Kamis, 16 September 2010

Burisrawa Kaedanan - 27

Ti bah AA

 

Sinarna Saratoma moncorong, Raja Ganda Perkasa serabeun pisan, enggalna
wae Arjuna tos mentangkeun jamparing; ieu panah ngan sakilat tos niban ka na
dada Ganda Perkasa; ujug janggelek rupa Ganda Perkasa jadi Gedeng Permoni
bari totobatan; teras dibawa ku Panah Sarotama ka Setra Ganda Mayit.

Gubrag wae Gedeng Permoni digubragkeun di Naga Kajinan Setra Ganda Mayit;
karaos awakna estu leuleus letek; bari humarurung, ngalungsar bae da teu aya daya
upaya; balad2 genderewo enggal wae ngagarotong Gedeng Permoni.

Ngandika Gedeng Permoni:"ADu biang biang; ampuuun; Kaula moal deui2 perang
jeung si Arjuna; enyaan sakti mandraguna; geus maraneh oge ulah wani2 ganggu
ka urang Indraprasta, bahaya."

"mangga   mangga   mangga  !!!!" Balad Genderewo saur manuk narembalan.

Urang catur di Madukara, Semyaji dihadep ku para pangagung, antawisna
Sri Kresna, Arya Jodipati, Arjuna , Nakula. Sadewa.

Bima ngalahir:"Darmaji kakangku, geuning nyata Gedeng Permoni, Ratu jurig,
paingan atuh hese dielehkeunana...........hemmm, untung si Jenet bisa
ngusir ku senjatana."

Kresna:"Hehehehehe, tapi sampeyan Rayi Bima, hebat oge eta para siluman mani
katawuran merangan sampean."

Bima:"Hmmm. Hahahaha enya, malah Patihna pisan ku Kaula teu walakaya."

Kresna:"Tah kapan yayi Sena ge sakitu hebatna, atuh da licik si Permoni mah,
perangna, make elmu sihir !"

Biima:"Enya nu matak Kaula eleh oge; da teu puguh2 jol2 leuleus; ah edan memang
si Permoni teh. Kafieuna ngahaja rek menta ali hideung tea; bari cenah rek nyoba
nalukkeun Madukara. Hahahahaha; untung si Jenet bisa ngelehkeun manehna."

Yudistira:"Tah ayeuna mah, sadayana tos dituntaskeun; Sumbadra tos walagri deui;
Burisrawa tos dicandak ku Kakang Baladewa; nu jadi mamala teh tetela genderewo,
jadi tos ayeuna mah tong dipapanjangkeun; da kapan Burisrawa ge geus cilaka; jeung
masih baraya keneh, jauk2 ge."

Arjuna:"Leres teu kapindo damel Kakang; Rayi ngiringan wae."

Kresna:"Hahahaha, tah kitu atuh Yayi Kaipe; ayeuna mah tos salse sadaya;
akang rek ka Meralaya, pamit."

Bima: Kula ge rek ka Jodipati."
Enggalna bae Yudhistira mulih ka Amarta; Nakula Sadewa ka Sawojajar.
Antasena pamit bade mulih deui ka Sapta Pertala; bari wanti2 ka Gatotkaca,
mun butuh anjeunna cenah tenjrag we taneuh tilu kali; tangtu akang mucunghul.
Gatotkacha oge teras patroli deui di sakuliah Indraprasta; bilih aya deui karaman.

Tutup lawang Sigotaka.................


 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar