Rabu, 24 Maret 2010

Angka 12

Lamsijan percaya pisan kana angka karamat 12. Keur manehna euweuh hal-hal nu istimewa lamun teu pakait jeung angka 12. Dina poe Palentine Lamsijan boga rencana arek neangan kabogoh, keur batur hirup engkena.

Saperti biasa ku manehna dipakaitkeun jeung angka 12. Calon kabogoh nu dipilih 12 urang, Tanggal lahirna kudu tanggal 12, buukna kudu ngarumbay handapeun punduk kudu 12 cm, imahna kudu nomer 12, lamun bisa aranna oge 12 huruf, jeung jeung syarat-syarat nu sejenna nu tetep pakait jeung angka 12.

Tinu 12 urang teh, Lamsijan manggih kawawuhan tina facebook, aranna Mirna Suharti, jelas aranna 12 huruf. Mirna Lamun muka facebook jarang sabulan sakali, tapi unggal tanggal 12. Lamun tulas-tulis dina facebook salawasna ngan 12 kecap, oge ngakuna anak ka 12 ti 14 urang.

Wah ieu cocog pisan pikir si Lamsijan, gancangan manehna janjian rek kopi-darat. Manehna ngajujug imah Mirna nu nomer 12. "tok ..tok...tok" manehna ngetok panto Imah Mirna 12 kali.

Bray panto muka, nu ngabageakeun Mirna pisan. Pas asup ka ruang tamu, Lamsijan ningali aya lalaki 11 urang keur dariuk, jadi aya 12 urang lalaki jeung manehna. Ceuk Mirna teh: "Ngenalkeun, ieu Kang Lamsijan, nu nembe dongkap, calon kikindeuwan Mirna nu nomer 12!"

=WLY=

Tidak ada komentar:

Posting Komentar