Selasa, 31 Agustus 2010

Burisrawa kaedanan - 6

Ti bah AA

 

 

Teu sabaraha lami ti harita 3 amban lalebet ka Taman Sari; margi Sang Sudewi
teu aya soantenna sama sakali; padahal upami nuju nyalira kitu Sumbadra teh
sok hahariringan; ari ieu simpe pisan; terus eta tilu emban teh pairing iring,
lebet ka Taman Sari' barang jol kaget eta para embang ningal Sumbadra tos
ngagoler di na jujukutan, bari katingal boloboran getih. Emaban nu panghereupna
ngajerit terus kapaehan; ari nu kadua mah terus jejeritan; nu pangtukangna
berebet ka luar ka Pos jaga, hariweusweus aya kacilakaan. Atuh si Kapala Jaga
teu antaparah deui nakolan kohkol mani rame; kadenge ti luar ku saregu pasukan
patroli atuh ger deui pada nakolan sakohkolna sakohkolna.

Atuh ngan sakilat mani pinuh Kaputren ku Para Prajurit; sababaraha pajurit enggal
naraek kuda; aya nu ka Amarta; ka sawojajar, ka Jodipati, kitu deui ka Meralaya.

Nu nuju ka Meralaya, ditengah jalan dipegat ku jalama gagah, jangkung badag,
sembada ngandung komara, Atuh si prajurit enggal eureun heula terus nyembah
"Duh, ieu abdi nyanggakeun sinembah mugia katampi; duh abdi bungah pisan,
wireh tiasa ditepangkeun sareng Raden."

"Hemmmm.............   katampa ku Kaula, ieu aya naon siga rurusuhan kitu? Cik
Kula bere warta?"

"Duh Raden, Raden Gatotkacha; ayeuna Madukara nuju aya dina duka; Sang
Sudewi cilaka; aya nu ngarogahala!"

"Naon !???............. Gatotkacha ngabentak, ku kacida kaget sareng cangcayana,
ka na eta warta. Si prajurit ampir wae tiguling ti na kudana ku reuwas2na.

"Duuuh........... eu eu  eu...........  mugia Raden nyariosna rada kendor raden.......
hu  hu  hu   ." Si Prajurit nirisan; soak ku soanten Gatotkacha nu sakitu
handaruanana.

"Sing bener anjeun ngomong, prajurit ! lamun masih hayang keneh panjang umur."

"Aduh...........  naon nu ku kuring disebatkeun eta leres pisan Raden, mangga we
tingali Ka Madukara; sareng sim kuring punten ayeuna rek ka Meralaya masihan
warta.

"Jung atuh ! sing gura giru !"
Ti dinya Gatotkaca lumpat mani ngan sakilat tos dugi ka Madukara; barang dugi
ti katebihan katingal jalmi2 siga nu saribuk pisan. Gatotkacha bingung oge, mun
bibi aya nu ngarogahala di Tamansari pisan; aduh kuma asupna ? Kapan loba
jelema; loba emban; loba prajurit nu jaga !? Piraku tolowedor mah!? Teras wae
Gatot kacha lebet ka Karaton, teu aya nu nyegat, da memang Gatotkacha tos
biasa lar bus di Madukara; lantaran anjeunna ditugaskeun jadi Panglima Mandala
pikeun pager Indraprasta; nu matak Gatotkacha kacida reuwasna, naha aya
bapa maling nu nyilwuri; teu kanyahoan ku anjeunna ! reuwas, isin, sareng sedih.

Barang lebt ka Aula Karaton, paranti aya sidang katingal di tengah layon Dewi
Sumbadra di na katil. di payuneunnana ngadeg bari lesu sareng sedih Arjuna;
nu teras dihibur ku Dewi Drupadi sareng ingkang Raka Yudhistira. Bima
dipengkereun Arjuna ngagerem kadya macan lapar; tetela amarah kapengkek,
napsu kapegung tea. Tapi barang ningali Gatotkacha lebet; eta Bima ngan
sakilat ngojengkang teras wae Gatotkacha dicerek bari sasauran heuras :"Eh
Gatotkacha ! Naon gawe maneh hah !?"
Teu acan ge Gatotkacha ngawaleran, geus jekok2 wae Gatotkacha ditampilingan
ku Bimasena, bari lak lak dasar; pajarkeun Gatotkacha ngajagana sambewara,
padahal geus dipercaya jadi Kapala atawa panglima Kaamanan sakuliah
Indraprasta? Naha bisa kacolongan ?! Hartina kapan teu ngalaksanakeun tugas
kalawan bener !?

Nyata Gatotkacha urat kawat, balung besi teh lain bobohongan...............


HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar