Senin, 30 Agustus 2010

[kisunda] Burisrawa kaedanan - 4

 

Enggalna wae Burisrawa tos lebet ka Kaputren ; mani jigrah pisan,
lantaran yakin ayeuna mah, nu sejen teu aya nu apaleun ka dirina
yen aya di madukara; teras anjeunna ngahaja ngagoler sareng
gugulingan di Tamansari; teu aya nu ribut.

Akhirna Burisrawa ningali Sumbadra nuju metik kembang di taman
Sari; bari diiring ku para emban.
Harita Sumbadra nu ju metik kembang Ros, bari kawih; soantenna
halimpu matak dedengeeun :

sagagang kembang Ros; tawis pangbakti ka diri,
sulur waleh ti jungjunan, ieung asih nu wening........
Runtuyan harewos, jangji pasini katampi,
moal weleh mikaheman, ieung asih nu wening
sarining kembang, jatinimg asih, jadi angkeuhan,
duh urang duaan
maca pangharepan, panteng kayakinan,
na dasaring ati, urang duaan

Burisrawa raraosanana tos ngalayang ka awang2; lantaran ku
mani asa dipepende ku soanten halimpu sumbadra, Enggal wae
Burisrawa nyaketan langkung caket deui ka Dewi Sumbadra; ka
angseu seungit kalura tina ragana Sumbadra. Addduuuuh biung;
aing teu bisa nahan; enyaan aing kagegeringan ku sumbadra.
Enya ge ayeuna geus hareupeun aing; tapi da lain nu uing.
Ah naha kudu nekad wae kituh ? Dipaksa pirusa we kituh ? Asana
paeh ge teu panasaran; mun geus ngajaran asare bareng mah? Kitu
mu aya di na pikiran Burisrawa waktu harita.

Keun we cenag ah rek ditoel we. Tapi barang ditoel badan Sumbadra
tembus. Nyata Burisrawa ngan ukur tiasa ngaleungit tapi teu tiasa
ngagadabah naon2 ! Jadi mun paribasa Indonesia mah : Dipandang
boleh; dipegang jangan.

Wah keun we siah rek ngintip Sumbadra mandi..................
Pikiran kotor Burisrawa terus naek jeung ngalegaan..............
Hahahahaha, ah mun teu tahan mah, aing rek nekad ngagadabah
kahormatan Sumbadra; risikona mah kuma engke we lah.

HANCA

 

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar