Kamis, 12 Agustus 2010

Samemeh Bharata Yudha Ka -16

 

 

Ku margi Utusan Pandawa , nya eta Brahmana Panchala tea gagal; nya atuh
dua pihakanana enggal mepek BALAD, ngulem2 ka para Shahib2na; sa
shahabat2na satabi'in tabiit tabiinna.

Atuh tagiwur pisan harita tanah HINDI teh; lantaran ampir sadunya milu perang.
Maksad sadunya; nya satanah Hindi. Ngabrul Raja2 nu sarumping boh ka Astina,
boh ka Wiratha. Lamun paamrok di jalan; nya ting malinggir we; da embung ari
perang sosoranganan mah. Mun arek ge kudu babarengan; boh nu pro Pandawa,
boh nu pro Kurawa.

Loba pisan Nagri2 nu biluk di na Perang Bharata Yudha teh; jeung ampir eta Raja2
atawa Pahlawan teh rata2 muridna Resi Agung Drona.

Nu biluk ka Astina/Kurawa :
1. Raja Burisrawa nu sakti jeung bala tentarana
2. Karajaan Trajutrisna; dipimpin ku Bhagadhata ( Boma Narakasura )
3. Tantara Gandara
4. Kalingga
5. Karajaan Trigatta, dipimpin ku Susarma
6. Karajaan Sindhu - dipimpin ku Jayadratha
7. Raja Srutayu
8. Raja Srutayudha
jeung seueur sueuer deui.............

Ari nu biluk ka Pandawa /Wiratha :
1. Wirata dipimpin ku Prabu Matswapati
2. Panchala dipimpin ku Prabu Drupada
3. Nagara Kasi, memang musuh Utama Astina/Bhisma
4. Nagara Magada , dipimpin ku Jayatsena
5. Nagara Cedi - dipimpin ku Drestaketu
6. Pahlawan Sikandin sareng balatentarana

Pahlawan2 Perang Astina :
1. Bhisma Dewabrata  2. Pandita Drona  3. Krepa  4. Raja Angga/Karna
5. Aswatamma  6. Baghadatta  7. Burisrawa  8. Duryodhana jeung 100 Kurawa
9. Srutayudha  10. Srutayu  11. jrrd

Pahlawan2 Perang Pandawa :
1. Arjuna  2. Bhima  3. Nakula  4. Sadewa  5. Satyaki  6. Sweta  7. Shikandin
8. Dristajumna  9. Drestaketu  10. Jayatsena  11. Chekitana  12. Utamayuas
13. Gatotkaca  14. Abimanyu  15. Matswapati  16. Drupada  17. Satyajit
18. Uttara  19. Wratsyangka  20. jrrd

Tah eta sakabeh nu nepi ka ayeuna tos papada siap tempur; pada elekesekeng teu
sabar hoyong gura giru perang.

Tah di na waktu harita Nakula Sadewa ngagidig ka na Kuda bade nepungan Rama Ua
ti Mandaraka, Prabu Salya nu kakoncara. Kasumpingan Nakula sareng Sadewa,
ditampi pisan ku Prabu Salya, malah mani digalentor dirangkulan; eta dua suan teh.
Akhirna Salya nyarios bari ngagakgak :" Hahahahaha, tong was was, tong hariwang;
Kaula bakal ngerahkeun sakabeh kakuatan pikeun ngabantu Pandawa. Urang
ancurkeun Kurawa. Kaula moal sieun najan kudu nyanghareupan Guru Drona oge.
Jung ayeuna bejakeun ka Yudhistira, Ua bakal ngadukung Pandawa; jeung bakal
mawa Pasukan nu kacida kuatna pikeun ngahancurkeun Kurawa !"

NYa atuh Nakula Sadewa teh mulih ka Upawilya, laporan bari bingah galih, lantaran
parantos kenging dukungan ti Mandaraka anu sakitu kasohor kiatna.


Hanca

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar