Minggu, 21 Maret 2010

Onta jeung Marinir

Onta jeung Marinir

 

Kacaritakeun baheula jaman perang di wewengkon Arab (teuing di mana lebah2na), di hiji barak soldadu marinir tengah gurun nu jauh kaditu-kadieu eusina ngan soldadu lalaki kabeh. Kampung nu pangdeukeutna jauhna kurang leuwih 15 km ti barak eta. Kandaraan nu aya ngan onta bikang hiji-hijina.

Kusabab geus teu kuat nahan "aspirasi arus bawah", saurang soldadu ngadeuheus ka kumendanna menta ijin pikeun make onta nu aya ditukangeun barak. Bari era-era oge, si soldadu ngedalkeun pamaksudanana yen manehna geus teu kuat pikeun neruskeun "aspirasi kampung bawah" tea.

Si Kumendan bangun nu surti, pok weh manehna ngomong: Mun geus teu kuat mah, pake we onta nu dicangcang dina tangkal korma di tukangeun barak. Tong era-era, babaturan maneh ge sok marake onta eta mun rek nutaskeun kabutuhan.

Atuh si soldadu kacida bungahna, dina jero pikirna, singhoreng mah ngan manehna wungkul nu katinggaleun informasi. Nu sejen geus tiheula nyaraho.

Antukna manehna los indit ka tukang, nyampeurkeun onta. Harita calanana geus diporosotkeun, geus taki-taki rek mergasa eta onta. Tapi ku sabab pangawakan onta mah leuwih jangkung, manehna teu bisa nepi keneh. Teu eleh geleng, manehna nyokot korsi supaya jangkungna sarua jeung bujur onta. Sigana mah si onta teh curiga, naha kalakuan ieu jelema bet bangun nu aneh.

Si soldadu teh teu kaur, kakara ge naek korsi, ontana maju ngajauhan tayohna mah bangun nu nyaho rek dipergasa. Eta kajadian hayoh-hayohan kitu nepi ka subuhna. Ahirna bakating ku cape unggah turun tina korsi, si soldadu balik deui ka barakna.

Isuk-isukna sanggeus apel bendera, si Kumendan nyalukan soldadu.

Kumendan: Kumaha S, hajat teh geus kacumponan?

Soldadu: Siap Kumendan. nu mawi Dan, teu cios. Si onta teu bisa cicing

Kumendan: Naha bisa kitu, pan onta teh dicangcang. Kari numpakan, gampang lin?

Soldadu: Muhun ari dicangcangna mah, mung sesah pas rek dipidamel.

Kumendan: Susah dipigawe kumaha? Kari cangcangna dilaan, terus tumpakan. Nu sejen oge biasana mun hayang kikituan teh, make onta eta indit ka kampung XXX di belah wetan. Didinya loba awewe nu biasa dipake. Onta eta nu mawa maranehna ka kampung XXX.

Soldadu: &*^%$%$%% (ngarempeyek kapiuhan)...

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar