Minggu, 08 Agustus 2010

Samemeh Bharata Yudha Ka-15

 

Naon sabab musababna, Satyaki mani giak pisan ka na Perang Bharata Yudha?
Eta aya riwayatna. Raja Satyajit, Ramana Satyaki, waktos anomna nyandak
kabur bebenena, nu bade didahupkeun ka Ramana Burisrawa. Tah ti harita Ramana
Burisrawa kalintang keuheuleunana ka kulawarga Satiayit, ti harita sering dua
bangsa ieu ngayakeun peperangan. Ari Satyajit teh lebet kana Bangsa Wrisni,
anu mangrupa cabang Bangsa Yadawa. Ari Bangsa Yadawa , nya kalebet
Balarama, sareng Krishna.

Raja Satyajit kagungan Putra dua; nu cikal Dewi Satyaboma, ditikah janten
Pramesuri ka3 Raja Dwaraka, nya eta Krishna. Ari Putra nu kadua nya Satyaki tea.
Sering pisan ieu Satyaki mingpin peperangan ngalawan Burisrawa, nu tos janten
musuh bubuyutanana.

Di na hiji mangsa Burisrawa sosobatan sareng Suyudhana; atuh asa aya balad;
ti harita Lesanpura nagari Satyaki sering pisan diserang ku Burisrawa; ampir2an;
ngan untung Burisrawa masih keneh emut yen aya Krishna sareng Balarama, jadi
teu ngadesek2 teuing. Tapi hal ieu ngajadikeun rasa mumusuhan jadi nambihan.
Satyaki palay pisan males kanyeri ka Kurawa, mung teu aya kakiatan. Tah cenah,
mun aya Bharata Yudha antara Pandawa jeung Astina, Satyaki bakal nyokong
Pandawa, di dinya Satyaki bakal males pati ka Burisrawa sareng Kurawa.

Eta margina, Satyaki mah keuheuleun pisan, nguping anu nyarios DAME teh; da
ari kapalayna mah hayu Astina urang tangtang perang; teras urang rurug sakalian.

Hanca

.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar