Rabu, 15 September 2010

[kisunda] Burisrawa Kaedanan - 19

 

Jadi akhirna pasukan Setra Ganda Mayit ngaji ngarebu, bade ngarurug ka Madukara.
Nu mimpin ieu pasukan nya eta : Rajana nu ngaku Prabu Ganda Perkasa; Papatihna
Ganda Setra; Dua senapatina nya eta Setra Sakti sareng Ganda Sakti. Laju ka
Madukara; dimana aya kampung bawahan Madukara langsung diranjah; atuh pada
guyur sapada harita. Pasukan wates Madukara tarapti langsung ngahalangan eta
karaman. Ger wae perang ragot antara pasukan Madukara ngalawan nu ngaku
Karajaan MayaWana.

Prajurit Madukara najan jumlahna saeutik kacida waranianana; tapi satiap nilas
eta nu ditilah kalah seuri ngagakgak; teu rengrot2 acan. Atuh pasukan Madukara
kacida ripuhna; geus mimiti ting jarungkel; nya antukna kalabur bade laporan
ka Pangeran Arjuna, nu ngawasa Madukara.

Catur di Madukara masih lengkep rengrengan pangagung, teu acan keneh marulih;
margi masih aya masalah nu kedah dibadantenkeun. Nuju galuntreng cacariosan,
kaselang ku para prajurit nu hahhehhoh laporan, bari kaciri loba tatu.

Lajeng wae ditaros ku Arjuna; para prajurit matur yen aya karaman ti Karajaan
Mayawana; tos dicobi dihalangan, tapi teu aya nu kiat nahanna; sarengna deui
musuh teh sarakti teu teurak ku senjata.

Arjuna enggalna nyauran Gatotkacha sareng Antasena kedang mimpin dua rebu
pasukan pikeun ngalawan musuh ti karajaan Wana Maya.

Kresna enggalna ngandika:"Ke heula anan yayi kaipe; ieu musuh teh asa teu
puguh2 nyerang ka urang; asa teu aya alesan sama sakali; sarengna deui asa
kakara ngaran eta nagara teh. Eta nagara ti mana horeng ? Mani asa araraneh."

Arjuna:"Leres teu pindo damel, Raka Bhatara, namung ti pihak itu jol2 nyerang
kalawan teu aya bema karama sama sakali. Ku margi kitu rayi miwarang Gatotkacha
sareng Antasena keur ngalawan pupuh; bari sakalian tanyakeun naon sabab
musababna eta Naga Maya Wana nyerang ka Madukara."

Kresna:"Nya atuh sae kitu mah Yayi; yu urang sami2 antosan Gatotkacha
ngarengsekeun tugasna."

Bima ngalahir:"Hmmmm kurang ajar temenan eta urang Wana Maya; Kaula geus
arateul hayang ngusir jeung nangkep Rajana."

Kresna:"Gampang soal eta mah Rayi. Tapi kapan cek laporan para prajurit, musuh
teh sarakti pisan; prajuritna wae teu teurak ku bedog."

Bima:"Di urang ge teu kurang2 senjata sakti, piraku sugan teu mempan mah ?"

Kresna:"Leres teu kapindo gawe yayo Bima; tapi keun urang dagoan we laporan
Putra sampeyan Gatotkacha."

Kacaturkeun Gatotkacha tos paamprok sareng Pasukan Maya Wana nu teras
maju lebet ka wilayah Madukara.

Enggalna Gatotkacha nyarios:"Hemmm, pasukan ti mendi sampeyan?Jeung
mana nu jadi pingpinan?Ieu Kaula Gatotkacha benteng Indraprasta; jeung ieu
lanceuk Kaula Antasena."

Ganda perkasa:"Hehehehe, eladalah.............ieu nu ngaran Gatotkacha teh ?
Tah ieu Kaula Raja ti Nagara Maya Wana; tuh itu Patih Kaula Ganda Setra;
tuh nu itu Setra Sakti jeung Ganda Sakti. Senapati Maya Wana."

Gatotkacha:"Naon sabab jeung alatanana sampeyan nyerang ka Madukara ?"

Ganda Perkasa:"Kaula boga ali hideung nu meunang tapa; ayeuna leungit;
ngadenge beja eta ali Kaula teh geus dikawasa ku KI Arjuna; ku sabab kitu;
gancang eta ali pulangkeun deui; da eta pusaka Kaula."

Gatotkacha:"Eta ngan ukur pangakuan sampeyan, tanpa bukti nu nyata;
tapi mun enya ge kitu teu meunang sampeyan langsung lancang nyerang ka
Madukara; kapan sagala rupana ge aya aturan jeung tati titina ?"

Ganda Perkasa:"Eladah, hueeek Cuih ! pikeun Kaula teu kudu aya tata titi,
basa basi; ayeuna Kaula ngarasa moal aya nu nandingan ka na kagagahan
Kaula; jadi cukup ku eta Kaula hayang ngawasa Raja2 nu aya disabudeureun
Karajaan Kaula. Ayeuna pangheula Kaula bakal nalukkeun Madukara. Seneng
teu seneng; daek teu daek Kaula arek maksa."

Antasena ngaharewos:Yi , yi.......... tong diantep Yi; gebug we lah..........rek
naon ngobrol jeung raja kitu patut; asana mah moal sabaraha kadigjayana;
ngan ukur gede omong wungkul."

HANCA 

 

__._,_.___

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar