Rabu, 18 Agustus 2010

[kisunda] Gatotkacha ka-5

 

 

"Naon !? Robah?!.......... mustahil !?" Bima nyentak, tapi bari rada bingung; cul
we Gatotkacha teh teu digugusur teuing. Keur kitu Kresna ngagupayan ka
Gatotkacha, Gatotkacha enggal nyaketan Kresna, ku Bima diantep we da rada
bingung tea.

"Gatotkacha,        ............... naha sampeyan hayang diaku ku Rama hidep, Bima?"
:Nun inggih, keres pangandika, Rama Ua Bathara .................. "
Kresna ngaharewos ka Gatotkacha, mun hidep hoyong diaku ku Rama sampeyan
Bratasena; lawan jung bantingkeun eta Rama sampeyan teh; engka ge ngaku; tong
asa2; da moal nanaon dibantingkeun 20X wae mah moal matak nanaon ka Rama
sampeyan, nu sakitu gagahna."

Enggal na wae Gatotkacha ngan sakilat luncat teras numbrul ka Bimasena, nu
nuju bingung; kaget oge Bratasena, barang bade siap ngalawan; serangan
Gatotkacha kaburu dugi manten; atuh harita keneh Bima diangkat ku Gatotkacha
teras dibantingkeun tarik pisan, bari dibarungan nyebat : Punten rama!"

Barang Bima bade ngadeg deui taki2; serangan kadua ti Gatotkacha teu masihan
kasempetan deui; Bima dirontok, atuh teras wae eta dua jalmi nu sami jangkung
badagna, sembadana, sami rongkahna tos gelut pagulet; silih surung silih sered.
Tapi ku margi Gatotkacha nu nyerang ti payun, Bima kawon babar; enggal tos
dibanting deui ! Nyata Gatotkacha gagah perkasa pisan. Padahal Bima kasohor
pisan, di na bitotama gelut patutunggalan mah, can kungsi aya nu ngelehkeun!
Hidimba nu langkung ageung oge kapan kalah ku Bima mah. Kitu deui jago
gulat model Baladewa, masih keneh aya sahandapeun Bima; cacak Gandamana
nu pangjagona sadunya dina soal "gulat" ; lastari ngemasi pati ku Bima. Tapi ku
Gatotkacha mah Bima sababaraha kali dibantingkeun niban lemah.

Bima rada ripuh, terus diered , didengkek, Tapi ku margi memang ieu Satriya Nunggul
pawenang memang digjaya; nya na sahiji waktu mah mah aya kasempetan oge;
iga Gatotkacha disiku, dugi ka ngabangkieung. Tos kitu peureup mu buleud ngajekok
ka na pameunteu Gatotkacha. Atuh kaciri rada lieureun Gatotkacha teh. Tapi barang
ditajong, Gatotkacha mani kesit nyingset terus male ku hiji tonjokan, nu keuna
pisan ka na dada Sang Bratasena. Biasana ditonjok kitu wae mah tara karasa ku
Bima teh; tapi ayeuna mah rada "nyengir" Bima teh, tandana karaos peureus.

Ger we ieu Rama sareng Putra teh bitotama ngaluarkeun Elmu kanuraganana.
Nyata di widang ieu oge, Gatotkacha teu eleh; Gatotkacha kesit pisn, tiap nonjok
mantep pisan, atuh rame pisan ieu nu tarung teh; mangkaning duanana jararangkung
galede; atuh akhirna mah, tatangkalan mani rarungkadan.
Bima ngarabut hiji tangkal kai nu gede, pikeun gada rek neunggeul Gatotkacha; atuh
Gatotkacha oge enggal ngarabut hiji tangkal kai. Mani gampil pisan, sakali ngarabut
teras dianggo ngababuk ka Bima, Atuh rame nu tarung gada ngagunakeun tangkal kai.

"Hehehehe, eladalah..........   yayi Kaipe...........  cobi tingal eta Putra sampeyan Gatotkacha..........  enyaan kacida digjayana ! Sok kula wani masang Gatotkacha, sampeyan nyekel Raka sampeyan Bima!" kitu saur Kresna.

"Hahahaha, geus biasa sampeyan ari geus ngadu jelema teh. Sok pisahkeun tah
nu tarung teh, piraku rek diantep." Arjuna males kasauran Kresna.

Baladewa sareng Satyaki mah ngan olohok we mata simeuteun, ku teu nyangki
eta Gatotkacha sakitu gagahna' wah mun tadi enyaan gelut jeung aing, geus ringsek
aing teh tadi. Kitu manah Baladewa sareng Satyaki.

Akhirna Bima ngalungkeun kai nu dijadikeun gada; kitu deui Gatotkacha. Teras
Sang Satriya Jodipati nyarios bari ngagerem handaruan:"Hemmmm; ayeuna mah
Kula apal kana "gelut" sampeyan; nyata enya sampeyan anak Kaula Gatotkacha.
Kaula ayeuna ngaku."

Atuh enggalna wae Gatotkacha sujud ka salira Bimasena:"Duuuh, kangjeng Rama
sembaheun Putra; Putra nyuhunkeun ampun, wirehna tos kumawantun ngalawan
ka Kangjeng Rama, ieu mugya katampi sembah sujud Putra."

"Hahahaha, enya seug ! .............  Kaula bungah pisan, yen enya sampeyan teh anak
Kaula! Da kapan basa eta kungsi urang gelut oge. Tah jung ayeuna ngadep ka paman
sampeyan, tuh ki Arjuna, kapan cenah hayang panggih."

Lajeng wae Gatotkacha sinembah ka Arjuna:"Duuuh Rama Paman Arjuna, mugya
sampeyan kersa nampi sembah Putra, rama Paman."

"Duuuh, anak Kaula Gatotkacha..........  seug ditampa ku Paman, yu atauh ayeuna
urang istirahat ngariung deui; tuh Rama Ua sampeyan Yudhistira ti tatadi tos
ngantosan.

Enggalna bae, sadaya karempel di n kaayaan anu matak pikabungaheun pisan.

Satyaki enggal noel ka Gatotkacha:"Eh "ponakan"; enya sampeyan rongkah pisan;
Paman resep pisan ningal ketak sampeyan, hahaha."
"nuhun Paman Satyaki, Kaula saleresna teu wantun ngalawan ka sepuh, ngan eta we
pedah dipiwarang ku Ua Bhatara."
"Hahahaha, keun meureun kudu kitu carana supaya diaku ku Rama sampeyan mah. Hahahaha."

Yudhistira bingah pisan ningal Rama sareng Putra tos alakur deui, enggalna Yudhistira
sasauran:"Emh bagja kumayangan, Rayi Bima sampeyan geus boga anak sakitu
gagahna; Kaula reueus pisan, bakal jadi pahlawan nu bakal ngabela urang sarerea."

"Hahahaha..........bener Darmaji, Kula satuju ka na omongan sampeyan..........
hahahaha.............. anak Kaula si Gatot, memang andelan urang sarerea."

Baladewa ngiring nyarios:"Hahahaha, ngan eta Bima, sampeyan mah ngakuna
teh kudu bobolokot kesang heula ; untung Gatotkacha "gagah"; kumaha mun
henteu? meureun sampeyan bakal kaleungiteun anak."

"Hahahaha, Kaula percaya, lamun enya2 eta anak Kaula, kudu gagah saperti
bapana. Mun henteu. Hemmmmm kajeun kojor we. tinimbang teu aya guna mah."

Barang sadaya nuju suka bungah ku tos patepang deui di na kaayaan nu sakitu
ngagumbirakeunana, kakuping sora2 nu sarurak saruka seuri; ari disidik sidik
katingal Duryodhana, Karna, Dursasana, Sakuni, sbalad balad nuju ka eta leuweung.
Persis pisan maranehna ngaraliway ka tempat Pandawa bari eakeakan saruka seuri,
maranehna terus nuju ka leuweung anu caket ti dinya.

HANCA   

 

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar