Rabu, 01 September 2010

Burisrawa Kaedanan - 7

Ti bah AA

 

Gatotkacha diteunggeul ku ingkang Rama Bratasena, ukur ngabangkieung,
teras nyembah deui. Gelepok2 aya kana lima kalina diteunggeulan ku
Bimasena, mani ngagolepak pisan; tapi memang dadasarna urat kawat,
balung besi teh sanes bobohongan. Teras enggal ngorejat deui; dat nyembah:
"Sadaya daya Rama, Putra nyanggakeun................."

"Tong loba bacot, siah............." bari sirintil jekok2 ditinggangan; saterasna
dicepeng teras diangkat dibantingkeun kaluar ti na aula...........; kaleresan
pisan, barang dibantingkeun , barang jol teh aya nu lebet. Tapi sakitu nu dibanting
sareng nu ngabantingkeun teh gagah rongkah, sareng jangkung badag; tapi eta nu
nembe lebet enteng pisan nangkep sareng nurunkeun Gatotkacha, terasna
nyeuleukeut bari sasauran:"E eh, Rayi Bima aya naon ieu teh ? Ieu Gatotkacha
ampir ngababuk beungeut akang................."
Tetela nu nembe lebet teh nyata Prabu Jenggalamanik.

"Hemmmm ................ tuman, eta si Gatot ngajagana teu bener..........."

"Hehehehe, kasep Gatotkacha, enya hidep teh taledor ?"

"Nun inggih, Ua Bhatara, leres kasauran Rama Sena."

"Naon atuh kasalahan hidep teh ?"

"Nun inggih, Bibi Sumbadra dugi ka katiwasan, tobaaaat .....ieu kalepatan Putra.."

"Hehehehehe, ieu mah saruana Bapa jeung anak teh. Bapana sautak saeutik
nyalahkeun batur, bari teu ditaliti heula; anakna sautak saeutik Rumasa salah.
Hahahaha, mun arek ge Kaula atuh nu rek ambek ge. Lantaran lanceukna."

Teras wae Bhatara Kresna lumebet ka Aula, ditampi ku Kadang Pandawa.
Ke ke ke, ieu teh kumaha asalna ? Naon sababna Sumbadra cilaka kieu ?"

"Duuuh, Raka Bhatara, Kaula teh keur sowan ka Amarta, barang balik, emban2
jeung para prajurit keur ngariung2 ieu layon Sumbadra. Kaula bingung jadi can
ngayakeun panyilidikan sama sakali."

"Ayeuna akang aya di dieu; keun sok we eta mah urusan akang. Eh para
prajurit, kumaha ieu teh kajadianana? Cing saha nu pangheulana ningal ieu
layon ?"

"Abdi Gusti nu nampi laporan awal; nya eta ti bibi emban."

"Eh emban, sok kadieu laporan ka Kaula."

"Duh Gusti Bhatara, harita teh bibi nuju guntreng jeung para emban sanesna;
diluar Tamansari; da surnah Sang Sudewi palay dikantun nyalira; memang eta
teh kabiasaan Sang SuDewi kitu; nu terasna sok ngawih lalaunan, tapi masih ka
kuping hawar2; tapi duka kumaha harita di Tamansari teh sepi; mung wae aya hiji
sora nu ngajerit tapi kirang jelas; atuh enggal wae abdi Gusti teh tiluan lumpat
ka Taman Sari; nyampak Sang Sudewi tos aya di na jujukutan; patuanganana
tatu sareng baloboran ku getih; atuh enggal ku emban nu hiji digulang gaper;
nu hiji deui jejeritan; ari abdi Gusti rawah riwih bade laporan; tapi ari tiwasna
Sang Sudewi mah abdi Gusti oge teu terang naon2; kajadianana kasampak
tos kitu we."

"Heueuh, geus atuh, jung sampeyan neruskeun gawe nu tadi kaselang ku Kaula."
"Dawuh Gusti, mangga abdi Gusti Kondur."
"Bral..............."

Teras wae Sri Bhatara Kresna nyaketan mayit Sumbadra; enggalna nyarios ka
kadang Pandawa:"Yayi Prabu Yudhistira, Yayi Kaipe, lan adi2 Kadang Pandawa;
nyata ieu Sumbadra aya nu ngagunasika; moal aya nu apal ku naon manehna
nepi ka kieu. Iwal ti lamun Sumbadra hirup deui. Tah ku sabab kitu Kaula ayeuna
bakal ngagunakeun Pusaka Kaula; mangka sadayana waspada."

Enggalna wae Sri Bhatara Kresna parantos ngaluarkeun Pusaka Jimat Ampuh;
Jimatna Para Dewa; Nya eta Kembang Cangkok Wijaya Kusuma.

Saparantos ngahening sakedap; enggal Sri Kresna maca jangjawokan, bari Pusaka
Kembang Cangkok Wijaya Kusuma dioleskeun ka na raheut Sumbadra, sareng
salirana Sumbadra nu sanesna:
"Kembang Cangkok Wijaya Kusumah, lain kembang sakembangna; kembang Dewa
nu nyata; Kembang sakti mandraguna; eh Sumbadra waras rayi."

Aneh, ngadadak tatu Sumbadra bersih liput deui. Raray Sumbadra nu pias tos
katingal aya getihan deui; sadaya kadang Pandawa bingah banah. Tapi eta Dewi
Sumbadra siga nuju kulem; tapi teu gugah2 wae; sakitu tos sababaraha kali
digentraan ku Kresna oge. Sadayana sami bingung.

"e  eh, naha bisa kieu nya ? Biasana Kembang Cangkok Wijaya Kusuma bakal
ngabuktikeun kamanjuranana, mun eta jalma nu maot can waktuna; harita keneh
bisa hirup deui. Mun memang PangersaNa; nya sok teras maot. Tapi ieu mah
beda ti sasari, ieu Sumbadra tos menyat; tapi teu kersa gugah deui. Wah ieu
kasus aneh kacida."

"Waaah Jlamprong.............  Kumaha atuh, ari teu jelas mah; saha nu bisa apal
ka Duratmakana ? Kumaha tah ayeuna biasana sampeyan spk boga jalanna?"

Wah Rayi Pandawa sadaya, ayeuna mah kieu wae simpen ieu layon Sumbadra;
atanapi Sumbadra nu teras wae kulem ieu, simpen di na rakit, nu rikip, tapi
teras dijagi ti nu rada nyumput ku GatotKacha; engke saha2 nu nyampeurkeun
ka Sumbadra; tah eta tangtu jelemana; tong ditanya deui, borogod wae, bawa
kadieu. Kumaha Gatotkacha sanggup?"

"Nun inggih Ua Bhatara, Putra sanggem, bade diestokeun pisan."

"Yooooo ................   Gatot, awas ulah talobeh deui................"
"Sendika Rama, Putra bade caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket."


HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar