Senin, 06 September 2010

Burisrawa Kaedanan -13

 

Aswatama teras wae nyerang ka Nakula; ari Jayadrata jeung pasukanana
ngepung ka Sadewa; tapi Sadewa teu ring rang ; teras teger nyanghareupan
nu ngalingkung ningker anjeunna.

Sadewa:"Hehehehe, Jayadrata yu urang ulin model Nakula jeung aswatama;
sok rek wawanian maju sorangan model Aswatama, atawa rek lobaan? Naha
hiji2 naha kabehanana? Moal dipake kabur ku Kaula !"

Jayadrata:"Tong sombong sampeyan. Sakeudeung deui bakal ampun2an ka
Kaula !"

"Eh Kang Jayadrata, nebas hayam mah teu kudu make bedog paranti meuncit
munding atuh, keun Kula heula Citraksi hayang nyobaan tanaga si Sadewa."

"Ati2 rayi..........." Cek Jayadrata.

Teras Citraksi maju lalaunan ka Payuneun Sadewa:"Soh siah Sadewa, naon
kabisa maneh, kaluarkeun ayeuna, hayang nyaho ?!"

"Ah teu kudu sagala kabisa; ku andika mah lawan ku mengpo cimacan ge beres !"

Citraksi nu tadina tenang ayeuna mah ESMOSI; terus waengarontok ka Sadewa;
tapi ngan ukur sagilek, Citraksi tos niban lemah, dibanting ku Sadewa. Mani
buncunur biwirna lantaran nyium taneuh mangkaning rada kabeubeutkeun.
Atuh nyerangna nu kadua kali bari amarah pisan. Tapi ngan sakilat igana
katonjok nep ka babangkieungan nyeurieun. Atuh gancang we diganti ku Citraksa
ayeuna mah numaju. Tapi ieu ge aduh2an lantaran ditampiling puhu ceulina.

Nya atuh Citrayudha sarek Caruk Citra nyoba2 ngoroyok; tapi duanana ge teu
lami tos ting jarurahroh.

Demi Aswatama, mimitina mah enyaan ngadesek ka Nakula; dilawanan ku tenang
we ku Nakula, tapi saterusna tibalik, ayeuna mah aswata kadesek; malah kelepok2
dua kali pipina kacabok; atuh mani amarah pisan. Langsung susumbar:

"Eh Nakula, enyaan sampeyan diantep teh jadi cucungah ! awas siah pembalesan !"

"Hehehehe, sok we tong loba catur Swatama, sok kadinyah kaluarkeun kabisa teh,
piraku, kapan Rama sapeyan Guru nu sakitu saktina !"

Aswatama beuli amarah , lantaran Ramana Resi Drona dibabawa. Teu seueur catur
teras nyerang deui ka Nakula; nu dilawanan ku Nakula; atuh ger rame deui ; ieu
nu tarung teh. Demi Sadewa ayeuna keur gelut sareng Jayadrata dilalajoan ku nu
sanesna; tapi nyata Jayadrata oge sanes tandingan Sadewa. Meus2 gebluk nyium
taneuh; meus2 jekok katonjok; nya akhirna mah Sadewa dikoroyok; tapi tetep we
Sadewa tenang ngalawanan.

Aswatama lami2 mah kadesek oge ku Nakula; akhirna nyorowok:
"Eh batur2 yu urang tinggalkeun ieu tempat; keun we engke urang balitungan deui
jeung si Nakula; bisi kapiran neangan Burisrawa."

Teu kudu ngaduakalian nu sejenna oge ting berebet ting balecir ninggalkeun
palagan.

HANCA

 

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar