Rabu, 15 September 2010

Burisrawa Kaedanan - 16

Kacaturkeun Baladewa tos sumping ka Madukara; kaleresan masih rempeg sadaya;
saparantos biasa basa basi; enggalna wae Baladewa nyarios:"Kaula menta idin ti
sadaya Pandawa rek ngawarah Gatotkacha; tuman geus ngahina diri Kaula."
Saparantos nyarios kitu; teu ngantos widi heula heula anjeunna anggal ngagusur
Gatotkacha dibawa kaluar; teu antaparah deui plak2 wae Gatotkacha dicabokan.
Barang bade neunggeul deui; jol jekok we ti pengkereun aya nu nojok, mani tarik
pisan. Baladewa mani ngabangkieung nyeri ; ana direret aya pamuda nu sisitan
keur neunggeul anjeunna; atuh teu tatapasini deui jekok we males; lantaran cek
Dursasana aya pamuda sisitan anak Bima keneh.

"Oh ieu Antasena teh ? Sok sakalian ku Kaula urang warah!"

Gatotkacha nu titadi teu ngalawan enggal ngandika:"Nun Ua Baladewa, aya naon
ieu teh ? Putra kalintang bingungna !?"

"Eh Gatotkacha, tong api2 sampeyan! dihareupeun mah mani suumbah sembah;
padahal ditukangeun Kaula maneh meureupan !NGaku we lah !"

Gatotkacha:"Teu pisan2 Ua Baladewa................." Karek ge sapotong beletak
deui Baladewa nampiling; tapi teu keuna da Gatotkacha nyingcet; barang bade
sakali deui ditampiling; dipangnakiskeun ku Antareja. bari Antareja enggal
sasuran:"Hemmm, ieu teh Ua Baladewa?Ke heula anan; gampang ari ngawarah,
atawa ngahukum mah; tapi sagala ge kapan kudu aya aturanana !?"

Bima tos bade kaluar lantaran ningal ingkang Putra b\nuju dikakaya ku Baladewa;
tapi dihalangan ku Kresna, bari teu weleh gumujeng Kresna sasauran:"Tenang we
Yayi Bima; da moal nanaon; keun ku Kaula ke dibereskeunana mah. Tuh pan
Antareja ge mani wanian kitu, ngahalang halang kakng Baladewa. Keun we antep.
Rek nepi ka mana cenah ?!"

Jelebot Antareja digebug ku Prabu Baladewa dugi ka kokoloyongan; teras
ditewak ku Baladewa; barang bade ditonjok deui; ngong aya sora :"Punten UA."
Bari jeleet we nampiling ; atuh Baladewa mani keleyengan sabab eta teh nyata
panampiling Gatotkacha nu tos diparancahan. Tapi memang Baladewa gagah
sakti ngan sakilat teger deui; teras susumbar kemanigan:"Eh, Gatotkacha,
maneh kurang ajar nyebut punten tapi bari ngajeleger kana ceuli. Awas !"

Tapi barang Baladewa bade ngojengkang ngudag Gatotkacha; anjeunna tikosewad
lantaran sampeanana direngkas ti tukang ku Antareja mani ngan sakilat pisan.
Atuh geubisnna nangkuban. Ngan sakilat tos ngadeg deui; bari napsu amarah;
maksadna bade males ka Antareja sareng Gatotkacha. Tapi bareng ngadeg; dipayuneunana tos aya nu ngahalangan.

Baladewa:"Eh Yayi Kresna, tongngahalang halang ieu Akang keur ngawarah si
Gaotokacha !"


Hanca


 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar