Jumat, 03 September 2010

[kisunda] Burisrawa Kaedanan - 10

 

Barang Sumbadra ningali nu silih tonjok kitu enggal wae anjeunna
ngagentraan Gatotkavha :"Gatotkacha, cing eureun heula garelut teh....."

Enggalna Gatotkacha bari tetep buk bek ngawaler ka Wara Sumbadra:
"Nun Kangjeng Bibi, tenang we Kanjeng Bibi, masing ieu duratmaka enya
gagah tapi ku Gatotkacha mah biasa "aman terkendali" tea."

Tpi kulantaran Gatotkacha ngawaleran ka Wara Sumbadra, atuh
konsentrasina kaganggu, leres ngan sakolepat pisan, tapi ka nu nuju
bitotama mah penting pisan; ngan sakilat dada Gatotkacha ditonjok ku
Antasena; saterasna diperekpek ku tonjokan sareng tampilingan,
mani sababbaraha kali; atuh ayeuna mah tibalik Gatotkacha rada
kadesek. Tapi tetep ari males mah aya oge; ngan ayeuna Gatotkacha
jadi nu kaserang; keur kitu Gatotkacha ditangkeup teras dijungjungkeun,
nu saterasna dibanting ku Antasena. Tapi ngan sakilat geus sirilik deui
duanana tarung ragot deui; nyata duanana sami2 digjaya; sami2 perkasa;
sami2 kuat urat kawat balung beusi.Akhirna duanana padogong dogong,
silih surungkeun; duanana teu pada asor. Kadang2 Gatotkacha kasurungkeun,
tapi sanggeus tilu lengkah, kabales Antareja nu kadorong.

Dewi Wara Sumbadra enggal ngagentraan duanana:"Eh Antasena, Gatotkacha
areureun heula gelutna.Mangkahade sampeyan teh masih dulur keneh !"

Kaget duanana enggal laliren ngaleupaskeun pananganana bari rada ngos2an
napsu keneh, jeung rada kacapean.

"Duuuh kangjeng Bibi, ieu teh dulur Kaula? Tapi ieu jalma teu tata pasini deui,
geus neungguelan Putra. Tangtu ieu teh nu rek dursila ka kangjeng Bibi."

"Hemmmm, kurang ajar sampeyan, sampeyan geus wani2 nyaketan layon
Kangjeng Bibi Wara Sumbadra; saur Ua Bhatara sing saha nu ngadeukeutan
layon kangjeng Bii, moal salah deui, tangtu eta duratmakana. Nu matak
langsung ku Kaula ditanganan."

Sumbadra matur:"Oooh paingan atuh ari kitu mah, eta Gatotkacha teu tata
pasini deui, teu tunyu tanya jol jol jebot we nyerang ka Antasena. Yeuh
Gatotkacha, ieu teh dulur sampeyan ti sanes ibu. Sok ayeuna mah bawa we
ka Madukara; Bibi ayeuna waluya deui lantaran ditulungan ku lanceuk hidep."

"Nun inggih Kanjeng Bibi; tapi ieu teh dulur ti manahoreng ! Kanjeng Rama
ngan ukur hiji putrana nyata Kaula Gatotkacha !"

"Hemmmmm, kurrang ajar sampeyan Gatotkacha, yeuh Kaula nu asli BimaPutra
mah. Sampeyan mah miyuni Butha !"

Gatotkacha paling keuheuleun pisan lamun disebat atanapi aya nu nyindir masalah
Buta, atuh mani keuheuleun pisan ka Antareja teh, nyerenteng bade nonjok deui;
tapi dihalangan ku Sumbadra; Antareja mah ti tatadi tos siap we bade ngalawan.

Ku margi masih mentegeg, kareret ku Gatotkacha kulit Antasena aya sisitan, terus
we bari semu kukulutus Gatotkacha nyarios:"Eta kunaon siga kulit Oray. Heuheuheu?"

Antareja amarah pisan, eta kalemahanana; paling keuheukeun lamun disilibkeun
ka na oray teh; tapi barang bade nonjok; Sumbadra ngahalangan; eta kitu teh
bari teras angkat laju ka Madukara.

HANCA

 

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar