| Tunda cariosan di Nagari Astina; urang ayeuna ningali hiji   nagari leutik nu jadinagari pinggiran ti Astina. Najan leutik, tapi eta Nagari teh kalintang   kasohorna,
 moal sambarang Nagara nu wantun nyisikudi nagari eta. Naon nagarana ?
 Najan leutik tapi nyata rahayatna makmur sadaya, para senapati tamtamana
 kaciri digjaya; naha eta Nagara leutik, bisa kasohor ? Taya lian kulantaran
 kharisma atawa Pangaruh nu jadi Rajana, salian ti wijaksana, oge kasohor
 tukang perang, ahlina perang; lamun perang tara eleh.
 
 Nagari naon atuh eta teh ? Taya lian ti Nagri Awangga, atanapi Angga. Ari nu
 jeneng Rajana , teu aya sanes mung Basukarna atawa Karna atanapi Aradea.
 Tapi ari dina pasamoan agung mah, sering disebat Raja Angga/Awangga Karna.
 
 Naon nu jadi kaistimewaan ieu Basukarna ? Basukarna jadina Raja Awangga, estu
 milik ragrag ti langit; cek babasan, teu ngimpi2 acan. Naon margi Karna tiasa   janten
 Raja? Ku margi waktos demonstrasi manah; Karna tiasa nyaruaan Arjuna; nepi ka
 Duryodana muji2nya teh enya2; nepi ka langsung ngangkat dulur teh nya waktu   harita.
 NYa dipasihan Karajaan leutik tur werit, nya eta Awangga; tapi di na cepengan   Karna,
 Awangga jadi makmur; utamana rakyatna, lantaran Karna mah tara pisan   mentingkeun
 dirina pribadi; asal batur senang; najan harta naon wae dipasihkeun. Nu mawi   rakyat
 nya kacida sarenangna boga Raja Karna teh. Tapi ti na sakitu alusna kalakuan   Karna
 kudu we aya cacadna.
 
 Naon cacadna Karna ? Nya eta embung eleh ku sasaha, jeung ngarasa asa aing
 pangjagona manah, kapungkur kantos bade guguru ka Resi Drona, tapi ditolak
 lantaran Drona tos jangji ngan ukur bade ngajar ka para Putra Pangagung   wungkul.
 Harita Karna langsung nyindiran Resi Drona, ari Aswatama anak gegeden ?
 Terus Karna sumpah:"Eh Resi Drona, tungguan ku sampeyan, Kula bakal   neangan
 Guru nu leuwih alus ti sampeyan; engke murid kameumeut sampeyan bakal jadi
 musuh Kaula, jeung bakal dielehkeun ku Kaula.
 
 Pendak sareng Resi Parasurama, anjeunna nyamar janten Brahmana; tapi akhirna
 katohyan, dugi ka disupata ku Parasurama; yen isuk jaganing geto; di na waktu   nu nangtukeun pisan, Karana bakal hilap ka na jangjawokan aji Bramastra,
 
 Hanca
 | 
 
Tidak ada komentar:
Posting Komentar