Senin, 06 September 2010

Burisrawa Kaedanan - 12

 

Banglus perlampahan dua utusan Madukara; kahiji ka Astina, nya eta Gatotkacha
sareng Antasena; nu kaduana ka Mandaraka, nya eta Nakula Sadewa.
Disatengihan perjalanan ieu dua utusan teh pasanggrok sareng pasukan Astina nu
nuju milarian Burisrawa. Nakula Sadewa pendak sareng rombongan nu dipimpin
ku Aswatama sareng Jayadrata, nu kakara mulih ti Mandaraka, bari nyamos, da
Burisrawa suwung di Mandaraka na oge. Ari Gatotkacha sareng Antasena
pasanggrok sareng rombongan Astina nu dipimpin ku Arya Dursasana, nu oge nuju
milarian Burisrawa, tapi weleh teu kapendak raratanana.

Ayeuna urang nyarioskeun pasanggrokna Nakula Sadewa sareng rombongan Astina
nu dipimpin ku Aswatama . Rombongan Aswatama ningal Nakula sareng Sadewa,
enggal wae laliren, megat perjalanan Nakula Sadewa; enggalna Aswatama nagndika :
"Eh, hehehehe, bagea Nakula Sadewa ; aya naon yeuh sampeyan duaan nuju ka
Mandaraka ? Lantaran persis ka jalan nu nuju ka Mandaraka?"

"Oh Bambang Aswatama sareng Jayadrata geuning ? Kaula mah nya arek ngalongok
ka Paman Salya; sono geus lami teu pendak. Ari sampeyan sadaya, tos ti Mandaraka?
Aya naon geuning? Mani ngaleut kieu ?"

Aswatama:"NU matak Kaula teh keur neneangan Rd. Burisrawa, sugan sampeyan
pernah ningal Rd. Burisrawa; da di Mandaraka mah suwung."

"Oh, suwung di Mandaraka? Dimana atuh nya tah Burisrawa teh ?"

Aswatama:"Jadi sampeyan oge keur neangan Rd. Burisrawa? Aya naon tara2 ti sasari ?

Nakula:"Ah nya aya we badamikeuneun."

Aswatama:"Hehehe, badami ? Badami nanahaon ? cing Kula bere nyaho?"

Nakula:"Ah teu kudu, da teu aya hubunganana."

Aswatama:"Cek saha teu aya hubunganana? Kapan matak ayeuna Kula sarerea
neangan Rd. Burisrawa ge, eta tandana aya hubunganana; ayeuna sampeyan
siga nu hayang nyaho kaayaan Burisrawa, Kaula nyata jadi hayang apal
maksudna."

Nakula:"Ah mending urang papaliwat we lah, anjeun neruskeun perjalanan,
kitu deui Kula jeung adi Kula, Napsi2."

Aswatama:"Ah teu bisa kitu, sampeyan rek neangan Burisrawa aya naon? Tangtu
aya hubunganana jeung leungitna Rd. Burisrawa. Balaka we atuh."

Nakula:"E eh, sampeyan teu beunang diajak ngomong hade, rek naon sampeyan!?"
Nakula ayeuna mah rada kasar nyariosna.

Aswata :"Hehehehe, kakara ditanya sakitu geus nyeuneu, beuki curiga yeuh diri
Kaula.Ah mun teu brukbrak mah, sampeyan duaan hamo bisa ngaliwat ti
ieu pertempatan kalawan aman." Aswatama ayeuna mah nadana kaciri ngancam.

"Eueueuh sampeyan ngajak ngesang nya? Hehehehe, Pandawa mah najan saeutik
tara mundur; sok rek naon sampeyan?"

Hanca

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar