Selasa, 24 Agustus 2010

[kisunda] Samemeh Bharata Yudha ka-22

Barang Sakuni nampi sadaya laporan Suyudhana, Sakuni mani tetenjrag, ku
hanjelu2na. Sampeyan kuduna protes ka Kresna; yen tetep sampeyan nu
kudu milih ti heula. Kitu sasauranana Sakuni.

"Naha? Kapan Kresna mah teu moal milu perang? Najan Kula ti heula oge, angger
Kaula bakal milih Kritamarma jeung pasukanana; keur naon kula milih hiji Kresna
nu teu milu perang? Malahan di na hal ieu Arjuna cek pikir kula mah bodo ka bina
bina. Bisa disebutkeun teu boga otak sama sakali!"

"Hemh, Suyudhana2X; enyaan anjeun mah, teu nyaho strategi sama sakali. Yeuh
lamun Kresna biluk ka Kurawa, tinangtu Balarama bakal niluk ka Kurawa. Tah
kajayaan urang teh geus bakal jadi HIJI KANISCAYAAN ! Moal dicangcaya deui.
Tapi ayeuna ? ku teu miluna Balarama, tangtu perang jadi lila...........  ; ah enyaan
Suyudhana mah teu ngarti pisan ka na mana nu penting, mana henteu ! Tapi nya
dalah dikumaha, hayu urang sanghareupa ieu peperangan teh."

Suyudhana, rada teu ngarti kana ucapan2 Sakuni; lantaran pikeun Suyudhana mah,
boga KARNA teh geus sagalana. Anjeunna percaya pisan yen Karna bakal bisa
nelasan sadaya Pandawa. Jadi naon pentingna atuh Kresna jeung Baladewa?
Keun we teu biluk ge, nu penting teu milu perang ! Sedengkeun Astina kapan
malah dibantu ku Salya nu kuduna jadi MUSUH !?

Tunda heula suyudhana Sakuni; ayeuna urang gentos deui kaayaan di Upawilya.
Sadaya sami bingah manah wireh Kresna tos aya ngariung di pihak Pandawa.
Enggalna Yudhistira sasauran:"Kacida urang reugreugna, ku ayana Danardana
aya dipihak Pandawa. Ku Kaula bakal diangkat jadi Penasihat Agung Pandawa.
Kumaha kira2 u sanes satuju ?"

Bhima, Arjuna, Nakula Sadewa meh bareng:"Satuju pisan, kakang."
"Kula oge satuju." Drupada mani daria. Pon kitu deui Raja Wiratha, Satiajid, sareng
nu sanesna deui.

"Ieu perang teh, sanes perang leuleuttikan; tapi perang badag, nu dipiluan ku ampir
sadaya nagari nu aya di Tanah Hindi ieu. Jadi lamun ger jadi, tinangtu moal kawilang sabaraha lobana korban, jadi mun bisa ku urang kudu diusahakeun ayana duta
DAME ka Kurawa. Kumaha cek batur2 sadaya, ieu pandangan Kula?" Kitu biantara
munggaran ti Kresna nu saatos jadi Penasehat Agung.

"Enya bener Kresna, Kaula saenyana mah asa teu mikeun kudu ngayakeun perang
teh, lantaran nyata loba cilakana ti batan untungna." Kitu kasauran Darmakusumah.

Drupadi nu kaleresan teras ngiring disatiap gempungan, enggal interupsi :"Ah, Madusudana, naha anjeun teu emut, yen Kurawa geus ngahina ka Pandawa jeung ka
diri Kaula ? Kaula nu sabenerna teu kudu dibabawa; digusur diwiwirang ku si
Dursasana, tah tingali buuk Kaula nepi ka ayeuna can diangir; lantaran Kaula moal
eudeuk beberes buuk, mun can diangir ku getih si Dursasana. E eh naha ayeuna
Pandawa bet kecing!? Naha bet mandeg mayong!? Hanas terus ku kula ditutur
tutur, naha bet kieu balukarna?"

Kresna nimbalan :"Hehehehehe, duuuh Putri Panchali, nu manis nu sae budi;
idaman sadaya lalaki. Tong mangmang, tong semang galih. Ieu Perang tangtu
kajadianana. Moal! Moal batal. Ngan wae urang bakal kasurak ku jalma REA;
yen urang teh HAUS DARAH. Urang teh teu mikirkeun jalma nu tariwas; jeung
sangsara. Dina hal ieu urang kudu meunang OPINI nu lega; yen Pihak Pandawa
lain hayang males pati, atawa hayang perang rebutan nyawa; tapi saenyana
hayang dame; ngan pihak Kurawa nu maksa. Tah ku sabab kitu Drupadi Dewi
mugia sing lega mamanahan, perang bakal tetep jadi; tapi Kurawa nu geus salah;
oge nu hayang perang parebut pati. Jadi di na hal ieu Pandawa mo bisa disalahkeun.
Lantaran nepi ka akhir pisan, masih aya upaya ngeureunan Perang."

Ku kasauran Kresna kitu Druapadi tiasa nampi Duta Dame ka Astina. Barang bade
milarian saha2na; Kresna nawarkeun diri anjeunna pisan nu bade angkat ka Astina.
Atuh Yudhistira mani ngadegdeg ngahalangan Kresna, sabab tangtu dicilakeun ku
Kurawa nu sok jarulig. Tenang saur Kresna. Kurawa hamo bisa ganggu ka Kaula.
Nya atuh akhirna Kresna diidinan ku Pandawa kanggo jadi Duta ka Astina.


HANCA 

 

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar