Rabu, 15 September 2010

Burisrawa Kaedanan - 21

Barang Patih Ganda Setra ningali nu jangkung luhur, ngahalangan ka manehna;
manehna ganda seuri, na pikirna ieu jelema jangkung badag tapi meureun mo
sapira kabisana, ukur tambuh badag wungkul; enggal wae ngarontok; tapi ngan
sakilat geus kabantingkeun nian lemah, mani tarik pisan, atuh barang hudang teh
bari lieur, bari terus ditewak ku Bimasena; teu antaparah deui ditinggangan mani
ampun2an. Tapi ku Bimasena teu diantep teras we dialungkeun mani jauh pisan.
Barang gubrag barang les we kapaehan teu empes2 eta Patih Ganda Setra teh.

Bima neraskeun pangamukna ka Para Prajurit atuh mani tingjarerit eta para
prajurit bawahan teh, mani sakeak sakeak. Atuh loba nu barirat, sieuneun ku
pangamukna ieu Bimasena.

Ari Gatotkacha nu nyanghareupan Ganda Setra, gelutna memang ragot, tapi
Setra Sakti kaciri kateteran, meus2 jelebot, meus meus jelebot. Lila2 mah
Setra Sakti teu kuateun ; manehna rek ngacir; tapi teu dibere kasempetan
ku Gatotkacha; terus dirontok beuheungna dipuntirkeun mani sapat pisan!
Ari janggelek teh ular sanca HIDEUNG mani lestreng.

Antasena oge nyakitu ragot tarung sareng Ganda Sakti; ieu ge geus kateteran;
akhirna didengkek teu bisa usik, najan teterejelan, teu mahi nandingan Putra
Bima Antareja, ahli piting lantaran turunan Hyang Antaboga; atuh barang
dilesotkeun barang robah jadi kalajengking nu gede pisan; tapi geus jadi bangke.

Raja Ganda Perkasa kacida amarahna, ningal sadayana bubar ketawuran,
manehna laju sumbar2 kemanigan:"Eladalah ! Ohek  Cuiiihhh ! Aing najan teu
boga prajurit, moal sieun ngalawan sakabeh pahlawan Madukara. Sok kabeh ge tamplokkeun ka Aing. Kaula rek nalukkeun Madukara ku sorangan. Sok wani
mah maju. Rek hiji2' rek hurupan, moal dipanglumpatkeun ku aing !"

Nyata para prajurit Mayawana tos ngalacir colong playu; para prajurit Madukara
rame salusurakan. Para pamimpinna nya eta ima, Gatotkacha, tos nguping
sosoakna Raja Ganda Perkasa; enggal Bima nyauran ka Antasena:"Heh Antareja,
tewak eta jelema gusur tewak jeung borogod ku maneh!"

"Sandika Rama Sena." Lajeng wae Antareja majeng mayunan Ganda Perkasa.


HANCA

5787EF74-ACDF-2699-46C1-853962BE7E34

1.03.01

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar