Senin, 23 Agustus 2010

[kisunda] Samemeh Bharata Yudha ka-20

Ti kang Abbas Amin 

 

"Teu bisa! Saha wae nu rek ngaliwat ka ieu tempat kudu ngaliwatan Kaula heula;
tapi mun enya sampeyan dulurna Kresna, sampeyan kudu turun ti na kareta;
ngahormat ka Kaula; terus nuju ka Meralaya teu meunang tutumpakan naon wae;
meunang lumpat, atawa leumpang!"

Wah ieu Resi teu meunang dibadamian ; ari maksa , can puguh bisa; jeung waktu geus
loba kapiceunan; sedeng perjalanan ti dieu ka Meralaya geus deukeut; ah keun wae
rek ngeureuyeuh leumpang we lah. Saparantos buleud tekadna, enggal wae Duryodhana lungsur ti na karetana; teras nyembah ka Parasurama, saterasna Suyudhana enggal
gesat gesut nuju ka Meralaya.

Barang Suyudhana lungsur ti na kareta barang jol Satriya Panengah Pandawa
Arjuna di na karetana nuju ka Meralaya. Atuh enggalna distop ku Parasurama.

"Eh Satriya ! Mangka waspada andika! Tuh tempo ku sampeyan loba mayit
pating solengkrah !"

Enggalna Arjuna ngalirenkeun karetana, da barang nyaketan eta tempat oge
tos heran manahna naon sababna aya bangke loba pisan di eta tempat; teras
wae Arjuna ngandika:"Eh Resi, upami Kula teu lepat, sampeyan teh Resi nu
sok ngalalana Parasurama, mugia tampi ieu hormat Kaula , panengah
Pandawa Dananjaya."

"Oh, ha ha ha, sampeyan Arjuna. Kaula tampa pahormat sampeyan; tah ayeuna
gura giru sampeyan balik deui; teu meunang asup ka Dwarawati !"

"Naon sababna, Resi ? Jeung KUasa ti saha anjeun megatan jelema di ieu jalan?"

"Eta mah urusan Kaula, sampeyan teu kudu nyaho."

"e e eh, sampeyan Parasurama geus wani2 megatan jelema nu rek ngaliwat; padahal
ieu jajalanan Umum; ku sampeyan dipegat bari taya alesan nu jelas. Tapi Kula
ayeuna keur rurusuhan, sabab ieu penting pisan; jadi kalakuan sampeyan maehan
jalma tan karana sabab Kaula moal pipilueun; tapi sampeyan geura kasisi, sabab
Kula bakal ngaliwat, rek nepungan Kresna, sabab eta dulur Kaula."

"Tadi oge Suyudhana geus ngaliwat, lantaran dulur ku Kula diidinan, tapi kudu turun
ti na kareta; jeung ngahormat Kaula terus leumpang ka Meralaya , tuh karetana oge
masih aya dihandapeun kiara."

"Eeeee   eeeeh, Parasurama, Kaula moal turun rek bisa naon sampeyan !?
Arjuna moal sieun."

Parasurama kacida amarahna, langsung wae Arjuna dipanah ku Parasurama;
tapi ngan sakilat ditakis teras wae Arjuna ngabales. Kaget Parasurama, wirehna
teu sangka Arjuna sakitu pinterna mentangkeun jamparing. Enggalna wae
Parasurama sareng Arjuna silih panah; ngadukeun kadigjayan. Jamparing ting
suliwer, tapi duanana sami2 sakti di na enggoning ngagunakeun panah. Atuh
mani jam jaman teu aya nu katingal bakal asor duanana pada jago, pada sakti.

Akhirna Arjuna ngaluarkeun panah saktina; nya eta panah nu dianggo basa
ngalawan Pasukan Astina di Wiratha; panah nu ngandung BIUS. Atuh Parasurama
ge ngajungkel keuna ku ieu panah teh; teras we Arjuna mecut kudana nuju ka
Meralaya; enggal lungsur ti na kareta, teras lumebet ka Karaton tan aya nu
ngahalang halang, lantaran Arjuna tos biasa lumebet ka karaton Dwaraka.

Barang lebet ka Kamar pribadi Prabu Kresna; kasampak aya Suyudhana nu nuju
ngantosan Kresna nu nuju Tapa TURU; Suyudhana ngan ukur melong we ka
Arjuna teu sasauran naon2; nya Arjuna oge enggalna nyaketan ranjangna Sang
Madusudhana, Sang DananDana/DanarJana, atanapi Kresna. Enggal mayunan
Kresna; ari Suyudhana mah di luhureun mastaka Kresna, ari Arjuna payuneun
Kresna pisan. Ningal Kresna nuju semedi kitu, enggalna wae Arjuna menekung
mujasemedi; enggal sukmana ngantunkeun ragana, bade nyusud nyusul Rohna
Kresna.

Ku margiArjuna mah memang Satriya nu sok gentur tapa, atuh sakedap oge tos
tiasa ngalayang ka Jongring Salaka; anjeunna ningali Kresna nuju diriung ku
sababaraha Dewa, nu katingal semu warera; enggal wae Sukma Arjuna nyaketan
ka eta tempat. Ngupingkeun naon2 nu nuju digunem caturkeun.

Para Dewa nuju nyeratkeun "rencana Ageng" soa[ perang Bhrata Yudha.
Sadayana nuju disusun, si eta bakal maot ku eta; si anu bakal dipanah ku sianu.
Waktos Dewa Sastra nuju Nyerat Baladewa biluk ka Suyudhana; teras ngiring
perang; teu aya nu manggapulia; tapi tapak sampeyanana diletak ku Antasena;
Baladewa palastra! Tah di na waktos nyerat nu eta "Rohna Kresna" nyenggol
mangsi dugi ka tamplok pisan nutupan eta seratan. Atuh guyur sadayana Dewa2;
enggalna Kresna dicerek; bade ngamuk; tapi dinasehatan ku Para Dewa yen eta
tindakan lepat kacida; sareng teu nunjukkeun yen eta Kalakuan Wisnu.
Kumaha da Kaula nyaah ka Balarama , lanceuk Kaula. Masing enya ge Kaula
Wisnu , kapan sabage manusa mah tetep we Kula teh Kresna.

Jadi sampeyan Kresna geus ngalakukeun kasalahan, hiji ngintip Dewa nu keur
ngalaksanakeun tugas; kadua ngahalang halang maksud Dewa. Kusabab kitu
sampeyan bakal dihukum; nya eta senjata2 kudu dibalikeun ka Dewa di Jonggring
Salaka. Nya eta : 1. Kembang Cangkok Wijaya Kusuma  2. Gambar Lopian
Ogan Sengkala  sok kudu dipasrahkeun. Teras enggal kedah lungsur deui ka
marcapada. Nya atuh kapaksa Kresna nampi eta hukuman; barang bade kaluar
pasanggrok sareng sukma Arjuna; atuh saterasna duanana lalungsur; dugi ka
sami2 gugah di na bale2 Kresna.

Hanca 

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar