Senin, 30 Agustus 2010

Sempalan - 2

Ti bah AA

 

Leuweung anu diasupan ku Burisrawa teh nyata lain leuweung saleuweungna;
katingal ku kasat mata mah memang leuweung geledegan; tapi saenyana eta
leuweung teh patempatan, para Genderuwo, kelong wewe; jurig jarian jste.
Eta leuweung teh feus kaasup leuweung larangan, anu kacida sangetna; sato
mara, sato mati, cek paribasana; jalma mah atuh komo deui. Tapi Burisrawa
ku sabab nyeri ahte, geus teu inget dikasieun; anjeunna sasar ka eta tempat
bari teu mikir masalah hirup atawa paeh; malah mungkin ieu Burisrawa teh
palay pisan puput umur.

Ieu leuweung teh, bener2 tara kasaba ku manusa, sabab ieu teh deukeut
pisan ka Karajaan "Setra Ganda Mayit"; nya eta karajaan Siluman, nu
dirajaan ku "Gedeng Permoni". Tah harita Gedeng Permoni keur narima
laporan, yen aya jalma wawanian asup ka eta tempat, kudu dikumahakeun
cenah? Gedeng Permoni Ratu Siluman, marentah kudu maehan sing saha
wae nu wani2 asup ka ieu leuweung; nya atuh anak buahna ngepung bari
nyingsieunan Burisrawa.

Burisrawa harita teh keur nyiuman hiji batu, sabab katingalina ku Burisrawa
mah, eta teh Subadra.

"Hi hi  hi hi...............!  heeeer    heeeerr  heeerrrr...........Jurig2 nyingsieunan;
eh jongjon we Burisrawa nyiuman batu.

"Eh natur2 sigana ieu jelema teh jelema gelo; pek we geura ku urang
disingsieunan oge teger awe; jeung eta ku naon nyiuman batu? Ah urang kabeh
taak ku jalma kitu mah; yu urang laporan we ka sang Ratu."

Nya eta rombongan siluman teh baralik deui laporan, yen misina gagal.

Atuh Gedeng Permoni kacida amarahna; terus wae ngadatangan tempat
Burisrawa nyiuman batu. Ku Kasaktian Gedeng Permoni, Burisrawa eling; atuh
mani reuwas jeung sieun ningal eta Ratu Siluman teh; tuluy wae Burisrwa sadu2
menta dihampura lantaran kasalahan asup.

"Samemeh Kaula ngahukum sampeyan, cik nyarita naon sababna sampeyan
jadi ilang ingetan; nepi ka talag tolog asup ka luweung larangan !?"

"Wah Kaula teh Burisrawa, mikabogoh ka hiji istri, namina Sumbadra; ku Kaula
dilamar eta putri teh, tapi karebut ku Si Arjuna, nya Kaula kaedanan."

"Eueuh kitu, jadi sampeyan teh panasaran keneh ?"

"Enya Kaula masih panasaran keneh tah ku Sumbadra teh. Kaula mah keun we
teu ngamilik Sumbadra, asal bisa nempo we , ayeuna mah geus untung pisan."

"Euh kitu; lamun kitu sampeyan salian ti moal dicilakakeun ku Kaula, sampeyan
malah bakal ditulungan, jig ayeuna datang ka Madukara"

"Aduh kumha atuh, kapan iru teh geus jadi salaki batur; moal bisa Kaula datang
nempo manehna ?"

"Tong sieun Ku Kaula sampean bakal dibere jimat, nepi ka Jelema moal bisa
nempo ka andika; tapi andika awas ka saha oge. Tapi pantanganana teu meunang
ngaganggu jelema."

Bingah amarwata suta bingah kagiri giri. Enggalna bae Burisrawa gesat gesut nuju
Madukara; ah pokona aing mah asal geus nempo si manehna ge geus cukup.

Hanca

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar