Rabu, 15 September 2010

Burisrawa Kaedanan - 20

Caturkeun wae Para pasukan Madukara nu dipimpin ku Gatotkacha sareng
Antareja tos ngadamel hiji pertahanan; tiap diserang ku para prajuit
Wanamaya, eta Pasukan Madukara ngalawan kalawan disiplin; atuh kuat
pisan barisan pertahanan lapis kahiji Madukara teh; ngan orokaya pasukan
Maya Wana mah, bari waranian teh kaciri wareduk deuih; jadi masing
acak acakan oge, lila2 mah Pasukan Madukara kadeseh; laju lapis kahiji
diganti ku lapis ka dua nu kahiji mundur jadi pangtukangna; lapis katilu geus
siap pikeun ngaganti lapis kadua. Ku cara gentenan kitu; teu wudu pasukan
Madukara jadi bisa nahan oge desekan ti pasukan Mayawana, nepi ka
perangna lami pisan.

Gatotkacha lajeng wae luncat majeng kapayun, ngarontok hiji prajurit nu
pangcaketna ka anjeunna. Barang dirontok barang beuheungna dipurilitkeun
dugi ka pites pisan; atuh tiwas sapada harita; ngan aneh pisan wujud eta prajurit
teh leungit gantina oray hideung nu sapat huluna. Antasena ge teu eleh geleng
ku ingkang rayi, ngarontok terus miting hiji prajurit nepi ka maotna; aneh deui
wae, prajurit musuh jadi hileud hideung nu gede, bari ngarengkol geus teu
nyawaan. Saterasna ieu dua pahlawan Indraprasta ngaramuk; dugi ka ting
galoler bangke oray hideung, hileud hideung; anjing hideung; babi hideung;
kalajengking ; babakaur jeung sasatoan sejenna nu harideung warnana.
Atuh ku ieu pangamukna Gatotkacha pasukan Madukara bari perang teh, bari
salusurakan ku bingahna ningal ketak pamimpinna nu sakitu garagahna.
Sabalikna pasukan Mayawana rada kadesek.

"Eh ponggawa! Mangka waspada! Tong ngalawan prajurit yeuh wani mah lawanan
Kaula Senapati Mayawana!" Eta nu susumbar teh nyatana si Setra Sakti. Nya
atuh Gatotkacha enggal mayunan ieu senapati. Saperti nu tos badami si Ganda
Sakti oge tos papayun payun sareng Antasena. Ger wae atuh ieu dua pasang
Pahlawan teh perang ragot; para prajurit teras neraskeun peperanganana. Tapi
pasukan Madukara beuki teteg hatena lantaran Pimpinan maranehna kacida
garagahna; ayeuna maranehna nyobaan ari ngadek teh sok leuwih ti sakali; nyata
ayeuna mah pasukan Maya Wana ting jarungkel ngajadi bangke orang hideung.
Lamun dikadek ngan ukur sakali teu teurak; tapi dua kali di na tapak nu sarua
eta prajurit teh langsung rarubuh. Atuh Pasukan Madukara beuki tambanh
sumangetna.

Patih Ganda Setra lajeng majeng kapayun ; ngamuk ka para prajurit Madukara;
atuh sapada harita pasukan Madukara teh ting jarungkel; da nu ieu mah dikadek
dua kali teu rengrot2 acan, bari jeung hese deuih keunana oge; da elmu mempona
kacida mumpunina. Atuh pasukan Madukara ripuh, seueur nu tiwas; nya aya nu
lumpat laporan ka Karaton Madukara.; barang eta prajurit laporan, teu ngantosan
parentah atawa widi dwui gesit gesat gesut Sang Bimasena lumpat kaluar, nuju
ka Medan Perang.

"Yoooy, lamun anakna teu kuat aing bapana nu bakal ngabinasa eta urang
Wanamaya. Mangka waspada!" Bima bari lumpat bari susumbar. Mung sakilat
tos aya di medan jurit; teras wae megat Patih Ganda Setra nu nuju ngamuk.

HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar