Senin, 06 September 2010

Burisrawa Kaedanan - 14

 

Kumaha ari Gatotkacha nu amprok sareng Dursasana?

Barang Dursasana ningali Gatotkacha sareng Antasena, enggalna Dursasana
megat jalan, lantaran bade naroskeun sugan Gatotkacha apal ka Burisrawa.

"Eit...........hehehehe, eee Gatot   .... e Kacha.........  e e e........  rek kamana
maneh ? Heh !"

"Nun Ua Dursasana, Kaula jeung ieu lanceuk Kula , bade ka Astina ."

"Eit ! eee .......... ka   Astina ? e ee aya naon ? Naon tujuanana ?"

"Nya bade tumaros ngeunaan Paman Burisrawa ."

"Eit, e  aya naon,   e. e. e  make nanyakeun soal Burisrawa heh !?"

"Eta mah rasiah Kaula,Ua Dursasana, rasia jabatan."

"eit...........  hahahaha.......... teu bisa jadi. eeee  ieu Kaula keur neangan e e e...
Burisrawa; tah mun maneh nyaho, sebutkeun dimana ayana Burisrawa ?"

"Hemmmm .............  jadi Paman Burisrawa suwung di Astina ?"

"Enya nu matak keur diteangan oge. Ari ieu lanceuk maneh? geuning sisitan !?"

"Hemmmm,   yi  yi  sikat yi............. kakang geus napsu yeuh ......"Antasena
ngaharewos. "Tenang kang ..................  sabar heula."

"Hemmmm, nun inggih ieu Antasena lanceuk Kaula, ti Dewi Nagagini di
Sapta pertala."

"Eit ! Hahahahaha...............   eee si Bima .....   e e e sok ngaco..............; eee
Hahahaha kawin ka oraya jeung oge Buta !"

Barang balem eta cariosan jol2 bek ! buk ! Dua tonjokan langsung katampi ku
Dursasana; atuh Dursasana Knock down pisan.

Enggal diburu ku Durmaganda, Ari Durmagati, sareng Dursurmagata enggal maju
ngaraponan Antasena sareng GatotKacha; tapi dikoroyok ku puluhan prajurit
teu pisan dua Putra Bima ieu keder; malah kawas Laronnyampeurkeun seuneu
eta nu ngoroyok ting jarungkeul ting jarumpalik; lolobana mah geus teu aya
sumanget hudang deui; terus we ngajurahroh bari ngarasakeun kanyeri.

Ningal pasukanana diancurkeun ku Gatotkacha sareng Antasena, sajongjongan
mah Dursana olohok we mata simeuteun; ku heran ningal kagagahana ieu dua
Pahlawan Putra Bimasena. Enggal wae nyorowok :" Eeeee ........... mundur2!
Lain lawaneun ! ngaranna ge anak genderewo; hayo urang bejakeun ka Kang
Baladewa !"

Enggalna bae Para Kurawa tos barirat, teu diudag ku Gatotkacha teh; ngan dipelong
we ti katebihan. Enggalna wae Gatotkacha sareng Antasena mulih deui ka
Madukara; lantaran Burisrawa na oge suwung di Astina.

Hanca

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar