Senin, 02 Agustus 2010

Samemeh Bharata Yudha Ka-5

 

 

Kalintang ewedna manah Sang Prabu Drestarastra sareng Gandari, mireng
kasauran Sakuni anu sakitu jentrena, ngajelaskeun posisi kakiatan Pandawa
Sareng Kurawa. Da ari di na manahna mah Sang Prabu teh ka ditu nyaah, ka
dieu nyaah. Tapi ana digalih deui, memang sagala nu disaurkeun ku Sakuni,
sareng Ingkang Putra Duryodhana leres sadayana, sareng logis pisan. Lami
Sang Raja mindel galih, teu sasauran. Sakuni sareng Duryodhana oge teu
nyarios naon2 deui, mung ngareluk tarungkul ngantos kaputusan Sang Prabu.
Tapi duanana yakin, kaputusan Raja tangtu nguntungkeun pihak maranehna
nya eta Para Putra Kurawa; lantaran Raja nu teu ningali tos digiring ku Sakuni
sareng Duryodhana ka na "kondisi pamikiran" yen kaputusan nu "adil" teh nya
eta salah sahiji pihak kudu ngelehan maneh. Tah di na hal ieu Pndawa nu kudu
ngelehan; sugan bisa diwujuk; da ari Para Putrana mah kapan kajeun pegat nyawa,
ti batan masrahkeun Indraprasta ka Pandawa.

Akhirna Sang Drestarastra ngandika:"Kieu we ayeuna mah, isukan urang buka deui
Sidang Dewan Pleno teah, engke Kaula sabage Raja nu kudu Adil ka ditu ka dieu,
bakal mutuskeun ku nempo mana sora nu panglobana."

"Emh kakang Prabu, leres eta teh Pang Adilna, memang sabage Raja kedah Adil Paramaarta, teu kenging beurat sabeulah." ( bari nyakakak di na pikiranana, lantaran
geus jelas di Sidang eta, pasti lolobana bakal biluk mangmeunangkeun Kurawa ).

"Tapi ama, punten Putra bade balaka, yen upami eyang Bhisma model kamari
nutup deui sidang kumaha tah ?" Duryodhana motong.

"Ah da Paman Bhisma oge moal ngahalangan, putusan Kaula, jadi kuma Kaula
we eta mah, isukan.Ayeuna jung geura istirahat, ama ge rek istirahat ayeuna teh."

"Aduh mangga rama , ibu, punten we istirahat ama sareng kangjeng ibu tos
kaganggu ku Putra. Teras we Duryodhana sareng Sakuni nyarembah, teras lugay.

Ari lugayna Sakuni sareng Duryodhana kalintang dariana, lantara pinasti Pandawa
moal meunang naon naon. Demi Sang _Prabu lugayna ka kamar teh, bari ngungun
pinuh ku kasedih, sareng asa jauh panineungan; pon kitu deui Dewi Gandari.

Dewi Gandari enggalna nyuhunkeun idin ka Sang Prabu, yen anjeunna palay
nepangan Dewi Kunti Nalibrata. Saur Sang Prabu, naha atuh lain digeroan we
sina kadieu. Tapi Gandari nyebatkeun ieu mah masalah pribadi; ari nyauran mah
kapan, di na masalah kakawasaan; tah nu ayeuna mah Gandari sabage pribadi
rek silaturahmi, sono ka Ipar. Nya atuh Sang Prabu ngidinan.

Enggalna bae Gandari ditungtun ku emban, nuju Bumina Arya Widura; margi
Dewi Kunti Nalibrata calikna di Astina teh diangken pisan ku Widura.

Barang gok enggal wae bari rada kaget Kunti Nalibrata nyembah ka Gandari.
Enggal diwagel ku Gandari:"Keun we teu kudu loba peradatan Kunti; da Kakang
embok kadieu teh, sacara pribadi, ku asa geus lila urang tara ngobrol bareng;
kakang embok teh sono ka sampeyan teh."

Enggal Dewi Kunti nampi ka Gandari bari someah, da memang antara dua ipar
ieu teh kalintang raketna sareng dalitna, lir ibarat dulur pet ku hinis. Jadi rada aneh,
ari para Putrana mah pagetreng, tapi ari sepuh2na mah alakur pisan.

"Raka embok Gandari, aya naon ieu teh wengi2 sumping ka dieu ? Upami memang
aya hal nu penting, enggal geura budalkeun mangga Kaula bakal ngabandungan."

"Kunti, naha sampeyan can apal, yen Pandawa tos tuntas hukumanana ? Jeung aya
bakal nuntut Indraprasta nagarana ?"

"Aduh, bagja kumayangan; geuning akhirna salamet."

"Enya Kunti, Kaula oge bungah pisan. Kabungah Kaula euweuh bedana jeung
kabungah sampeyan; eta Putra2 Pandawa teh sami we Putra2 Kaula oge, malah
nu pang apetna ka Kaula mah kapan Ki Arjuna; bisaan ari geus ngolo kueh teh
bareto..............emh..........." segruk wae Gandari nangis, atuh Dewi Kunti ge
teu kantun hujan citangis.

"Tah ayeuna eta barudak teh tos jaradi Pahlawan, moal bakal kapanggih deui,
mangsa urang baheula babarengan teh." Segruk deui Gandari nangis, disarengan
ku Dewi Kunti Nalibrata.

"Eh Kunti, anak Kula si Duryodhana, kacida wangkelangna. papatah mah papatah
asana teh teu kurang2; ah da omongan embok teh tara digugu, malah sakapeung
mah teu didenge denge acan. Geus taak embok mah tah ku anak bengal teh."

"Hehehehe, sanes anak bengal deui atuh ayeuna mah raka embok, tos kumisan
kapan Duryodhana na ge."

"Emh enya, da rarasaan mah asa budak keneh we tah si Suyudhana teh, inget
we lamun ku embok dipapagahan, kudu hormat ka Yudhistira, teu meunang
nyumputkeun kadaharan bagean Bhima, jeug ulah sok ngaherengan Arjuna. Kungsi
baheula disintreuk nepi ka ceurik aluk2an, lantaran ku Kula disintreuk alatan
ngudag2 Arjuna; si Arjuna teh pinter terus bari lumpat ceurik muru ka Kaula. Hehehehe
mani asa dina juru panon eta kajadian teh. Asa balikan deui."
Nyariosna kitu teh Gandari bari nangis; atuh Dewi Kunti oge nangis hujan cisoca.

"Tah ayeuna ieu barudak urang teh, bakal tarung silih paehan di Medan Perang !
Lantaran anak Kula tetep bedang, pajarkeun kajeun paeh tinimbang dibikeun ka
Pandawa mah Cenah. Komo deui eta Si Anak Kusir Karna, aya mu notorogan
pisan, cenah bakal nelasan Kameumeut urag Ki Arjuna ! Mudah2an wae Kaula
rek NGadua supaya Karna ................"

Teu acan ge tamat nyariosna Dewi Gandari, enggal dirangkul ku Dewi Kunti:"Atos,
raka embok atos. Teu kedah nyupata ka sasaha, keun we maranehna boga jalan
sewang2an. Maranehna geus karolot lain budak leutik deui."

Dewi Gandari kaget wireh supana dihalangan ku Kunti, enggalna ngandika:" Yeuh,
Kunti enya ge Arjuna teh anak sampeyan, tapi Kaula oge ngarasa Atjuna teh
kameumeut Kaula oge. Sarua sigana mah kanyaah sampeyan jeung kanyaah Kaula
ka Arjuna; Kaula moal ihlas lamun Arjuna nepi ka ditelasan ku Karna. Kapan Karna
sakitu saktina ?"

"Ah Arjuna ge can puguh kawon atuh"saur Dewi Kunthi,."Naha raka embok cangcaya
ku kasakten Arjuna?"

"lain cangcaya, ngan Kaula melang. Mun bisa mah dihalangan, perang teh keun we
atuh ulah jadi. Ngarah salamet sarerea."

"Nya urang mah, ngan ukur bisa mere berkah doa ka para anak urang teh, moal
bisa ngarobah pamadegan maranehna. Jeung Kaula enya ge nu jadi indung, moal
ngahalang halang naon wae nu bakal dilakukeun ku Pandawa; asal memang dina
jalan Satriya jeung kabeneran."

Gandari sakedap mah melengek we, nguping kasauran Dewi Kunthi nu sakitu tegerna.
Teu uningaeun Gandari mah, yen manah Dewi Kunthi kacida ancurna mireng para
Putra2na bakal silih telasan antawis dulur. Malah aya nu pang hebatna mah, mung
Dewi Kunthi wungkul nu uninga. Bari teu yasa muka rasiah ka sasaha oge.


Hanca

 

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar