Minggu, 14 Maret 2010

Undak Usuk Basa Sunda Bagian II

 

 

9. bawa - bantun - candak        GUBUG
Ayeuna mah tara aya hawar2 dipake tah GUBUG teh, lantaran kasar pisan.
Paling oge meureun nu keur pasea.
"gubug ku sia pek kabeh oge, balikanan di dieu ge jadi runtah."

Ah kuring mah datang kadieu teh teu barang bawa nanaon
Tadi si Udin ka dieu; buku nu dititipkeun ku maneh geus dibawa ku manehna
"Sawios teu kedah repot, ku abdi wae ieu mah bade dibantun"
"tadi eta buku teh tos dicandak ku bapa" bade diaos panginten

10. tinggal - kantun
kantun leuwih lemes ti batan tinggal; tapi duanana bisa dipake ku saha wae

11. gegelehean - leleson
waktos anjeunna sumping teh, abdi nuju gegelehean di kamar
bapa nuju leleson

12. mere - masihan
ieu oge bebas, ngan masihan langkung lemes ti batan mere

13. mandi - ibak - cebor
sok geulis geura ibak; cek Ibu Umi ka putuna nu burey keneh
Bapa nuju cebor; abdi mah tos mandi titatadi

14. dahar - neda - tuang
kuring dahar - abdi tos neda - Bapa nuju tuang

15. ngaliwat - ngalangkung
padahal abdi teh ngaliwat tah kadinya teh, ku naon nya teu papanggih ?
Tadi Pak Udin ngalangkung kadieu, naha teu katingali ?

16. denge - kuping - dangu
tah kadenge teu ? ku maneh eta aya sora halimpu kitu ?
Ah teu kakuping ku abdi mah.
Bapa ngadangu henteu ?

17. diuk - calik
bapa nuju calik payuneun TV; abdi mah diuk teh dijuru bari nundutan

18. nangtung - ngadeg
jung manehna nangtung.
Itu nu ngadeg palih tengen teh pun paman

Hanca

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar