Senin, 06 September 2010

[kisunda] Burisrawa Kaedanan - 11

 

Nu tiluan teh teras we laju ka Madukara; para Prajurit hareraneun ningal Wara
Subadra walgri bari diiringkeun ku dua jalmi nu meh sarimag, tapi bari silih
herengan. Tapi akhirna mah lalebet ka Karaton Madukara. Atuh guyur para
tamtama pabeja; emban2 pada kaluar; enggal Sang Sudewi diiringkeun lebet
ka Karaton Madukara. Di Karaton Madukara untung masih keneh lengkep;
tamu2 teu acan aya nu marulih. Enggalna wae Sang Dewi Wara Sumadra
ngadep ka Yudhistira, sareng Pandawa sanesna.

Enggalna carios Sumbadra laporan yen anjeuna cilakan ku Burisrawa; teras
ditulungan surnah ku Antasena, nu ngaku Putra Bratasena. Barang nguping dugi
ka dieu, Jaya Bang Winga winga; Bratasena katingal rarayna beureum, duka
kaisinan duka ku naon; teras we motong kalimah Sumbadra:" Yoooy, Gatotkacha
anakku dewe sewiji wijina; ti mendi eta aya nu ngaku2 anak Kaula ! Bari soca
molotot beungeut beureum, teu tata pasini deui giridig wae Antasena digusur
kaluar ti na pasamoan; geus teu nolih ka nu nyaram, utamina Sumbadra sareng
Yudhistira; ari Kresna mah nyenghel we kapiasem ku kalakuan Bima nu sok
garasah gurusuh.

Barang dugi kaluar teu antaparah deui Antareja dibuntang banting ku Bima;
masing ampun2an oge; teu dipalire. Akhirna dialungkeun; tapi barang bade tigubrag
niban lemah ditangkep deui wae ku Kresna anu nuturkeun kaluar.
Lajeng wae Kresna ngandika, tujuanana ka Antasena:"Tong cicingeun , mun hidep
hayang diaku anak, kudu bisa ngabantingkeun Rama sampeyan. Sok we da Rama
sampeyan mah moal rengrot ku dibanting 10X wae ge tahan."

Duka kumaha jol nurut we eta Antasena ka na cariosan Kresna terasna mah ngalawan,
atuh der wae gelut. Banting binantingan, silih sepak silih dupak. Bima sababaraha
tigugulitik; akhirna anjeunna ngabarakatak :"Hahahaha, enyaan sia teh anak aing
geuning. Sarua gagahna jeung si Gatotkacha. Euh alus, kumaha Nagagini cageur?"

"Nun inggih Rama; Kangjeng Ibu Nagagini aya hibar; kitu deui eyang Antaboga;
sareng ieu deuih Rama Kula dibekelan ieu ku Kangjeng Ibu; saurna ieu teh
kapungkur mah kagungan rama."

Eta nu dicandak teh nyata Geulang Candrakirana, memang kagungan Bima; basa
tos lami tara dianggo sadayana pada heran, tapi teu aya nu naroskeun, da terang
di adat Bima tea. Lamun teu panuju ka na pertanyaan teh ngawalerna sok kasar
pisan, jadi diarantep we. Ayeuna kakara sadayana apal yen eta gelang candrakirana
teh dianggo pamahugi ka Nagagini. Atuh sadayana sami bingah manah.

Bima bari rada bareureum, nyarios lalaunan bari teu jelas:"Ah paingan eta geulang
teh diteteangan teu kapanggih, rupana katinggaleun di Sapta Pertala?hehehe."
"Kunaon eta si Nagagini teu ngabejaan ti baheula atuh?! Tapi keun we ketang, mun
teu kitu ieu anak aing si Antareja cilaka ku Kaula. Untung aya geulang ieu."

Sadaya mung ukur seuri koneng kapiasem ku Bima nu kaisinan. Puguh ngaku soteh
digelutan, lain sing2na ditembongan geulang. Tapi nu sanes teu seueur saur; ngartos
we ka paadatan Bima.

Tah akhirna gempungan diteraskeun, saur Bhatara Kresna:"Tah geuning ayeuna mah
kanyahoan saha jalmana nu dursila teh. Memang eta Burisrawa teh ngudag2 pisan
ka Sumbadra teh ti bareto. Malah akang ge diolo rek dibere satengah Mandaraka
cenah, mun mikeun Sumbadra ka manehna teh."

Arjuna langsung motong:"Hehehehe, ah ulah sok ngarang; tah kumaha lalakon
Cuminalaya ?"

Kresna rada bareureum enggal ngandika:"Ah biasa yayi kaipe mah ari tos ngungkit2
teh; tong sok buka kartu atuh. Hehehehe."

"Tuda enya, pan Kaula mah teu bisa mere naon2 ngajangjian naon2."

Kresna:"Keun we soal eta; tah ayeuna kumaha sikep urang ka Burisrawa?Naha kudu
dihukum, atawa kumaha ?"

Bima:"Cek pikir Kaula; ayeuna mah tong loba catur urang datangan Salya; penta
si Burisrawa rek dihukum di Madukara, mun teu tarima tong loba catur perangan we sakalian. Keun Kula nu bakal mimpin peperangan mah."

Kresna:"Ieu mah aya ku gampang pisn ngomong perang teh; eta mah perkara
gampang; kapan nu jadi korbanna teh Arjuna; jadi kumaha Arjuna tah ? Mangkaning
eta Burisrawa teh dipikaasih pisan ku Dewi Banowati, permaisuri Duryodhana."
nyariosna kitu teh Kresna bari ngalirik ka Arjuna, semu nyindiran.

Arjuna:"Ke heula ana, jeung naon deuih Raka Bhatara bet teu puguh2 mamawa
Banowati sagala?"

Kresna:"Ih apanan eta Rakana Burisrawa sanes ?"

Arjuna:"Leres teu kapindo damel; tapi naha teu nyebat Erawati, sareng Surtikanti
misalna? Kapan eta ge rakana Burisrawa ?"

Kresna:"Hehehehe, apanan Yayi Kaipe mah raket pisan sareng Banowati, sanes ?!"

Bima motong deui wae:"Ah ieu keur ngaromong naon atuh?Jlamprong? Jenet?
Cik kumaha tah kaputusanana? Tong loba carita hayu ayeuna mah indit ka
Mandaraka? Atawa ka astina, sugan aya Burisrawa diditu ?"

Kresna:"Ayeuna mah kieu wae atuh; utus dua jalma, hiji keur ka Mandaraka, hiji
deui ka Astina."

Yudhistira ngalahir:"Kaula satuju kana saran Raka Bhatara Kresna; ayeuna urang
utus ka Astina Gatotkacha; pikeun naroskeun kaayaan Burisrawa diditu. Ari nu ka Mandaraka kapaksa Rayi Nakula Sadewa ; tah Antasena meureun duaan jeung
Purabaya ka Astina bisi aya naon2."

HANCA


 

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar