Kamis, 12 Agustus 2010

Samemeh Bharata Yudha Ka-17

 

Enggalna bae Pasukan Mandaraka dipimpin ku Salya nyalira, tos nuju ka
Wiratha ; bade ngabantuan Yudhistira, teu rundag randeg; angkatna teras
wae teu liren2; tapi saparatos aya kana 5 poena eta perjalanan; Prabu Salya
ngarandeg heula, ngalirenkeun heula pasukan, ku margi di payuneunana,
seueur wangunan2 anu dihaja siga megat anjeunna; eta wangunan teh kacida
endahna, masing katigal darurat oge; katingal nu ngadamelna aya jiwa senina
nu luhur.

Saparantos ngadegkeun tenda2 lajeng Prabu Salya ngempelkeun para pangagung
Mandaraka; anjeunna nyarios kieu :"Ah enyaan anak2 Kula teh ngahargaan pisan
Ka Kaula; nyaho pisan ka etika, tata susila. Tah ayeuna hayu urang datangan,
cing urang hayang nyaho, kumaha deui engke sambutanana eta Para Pandawa ?"

Enggalna Prabu Salya diiringkeun ku pangagung Mandaraka, nyaketan ka wangunan
tea; ari pek teh mani kalaluar nu nyambut ka Raja Salya; bari mani someah pisan;
teras nyayagikeun katuangan anu katingal bakal pinikmateun pisan; pon kitu deui
leueuteunanana; teu seueur saur enggal wae Salya calik na kursi nu tos disayagikeun;
teras tuang leueut mani nikmat pisan. Emh; enyaan ieu para Pandawa teh
ngahargaanana ka aing, emh nikmat pisan ieu kadaharan teh ? Kitu galihna Pr. Salya.

Saparantos Prabu Salya tuang leueut kitu, jol aya nu nyaketan, minangka kokolot
di dinya:"Kumaha Gusti Salya ?"
"Hahahahaha, Kaula puas pisan. Saenyana teu kudu Yudhistira nyambut Kaula
nepi ka cara kieu !?"

"Eta teh panghormatan nu luhur pisan ka Sang Prabu; naha katampi eta sadaya
panghormat teh ?"

"Hahahaaha, atuh tangtu wae ! Heung yeuh sebutkeun; teu kudu kikieuan;
da pasti Kaula bakal ngabantu dunungan sampeyan !"

"Naha leres Guti Salya bade ngadukung dunungan abdi ? Moal hanjakal engkena ?"

Rada heran oge Salya nguping eta patarosan; ah meureun Yudhistira palay
ngayakinkeun anjeunna, teras wae Salya ngandika :" Kaula sumpah ka Dewata
yen ti semet ieu Kaula bakal ngabantu dunungan sampeyan."

Bagja kumayangan !..........................

Mani kaget Salya, lantaran ujug2 kaluar dua jalma nu muka panto bari langsung
nyarios kitu. Langkun kaget deui Salya, dugi ka reup geuneuk ray pias; ku margi
nu lebet teh sanes Yudhistira, tapi Duryodhana sareng Sakuni.
Nu teras nyarios ka Salya, bari mai mamandapan:"
Adu aduh, Raja Agung Salya ti Mandaraka; kalitang Kaula nganuhunkeunana,
yen sampeyan parantos tuang leueut naon nu disayagikeun ku Kaula; sareng
parantos nyebatkeun suka pisan ka na sadayana. Sinanreng deui tos ngucapkeun
yen sampeyan bakal biluk ka Kurawa; lantaran eta si kokolot teh ngadununganana
nya ka Duryodhna ieu.: Saur Sakuni bari nunjuk ka Duryodhana.

Sajongjongan mah Salya melengek we teu yasa sasauran. Teras anjeunna amarah;
enggal nyentak mani tarik:"Eh Sakuni ! Kurang ajar pisan sampeyan. Sampeyan
geus nyieun reka perdaya nu kacida lantipna ! Ngajebak Kaula. Ayeuna tong sambat
kaniaya Kaula bakal mateni sampeyan."

"Hehehehehe, naha sampeyan kecing Prabu Salya ? Naha smpeyan teu nenjo ?
Kapan mata sampeyan teh molotot awas ? Naha sampeyan tadi tunyu tanya
heula ? Saha atuh nu salah ? Bet ayeuna didieu rek ngalajur napsu ngumbar
amarah ? Naha sampeyan hayang kasurak ku jalma rea; yen sampean Raja nu lanca
linci luncat mulang !?"

Leng leng ramyaning kang..................

Prabu Salya kalintang bingungna; tapi kunmaha da tos kedal tiheula !
Yan anjeunna bakal ngabantu ka dunungan si kokolot; da sugan teh Yudhistira !
Tapi memang lepat anjeunna; nu garang gusuh teu taliti.

Enggalna wae Salya sasaurang:"Hade! Kaula bakal kapaksa gabantu Astina/Kurawa;
tapi ayeuna Kaula hayang nepungan heula Padawa !"

Oh mangga wae eta mah; bebas. Ngan upama perang tos der; sampeyan ulah hilap
kudu ngabantu Astina. Satyaki nutup cariosna bari sueri mani ngagakgak, matak
nambahan kakeuheul Prabu Salya.

Enggalna Salya tos ka Upawilya; teras sadu2 , tomada ka Para Putra Pandawa.

Jawa Bang Winga winga !

Amarah Nakula Sadewa, tos teu katahan deui; anjeunna nyarios rada kasar,
bari ngaweweleh Salya. Dimana Salya mung ngaheruk dan rumasa tos kirang
ati ati. Untung Nakula Sadewa dipeper ku Yudhistira. Nya akhirna paungku
ungku opatan narangis; ari Arjuna nuju teu aya ngalakonan tugas; kitu deui
Bhimasen.

HANCA

 

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar