Rabu, 15 September 2010

FW: Burisrawa Kaedanan - 25

Ti bah AA

 

 

Bima lajeng ngajejek Ganda Permana dugi ngagulitik aya kana tilu gulitikna;
tapi eta Raja ngan sakilat luncat; bari nyakakak:"Enyaan anak2na garagah,
bapana ge gagah. Tah ayeuna Kula bari teras nonjok sataker tanaga. Tapi
Bima teu rengrot2.

Ayeuna bagean Bima, ayeuna mah ditonjok sakali, Raja Ganda Perkasa
ngabangkieung terus niban lemah; tapi teu lami ngorejat deui. Ayeuna Bima
dicabok ku Aji Geni; Bima rada ngaraos nyeri sareng panas. Tapi teu diraos
ieuh; malah teras ngandika:"Yooo.............   enyaan andika sakti geura tadahan
ieu balesan ti Kaula !" Bari jetot wae beungeut Ganda Perkasa ditonjok, nepi ka
ngucur getih; koleang2 gubrag, tapi ngan sakilat tos jagjag deui.

"Hahahaha, ieu si Bima nyata Kuat pisan, boh ninggangna boh narima tonjokan,
cing ayeuna kira2 sanggup teu yeu ku nu ieu." Ganda perkasa enggal mapatkeun
ajian kek we panangan Bima dicepeng; Bima bade ngejetkeun pananganana, tapi
ngadadak leuleus teu aya daya. Bima kalintang kagetna. Ganda Perkasa ngadorong
Bima dugi ka tigugulitik sababaraha kali; enggal diburu ku Gatotkacha, dicandak
ka sisi.

Bima:"Yooooo...............   Wong Edan ! Jenet lawan ku maneh, eta Raja boga
kasakten nu aneh.............! Ayo ieu mah lawan si Jenet."

Enggalna bae Arjuna tos papayun payun sareng Raja Ganda Perkasa. Ganda
Perkasa seuri mani ngagakgak, tuluy ngandika:"Eh Arjuna ! Tuh para pahlawan
Indraprasta geus pada malundur; ayeuna urang teu kudu bitotama; pasrahkeun ali
Kaula, bari sampeyan taluk, Madukara jadi milik Kaula."

Arjuna:"Sampeyan tong nangtukeun hasil tina hiji pagawean, lamun can rengse
gawena; Kaula geus nempo kagagahan sampeyan jeung kasaktian sampeyan;
tapi Kula mo gimir; Kula moal kumeok memeh dipacok; jadi nya andika kudu
nyoba2 heula naker jajaten Kaula."

Ganda Perkasa:"E ladalah.............; Kula hayang nyaho, cenah Arjuna gagah sakti
mandraguna; tiap perang tara eleh; tapi kula cangcaya; jadi Kula hayang nyoba2
kadigjayaan sampean; mimitina hayu urang adu kanuragan; di na masalah mempo.
Bisa wae Arjuna ngan ukur beja; sohor ngan ukur carita wungkul; cik ayeuna
buktikeun kadigjayaan sampean !"

Arjuna :"Digjaya teu digjaya, tetep Kula bakal ngusir musuh nu wani2 ngaranjah
Madukara lan Indraprasta; jadi tong loba catur; sok we geura maju."

Ganda Perkasa"Hahahaha, apa bener sampean wani ka Kaula ?!"
Arjuna:"Teu wani ku naon ?!"
Ganda Perkasa :"Tega lara; tega pati ?!"
Arjuna:"Kula tega lara tega pati; sabalikna sampean naha enya bisa
ngelehkeun Kula Arjuna?!"

Ganda Permana:"Kurang ajar ! Binatang smpean, Arjuna !"
Ganda Perkasa langsung nyerang ka Arjuna; Arjuna kesit nyingcet, teras males
ngan sakedap duanana tos tarung ngadukeun karosan, duanana sami sami pada
pinter olah kanuraganana; dugi ka puluhan jurus teu acan aya hiji oge paneunggeul
nu asup atawa cabokan nu keuna ; estu duanana sami sami kesit.

"Hahahahha, enyaan si Arjuna ! Lain beja geuning cenah jago, bener we ari kitu mah;
ayeuna Kula geus nyaho kabisa andika; apa wani sampean nadahan paneunggeul
Kaula? Bisi wee atuh, Arjuna hebatna lantaran kesit wungkul."Cek Ganda Perkasa.

Arjuna:"Tong loba catur sampean sok we ari teu bisa neunggeul Kaula mah,
sampean meunang neunggeul, kalawan moal di pangejatkeun. Sok rek ti mana ?
Ti hareup atawa ti tukang. Kula moal nakis !"

Ganda Perkasa:"Hahahahha, enya oge geuning wani si Arjuna. Tah ayeuna geura
waspada sampean !" Lajeng wae Ganda Perkasa nonjok ka Arjuna.

Hanca

5787EF74-ACDF-2699-46C1-853962BE7E34

1.03.01

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar