Selasa, 16 Maret 2010

[Banyol] Gara-gara Tasbeh

Kacaritakeun Nyi Odah, keur ditanya dina sidang Pengadilan Agama alesan pipisahan antara manéhna jeung salakina. Ari alesan Nyi Odah teh cenah pedah manehna teu ngarasa sugema dina urusan napkah batin. Ceuk manehna, salakina teh kurang "jantan".

Ti saprak harita, Nyi Odah cruk-crék kawin ceré sababaraha kali.

Alesan Nyi Odah sarua baé, kabeh salakina nu tiheula teu bisa nyugemakeun dina urusan napkah batin. Geus kasohor yén Nyi Odah teh neangan salaki nu kuat dina urusan ranjang.

Antukna Nyi Odah narima Pa Haji, duda beunghar nu kasohor tukang ibadah jadi salakina.

Kakara ogé saminggu kawin, sasatna keur oléng pangantén, Nyi Odah ngasupkeun deui gugat cerai ka Pengadilan. Dina waktuna sidang, Hakim téh panasaran naha Nyi Odah meni resep2 teuing kawin cerai. 

Hakim: Nyi Odah, naon alesanana anjeun kakara gé saminggu geus maké menta pipisahan? Naha teu nyugemakeun deui waé?

Nyi Odah: Punten pisan Pa Hakim, salaki abdi nu ayeuna bageur pisan jeung leket ibadahna. Dina urusan ranjang ogé nyugemakeun. Mung abdi tos teu kiat deui nandanganana, salaki abdi téh unggal wengi upami dzikir sok dugi ka lami.

Hakim: Dzikir mah hadé pisan atuh, naha gara-gara dzikir anjeun bet luluasan ménta pipisahan?

Nyi Odah: Muhun Pa Hakim, upami perkawis dzikir na mah abdi teu kaabotan. Mung nu ngajantenkeun abdi teu kiat téh, pentil susu abdi ku salaki dianggap tasbéh!!!

.

ti Kisunda

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar