Jumat, 27 Agustus 2010

[kisunda] samemeh Bharata Yudha ka-27

 

Caturkeun wae dua pihak Kurawa Astina lan Pandawa tos papayun payun di na
radius 500 KM; tinggal pruk aya Komando peperangan pasti ger jadi.

Katingali Pihak Kurawa/Astina pinuh ku Disiplin, sareng tandangna kacida tegerna
lantaran kabehanana tos yakin bakal meunang; nu pang payunna katingal Maha
Senapati Kurawa/Astina Bhisma Dewabrata. Ditengen sareng kiwa ngarendeng
Resi Agung Drona sareng Krepa. Teras pasukan Divisi2 nu dipimpin ku Para
Raja; di jejeren katilu katingal Duryodhana mimpin divisina nyalira.
Eta upami dietang ti Divisi Bhisma dugi ka Divisi Dursasana; panginten aya 10Km
na tebihna. Lantaran pasukanana ngayuta. Dipengkereun eta Pasukan nu sakitu
angkerna, katingal ngabrengbreng Kemah2 Pasukan Astina sareng sakutu2na.
Eta oge anu pangcaketna ti na prajurit nu perang teh aya ka na 2 Km na. Eta teh
ku lega2na Kurusetra. Nu teu katingal teh nya eta Karna; lantaran ieu mah teu
kenging ngiring perang ku Bhisma Maha Senapati. Jadi salami aya Bhisma jadi
Maha senapati, Karna teu meunang milu Perang.

Ari ti pihak Pandawa oge aya kana 11 km panjang ti nu panghareupna dugi ka
kapangtukangna teh. Kemahna anggangna aya kana 3 Km na ti pasukan pang
tukangna. Ieu oge lengkep ku juru masak jeung sapuratina kaperluan perang.
Pasukan Pandawa oge katingal Angker; matak gimir pasukan musuh.
Katingal TEKDNA Para Pasukan Pandawa rek ngetohkeun jiwa raga; teu
katingal aya nu leutik burih; estu katingal napsu perangna gede pisan.

Teretet Tarompet awal ditiup ku Dursasana, tan yen rek taki2 ngamimitian perang;
mun sora kadua ditiup, eta hartina peperangan dimimitian. Tah waktu harita aya nu
kaluar ti Pasukan Pandawa nuju ka Pasukan Kurawa. Ari disidik sidik, nyata eta teh
Yudhistira Putra Pandawa kahijina. Sadayana pada kaget, utamina Arjuna, anjeunna
bade ngudag mung diwagel ku Kresna, keun we cenah urang tingali tikatebihan.
Da moal matak naon2.

Tapi nu pang ramena mah di Pihak Astina. Para Raja2 Komentaran :"Saha eta nu
ngadon datang ka urang teh ? Rek Naon ? Geuning siga Darmakusumah ?
Heueuh bener eta Samyaji geuning? Rek naon nya ? Rek taluk kituh ?
Pedah ngarasa pasti bakal eleh? Lantaran nempo Pasukan astina sakieu kutna?
Atuh da Pandawa mah ngan ukur 7 Divisi ? Ngalawan 11 Divisi ? Moal Kuat ?
Tapi eta kacida ngerakeunana ka pihak Pandawa? Euweuh pisa kahormatan
sama sakali? Naha nya make aya LAHIR jelema nu asup Kasta Satriya, tapi
kalakuanana nguncung pisan ? Salah lahir kuduna di Bangsa Sudra!

Loba pisan nu mere komentar ngeunaan ayeuna Darmakusumah nyampeurkeun
pasukan Kurawa nu siap tempur. Nepi ka rada saheng kadengena. Tapi Darma
Putra teu gedag kaanginan, terus we maju; ngawitan nyampeurkeun ka Bhisma
Maha Senapati Astina.

Cong nyembah, lajeng Yudhistira ngandika:"Eyang, punten nembe ayeuna putu
eyang sowan ka eyang; putu eyang neda pangampurana; wireh di na waktosna
rek der perang, kakara putu eyang ngadep ka eyang."

Bhisma:"Dihampura pisan Darmakusumah. Eyang ngarti kana kasusahan hidep."

Yudhistira:"Eyang, nu dipihormat ku sadaya, mugya eyang masihan idin ka Putu
eyang kanggo merangan eyang; kanggo ngalawan ka eyang."

Bhisma:"Teu naon2 Yudhistira; malah eyang bungah mu sampeyan bisa
ngelehkeun eyang. Sok we ulah ragu ragu."

Yudhistira:"Nu katilu eyang, putu eyang nyuhunkeun jiad pangestu ti eyang."

Bhisma:"Duh Putu eyang, Darmakusumah, ku eyang dijiad sampeyan sing JAYA
di na ieu peperangan. Sok Eyang yakin sampeyan bakal meunang perang."

Saparantos ka Bhisma enggal Yudhistira nyampeurkeun ka Dorna Guru nu
dipihormat. Teras Yudhistira ngandika:"Duuuh Guru Drona, Kaula Pandawa Lima
nyungkeun Widi, bade ngalawan Perang sampeyan, sareng salian ti eta kula
oge mundut RESTU ti sampeyan Guru Drona."

Pandita Drona:"Hahahaha, enyaan Darmakusumah mah ngarti ka na etika tata
krama; der we perangan kaula ulah ragu2; jeung jiad pangesto ri diri Kula pikeun
Pandawa sagemblengna sing Jaya di na Pangperangan. Elehkeun lawan sampeyan."

Kitu deui ka salya sareng ka Krepa; Darmakusumah nampi jiad Jaya dina
peperangan; enggalna mulih deui ka pasukanana. Barang Aswatama nguping jiadna
Resi Drona, enggalna bae nyaketan, teras nyarios rada tarik:" Rama Drona;
ku naon ari ka Pandawa ama teh masihan JIAD JAYA di na pang perangan ?
Naha ari ka anak sorangan , dipundut jiad Jaya na pangperangan, malah mere
jiad Rahayu. Aneh rama mah. Naha ka Darmakusumah ama masihan doa
meunang; ari ka KUla anakna ngan ukur cukup Rahayu. Kumaha eta? Kapan itu mah
musuh ?"

Drona nimbalan :"Hehehehee, Aswatama anaking . anak ama si Jago.
Kabeh ge aya waktuna; Pandawa musuh di na peperangan; ari tadi mah pan
manehna mere hormat sacara murid ka Guru; nya Kula wajib mere jiad ka Yudhiatira."

Aswatama :"Tapi naha atuh masihan jiad teh supaya Jaya jeung Unggul ? Eta mah
sami sareng ama ngadu'akeun Kurawa eleh atuh !?"

Drona :"Sagala aya waktuna, Kaula ngan ukur mere jiad; nu penting mah nu ngalaksanakeun. Sok gura giru maneh balik deui ka Pasukan; sakeudeung deui
peperangan bakal diawitan.



TAMAT

 

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar