Kamis, 02 September 2010

Burisrawa Kaedanan - 8

Ti bah AA

 

Samemeh Gatotkacha angkat ngajagi jasad Sumbadra nu di na rakit di
Walungan; Gatotkacha marios kalayan taliti di Taman Sari Maduganda;
lantaran nya di dinya pisan tiwasna ingkang Bibi Rara Sumbadra teh.

Barang ditingalan caket jukut dimana Rara Sumbadra tiwas; Gatotkacha
ningali aya ali. Nyata Gatotkacha socana awas pisan; da ku jalmi biasa
mah moal kapendak eta ali teh; da nyumput mani buni pisan, sahandapeun
jujukutan. Enggalna wae eta ali teh dicandak ku Gatotkacha dipasihkeun
ka Para Ramana Pandawa. Saterasna dipasihkeun ka Bhatara Kresna.

"Tah geuning yayi; aya "tamah" bukti sejen deui. Ieu ali kacida anehna;
batuna hideung manis lestreng; ari watangna oge beusi HIDEUNG.
Moal aya manusa nu daek mamake ieu ali teh; lantaran ieu mah
sigana lain ali pikeun manusa tapi pikeun siluman, genderewo. Jadi
mungkin oge ieu jelema nu make teh, geus mementa ka siluman; nya
ku siluman dibere ieu ali; supaya teu bisa katenjo jirimna ku nu sejen.
Tah manehna kadieu ngahaja rek ngaduruwiksa Sumbadra; ku sabab
mun make ali ieu; moal bisa nyabak2 acan; ieu jelema terus nekad, muka
ieu ali; nepi ka Sumbadra ningal manehna; teus ngajerit; meureun terus
ditelasan ku eta manusa; da sieun katohyan.Kitu eta sigana."

"Hehehehehe, hebat Raka Bhatara mah ari tos reka yasa teh, mani siga
nu bener2 nyaksian." Saur Arjuna.

"Hahahahaha, da teu aya deui atuh bukti sanesna salian kitu kuduna.
Hehehehhe ..............   Kresnaaa. Hahahaha."

"Tah ayeuna ieu ali simpen ku yayi Kaipe; dimana datang aya nu nanyakeun
atawa neangan eta ali; tah tangtu nu jahatna bakal kapanggih. Kasep Gatotkacha
bral ka wahangan talingakeun ku sampeyan; saha2 wae nu wani ngadeukeutan
jasad Bibi hidep Sumbadra; tangtu eta duratmakana."

"Nun inggih Ua Bhatara, bakal diestokeun pisan,"

Enggalna Gatotkacha tos kaluar ti Karaton Madukara, ngemban tugas ngajagi
layon/jasad Sumbadra nu dipalidkeun ka na walungan. Ayeuna tunda heula
Gatotkacha nu ngawas2; tunda di hanjuang siang bakal alaeun; teundeun di
handeuleum sieum pikeun sampeureun. Ayeuna kakocap di Sapta Pratala;
Sanghyang Antaboga nuju diadep ku Putra hiji2na nya eta Dewi Ulupi diiring
ku ingkang Putra Nonoman gagah, putuna Antaboga.

Katingal raray Sanghyang Antaboga sareng Dewi Ulupi nuju sedih kingkin; ari
eta nonoman nu calik di pengkereun Ulupi katingal aya pameredih nu teu tiasa
dipalerkeun.

Enggalna Antaboga ngandika:"Euh Ulupi; jadi ieu si Antasena putu eyang teh
aya kahayang, pok atuh sebutkeun naon cenh kahayangna teh ?"

"Dawuh Rama, leres pangandika; tapi ieu Antareja teh keukeuh peuteukeuh
hoyong tepang sareng ramana; padahal ku Putra tos diolo ku sagala rupa;
tapi ih keukeuh we cenah, moal bisa guligah mun can pendak sareng ramana."

"Hehehehe, nya atuh ngaranna ge anak geus nuju dewasa, nya tangtu hayang
nyaho ka bapa; sigana mah memang waktu ieu teh waktuna nu mustari pisan.
Ayeuna cek bathin eyang; Pandawa keur aya di na prihatin; jung kaditu mere
pitulung; incu eyang kudu ka walungan; di dinya bakal manggihan rakit nu
teu aya jalmaan iwal ti mayit; tah ku hidep sampeurkeun eta rakit teh; lantaran
eta pisan nu bakal jadi cukang lantaran hidep pendak sareng rama hidep,
bapa hidep teh nya eta Bimasena panengah Pandawa. Tah ieu ku eyang
hidep bakal dibekelan cai Kahuripan, nu bakal iasa nulungan eta mayit di na
Rakit. Eta mayit teh nya eta Bibi hidep Sumbadra. Bral diduakeun ku eyang
sing hasil."

Bingah amarwata suta, bingahna kagiri giri, Antareja...............

Hanca


 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar