Senin, 06 September 2010

Burisrawa Kaedanan - 15

 

Kacatur Dursasana sareng Dur Dur sanesna, lumebet ka Karaton Astinalaya;
harita di pasewakan Karaton nuju gunem catur Sang Prabu Anom Jakapitana,
sareng rengrengan Pangagung : Sakuni, Guru Drona; Prabu Mandura Baladewa;
Raja Awangga Karna.
Kaget Prabu Anom Duryodhana ningali rai2na pameunteuna baluncunur siga
tapak labuh, enggalna bae Sang Prabu Anom ngandika:"Eh Yayi Dursasana,
aya naon ieu teh ? Kunaon beungeut sampeyan gareuneuk kitu ? Kumaha
Burisrawa kapendak ?"

Dursasana:" e.....  e..... e..... ieu memang ...... cucungah tah si Gatotkacha !"

"Ke heula anan, kumaha ieu teh ? Ditanya Burisrawa, malah jadi nyebut
Gatotkacha !?"

"Eeee.........eee.... memang  si...si... Gatotkacha , teh eee..... eee ..............
cucungah pisan, Kaula nanyakeun masalah Burisrawa; malah manehna
molototan, kena2 panonna Bolotot ! Dasar anak Buta !!!"

Suyudhana:"Keun we heula masalah anak Buta mah, eta kunaon teu puguh2
make molotan ? Sugan yayi aya kasalahan ?!"

Dursasana:"Ah , memang dasar Barudak Ngora jaman Ayeuna atuh Kakang ,
sok rada culangung, teu ngahargaan pisan ka kolot teh."

Suyudhana:"Ke heula atuh masalah Gatotkacha, eta Burisrawa kumaha kapanggih?"

Dursasana:"Aduh! ...........  nya   eta..........ngan bae...........e  ee   eee; eta si
Gatotkacha teh nyurigakeun pisan, moal enya ditanya masalah Burisrawa malah
ujug2 ambek? Pasti aya naon2na tah ? Padahal ku Rai teh geus disebutkeun,
ieu teh tugas ti Kakang, sabage kaka Ipar Burisrawa; malah disebutkeun oge yen
Kakang Baladewa oge nuju milarian . Eeee .... eee............  si Gatotkacha malah
nyeungseurikeun; tong sok mamawa nu sejen cenah, komo ka Baladewa mah."

Baladewa barang nguping kasauran Dursasana kitu, enggal motong:"Jadi si
Gatotkacha nyarita kitu ?!"

Dursasana:"eeee ........ eee........  asana mah kitu da kurang jelas jeung popolotot
deuih kena2 anak BUTA !"

Baladewa:"Wah teu bisa diantep tah anak Buta teh.........."

Dursasana:"Aya deui hiji deui Kang............., e  e  ee Antareja tah ! Kudu diwarah
anak Bima keneh, ti ORAY ! Awakna ge sisitan."

Baladewa:"Memang si Bima mah sok tara parok jeung batur. Eh Rayi Suyudhana !
Oge sadayana, Kula pamit heula; mun can ngawarah si Gatotkacha, moal sugema
yeuh hate Kula! Sok Kaula teu sieun najan aya si Bima oge."

Enggalna bae Prabu Baladewa miwearang kusir karetana mangkat ka Madukara
harita keneh.

HANCA


 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar