Rabu, 15 September 2010

[kisunda] Burisrawa Kaedanan - 18

 

Enggalna bae Baladewa tos mulih deui ka Astina; teras nyarioskeun yen
Burisrawa tos ditawan ku Gedeng Permoni ti Setra Ganda Mayit atuh
Prabu Anom Suyudhana kalintang kagetna:"Aduh, kumaha ieu teh? tada
teuing Banowari susaheunana? Tah ku sabab kitu poma ulah geruh;
urang sadaya kedah sagala rerencepan, tenang we."

Baldewa:"Leres yayi; tah ayeuna akang rek indit neangan Burisrawa kaditu;
menta idin we mawa pasukan Astina."

Suyudhana:"Oh mangga kakang, mangga. Sok we masing ngaratus rebu ge
mo dikoretkeun."

Enggalna bae Baladewa tos mangkat ka Setra Gandamayit, disarengan ratusn
prajurit; ari jajadug nu dicandak nya eta : Karna, Aswatama, Jayadrata, ditambih
ku panasehat nya eta Guru Drona.

Tunda nu nuju milarian Burisrawa; kakocapkeun di Setra Gandamayit. Gedeng
Permoni tos waspada bakal kadatangan ku musuh nu bakal ngaranjah
patempatanana. Enggalna wae Gedeng Permani sasauran ka sadaya para
Genderewo:"Eh sakabeh bawahan Kaula, gara2 ieu si Burisrawa nu ayeuna aya
di urang; urang Astina bakal ngajorag ka ieu pertempatan. Tah mangkahade, ieu
nu daratang lain kelasna Burisrawa. Di dieu aya Baladewa, Karna jeung Drona;
urang ulah wani2 ngalawanan maranehanana, sabab maranehanana geus dicukupan
ku elmu panemu pikeun nyanghareupan bangsa kajinan; jadi mun gur ger tea mah,
matak loba rugina ti batan untungna; keun we si Burisrawa si na dibawa. Ulah
dihalangan, lain Kula sieun ku maranehna; tapi engke masalahna jadi panjang, keun
we heula, can waktuna urang ngayakeun riributan. Tapi sampeyan kabeh kudu
waspada; lamun kula geus ngaluarkeun Komando sampeyan kudu geus siap."

Saur manuk para genderewo ngawalonan:"Mangga Ratu; mangga Ratu."

"Tah atuh hayu urang nyarumput sing buni. Ti dinya mah breng wae para genderewo
teh pada nyarumput.

Kumaha ari Burisrawa? Di na cicingna Burisrawa di Setra Gandamayit; rarasaanana
asa biasa we ilahar hirup di hiji kota. Malah senang nempatan hiji gesong bagean ti na karaton Setra Gandamayit. Unggal poe dilayanan, mangkaning ku istri nu gareulis cek paningal Burisrawa, pokona salami di eta tempat estu ngahenang ngahening
Burisrawa teh. Waktosna Para Genderewo nyarumput Burisrawa teh waktuna kulem;
jadi teu terang naon2 jongjon we kerek tibra.

Barang Pasukan Astina kadarinya kumaha katingalna Burisrawa ? Nuju ngadapang
we di na cikolemberan nu ngeuyeumbeu, jaba warna hideung ku kotor2na; nya enggal
wae Burisrawa ditarandu. Ku Pandita geus di omat2an Prajurit ulah ngadek sacekna,
nilas saplasna, lantaran eta tempat teh kacida wingitna. Tapi ngaranna ge prajurit, aya
we nu panasaran cucug cacag; akibatna mun teu bari tomada jelebot2 we digebug ku
Genderewo; atuh aya saabaraha urang nu kapaehan. Cek babaturanana mah cenah
kasambet tah eta jelema teh, lantaran rasa mokaha.

Nya atuh akhirn mah ieu romongan teh nepi we ka Astina; enggal wae manggil para
dukun lepus, Brahmana nu kawentar bisa ngubaran panyakit nu keuna ku Duruwiksa.
Nya akhirna mah Burisrawa teh nuju ka damang; mung wae kalakuanana jadi sok
huleng jentul ; sok sueri sorangan. Tapi ayeuna mah arang dipalire deui; diantep
we.

Kacaturkeun Gedeng Permoni sanggeusna Burisrawa dibawa ku urang Astina,
manehna mingpin sidang, bari nyebutkeun masalah ali nu dibikeun ka Burisrawa;
cenah eta ali teh ayeua aya di Madukara. Ku sabab eta Permoni hayang males kayeri
ka Pandawa; lantaran ku sabab eta ali, Setra Gandamayit di acak2 ku Para pasukan
Astina. Jadi malesna kudu ka Pandawa. Jadi engke ieu para Genderewo teh bakal
nyerangna ka Madukara, bari sakalian menta eta ali.
Eta para Genderewo kudu salin rupa siga pasukan ti hiji Nagara Manusa rek ngaranjah
Madukara.

HANCA
 

 

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar