Kamis, 02 September 2010

Burisrawa kaedanan - 9

 

Enggalna wae Antareja atanapi Antasena tos ngantunkeun Sapta Pertala;
mucunghul ti na lebet Bumi; teras mapay2 leuweung; nya saparantos asruk2
an Antareja ningal aya Walungan; di na eta walungan teh aya rakit; ah moal
salah deui ieu meureun rakit nu dimaksud ku eyang teh; tuh geuning katingal
aya mayit istri. Kitu Antareja nyarios salebeting manahna.

Enggalna wae Antareja nyaketan eta rakit; katingal eta istri teh sanes mirupa
mayit tapi siga nu nuju kulem. Ieu meureun Bibi Sumbadra teh; keun ayeuna ku
Kula bakal dikucuran cai Kahuripan. Barang raray Rara Sumbadra dikeceran ku
ci Kahuripan , Sang Dewi tanghi teras gigisik; kaget naha aya ditengah walungan
bari aya di na rakit; tambih kaget manahna margi aya hiji pamuda nu nuju
ngawaskeun ka anjeunna. Barang Sumbadra bade ngajerit; eta Pamuda teh
nyembah teras sasauran:" Nu Jeng Bibi Wara Sumbadra; mugia ulah kaget.
Putra teh Putrana Rama Bima ; ari Ibu Ulupi; ayeuna bade sowan ka kanjeng
Rama; tapi ningali aya istri diluhur rakit; Putra kalintang heranna; teras we
kadieu; saterasna ningali layon jeng Bibi; nya teras ku Putra dikucuran cai
Kahuripan pamasihan ti eyang Antaboga."

"Oooooh jadi Bibi teh geus kungsi paeh ?.............aeh enya si Burisrawa rek
nyilakakeun ka Bibi; kumaha sampeyan apal yen Bibi te Wara Sumbadra ?"

"Nun inggih, Eyang Antaboga tus uningaeun ka na kayaan Bibi.............."

Barang nuju gunem catur kitu teu kanyahoan jelebot2 wae pameunteu Antareja
aya nu ngagebugan mani asa dibentar gelap ku nyeri2na; tos kitu teh teu tata
pasini Antasena digusur ka daratan; terus diperekpek teu eureun2. Atuh Antasena
kacida ripuhna; bari asa dibongohan; jeung eta teunggeulanana aya ku tarik pisan,
lir gelap saleser. Tapi Antareja teu manda kitu wae; bari amarah lajeng wae
ngagurinjal ; pakupis terus aya oge nuasup tonjokanana ka dada nu nyerang.

"Hemmm............. duratmaka ! Tong sambat kaniaya sampeyan bakal cilaka
ku tangan Kaula ! Ulah sambat kaniaya, moal aya ampunan , tuman ! Nepi ka
Kaula disiksa ku kanjeng Rama. Tapi sampeyan kaasup kuat, tapi moal lila
tangtu bakal diborogod ku Kaula".

Bari ngalawan Antasena lajeng ngandika:"Eh kurang ajar sampean, teu hujan teu
angin geus nyerang diri Kaula; meureun sampeyan nu rek nyilakakeun Kanjeng Bibi
teh; masing sampeyan gagah oge; Kaula moal sieun !"

Beletak2 deui Antareja ditonjokan; bari teras dilaklak dasar ku eta nu nangkep teh:
"Eh nyata sampeyan digjaya; tapi moal kuat ngalawan Gatotkacha; Bima Putra !"

Kaget manahna Antareja; naha ieu musuh teh nyeutkeun Bima Putra ? piraku
Bima Putra nyilakeun bibi Sumbadra onaman ? Bari nakis gebugan bari nyingcet
nya sabagean mah keuna ka na rarayna; tapi ayeuna mah dikuat2 keun we;
teras nyaur tarik:"Eh andika; sing asak sasar atuh ! Naha teu tata pasini deui jol2
jekok2 ngagebugan Kaula ? Garong oge kapan sok ditanya heula ku Pulisi?
Ari ieu jol2 nyerang we. cik eureun heula sakeudeung !"

"Hahahahaha, duratmaka ........... duratmaka.............. tong loba omong; geus teu
kuat nya ngalawan Kaula ? Moal aya nu bisa ngalawan Gatostkacha, Purabaya,
KancingJaya; Nrincing Wesi, BimaPutra mah. Hahahah"

"Bari jelebot2 aya kana duakalina raray Antareja katampiling ku Gatotkacha; da
memang nu nangkep Antareja teh nyatana Gatotkacha. Tadi anjeunna ningal
aya pamuda nyampeurkeun Bibi Wara Sumbadra; atuh langsung teg wae; ah ieu
tah geuning duratmaka teh; anu disaurkeun ku Ua Bhatara; eeh bisa
ngawaraskeun Kangjeng Bibi deuih.............   ah enya pasti ieu yeu duratmakana;
teu tata pasini Gatotkacha nyerang ka Antasena; bari teras digusur ka darat.

Hanca
 

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar