatotkacha. Gatotkacha kalintang bungangangna nguping hal ieu."

"Tapi Gatotkacha..................  kade sampeyan ulah poho kudu manasan Karna; can tangtu manehna daek merangan ka hidep. Manehna bakal toh tohan ngabinasa ka sampeyan, lamun hidep apal ka na mamarasna."

"Kumaha Ua Bhatara mamarasna teh ?"

"Hehehehe, carekanan we laklak dasar si anak Kusir Kareta kituh; nu milu julig ka Pandawa ngabantuan LICIK  Sakuni Suyudhana ! Tah mun eta pasti Karna bakal enyaan hayang ngabinasa pisan ka hidep."

"sumuh.........sumuh..............  bakal diestokeun pisan ku Putra."

Hanca

 

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar