Rabu, 15 September 2010

Burisrawa Kaedanan - 24

Ti bah AA

 

Tunda nu nuju ragot jurit; kacaturkeun di Karaton Madukara, Yudhistira
dihadep  para saderek Arjuna Nakula Sadewa; sareng tamu Agung Meralaya
Prabu Kresna, Krisnamurti; Jenggalamanik, Janardana ya Danardana. Nuju
nyarioskeun peperanganana Bima sareng para Putrana; nuju guntreng jol we
tamtama laporan.

Yudhistira:"Tah geuning aya Tamtama ti Medan laga; kumaha cenah bejana
nu perang teh ?"

Tamtama:"Sandika Gusti. Peperangan mah mung sakedap; pasukan musuh
kawon sadaya bubar ketawuran.................mung .............."

Arjuna motong:"Mung naon tamtama !?"

Tamtama:"Ayeuna Rajana Mayawana nya eta Ganda Perkasa nangtang jurit
patutunggalan; ngawitan Antasena; tapi eta Raja sesah dikalahkeunana; nya
teras sang Gatotkacha majeng kapayun; estu rame da silih adu kuat; duka
saha tah nu asor ?!"

Yudhistira:"Sukur sampeyan gancang laporan kadieu; Yayi Arjuna, yu urang
tonton tah, kumaha ketakna eta Raja Ganda Perkasa teh."

Arjuna:"Mangga ngiringan Raka Prabu. Yu yayi Nakula , Sadewa urang marangkat
ka palagan jurit."

Nakula/Sadewa meh bareng:"Ngiringan kakang Arjuna; mangga.............."

Enggalna wae Yudhistira angkat ka palagan jurit, angkatna ngarendeng sareng
sang Prabu Jenggalamanik, dipengkerna Arjuna, Nakula Sadewa; teras sarebu
pangiring sareng tukang kawal kaprabon ngaleut sapengkereun Para Pangagung.

Caturkeun wae sadayana dugi ka nu nuju bitotama, harita sumpingna Yudhistira
pas waktosna Gatotkacha ngagebug Ganda Perkasa nepi ka eta Raja teh
tigugulitik rada tebih.

Yudhistira:"Wah enyaan Gatotkacha mah gagah rongkah jeung sakti pisan; Kula
atoh boga anak gagah saperti kitu."

Kresna:"Hehehehhe, leres pangandika Yayi Prabu..........   tapi katingalna itu Raja
Ganda Perkasa ge lain musuh nu gampang dielehkeun."

Katingal Ganda Perkasa tos ngalempreh; tapi teu kanyahoan tos ngorejat deui, bari
seuseurian:"Hhahahaha; waduh enyaan Sakti eta panyabok andika teh Gatotkacha;
mun lain Kaula geus tutung beungeut digebuk ku sampeyan. Hahahaha, itu pasti
Yudhistira jeung Sri Kresna nu nongton ; tuh itu meureun Ki Arjuna. Hahahaha."

Sadaya sami melengek, iwal ti Prabu Kresna nu mung ukur ngagelenyu.
Gatotkacha enggalna mundur, margi tos jangji tea. Enggalna Nakula bade maju ,
mung diwagel ku Yudhistira. Bima panasaran pisan teras wae maju mayunan
Ganda Perkasa.

Bima:"Yooooo Handa Perkasa, enyaan andika memang gagah sakti mandraguna;
sok ayeuna lawanan yeuh Bima; Bratasena, Satriya NunggulPawenang, Arya
Jodipati."

Ganda Perkasa:"Sok lah ; tadi anakna ayeuna bapana maju.............  Hahahaha!"

Hanca

5787EF74-ACDF-2699-46C1-853962BE7E34

1.03.01

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar