| Punten ieu sim kuring minuhan deui milis ku UUBS, manawi   bahan katampi we.Mudah2an aya oge nu peryogi, upami teu di na praktek atau kanggo ELMU lah.
 UUBS teh hartosna aturan panta2 Nyarios Basa Sunda, ti nu nyarios ka jalmi
 nu nampi eta cariosan
 
 1. cageur - sae - pangesto - damang ditambihan Budaya Islam Alhamdulillah
 Cek Ki Danu ka sobatna , Ki Solah : "kumaha cageur euy ?"
 Jawab Ki Soleh :"cageur euy, kumaha di dinya ?"
 
 Cek ki Danu ka Kulisi Desa :"Aeh Mang Kulisi, kumaha damang ?"
 Walon Kulisi :"pangesto, sawangsulna."
 Danu :"sae, nuhun, bade angkat kamana atuh mang Kulisi teh ?
 Kulisi :"Kumaha tuang Rama sareng ibu, di bumi daramang?"
 Danu:"Alhamdulillah aya hibar Mang. Kaditu atuh ka rorompok mang, mani   tos lami?"
 Kulisi:"Ke bade ka bumi mah, sasih payun panginten. Salamna we ka tuang   rama nya ?"
 
 2. boga - gaduh - kagungan
 
 Ki Wira tara2 isuk2 geus datang ka imah Ki Danu.
 Cek Ki Danu:"Aya naon euy sisinarieun, isuk2 geus datang ka dieu?"
 Ki Wira:"nu matak, dipiwarang ku ema euy meuli paragi ngalemar; tapi   enyaan poe ieu
 mah teu boga duit pisan. Cik sugan boga duit, tulungan uing."
 Ki Danu:"Ah nu matak kamari pisan gajih uing teh geus ledis; ke meureun   kang Oim
 kagunganeun."
 Ki Wira:"Nuhun euy sateuacanna."
 Ki Danu: Kang Oim manawi kagungan artos, sok nambut heula lah."
 Ki Oim:"eh, akang ge keur kutud euy, cing ka ema lah. Keur naon duit   teh?"
 Ki Danu:"Aya rerencangan butuheun, abdi nuju teu gaduh artos pisan   ayeuna teh."
 
 3. sare - mondok - kulem - ebog - molor
 Ki Danu:"Duh aing mah hayang sare deui, peuting tadi kakara sare jam 3   euy."
 Ki Salim:"ah maneh mah da tukang molor atuh, masing sare jam 10 ge tetep   we."
 Ki Danu:"Lain kitu, enyaan peuting tadi mah sare teh telat, lantaran   lalajo Wayang
 euy ti RRI Bandung. Padahal Apa jeung Ema mah tos karulem sadayana oge."
 Ki Salim:"Ari tukang molor mah atuh, tong make hayang lalajo wayang,   hahahaha."
 Apana KI Danu:"Danu geuning siga nundutan?Nepi ka Jam sabaraha peuting   lalajo Wayang teh?
 Ki Danu:"Wah abdi mah ampir teu mondok,apa. Kantun tunduhna we ayeuna   mah."
 Apa:"Jung we kaitu atuh sarekeun heula, bisi lieur engkeh."
 Ce Ibuna KI Danu ka incuna:"Sok nyai geura ebog, geura bobo, enjing   urang amengan deui." (Ngabiasakeun Basa nu lemes ka BUDAK leutik.)
 
 4. indit - mangkat - angkat - miang
 Tadi apa tos angkat ka kantor jam 7; si udin si Bungsu oge, geus mangkat ka   sakolana.
 Uing mah indit neangan pakasaban teh engke we ah, kira2 jam 9."
 Ibu:"Danu, jam sabaraha rek ka kantor teh? ayeuna geus jam 8:45 ke   kabeurangan."
 Danu:"Hehehehe, muhun ema, sakedap deui abdi bade miang; kantun dibaju   wungkul."
 
 5. dibaju - diraksukan
 kuring/abdi geus   dibaju.               Bapa tos diraksukan
 
 6. kuring/abdi keur make   baju               Bapa nuju nganggo raksukan
 
 7. batuk - gohgoy
 Nu ieu mah jelas hampang pisan nerangkeunana; ngan aya wae nu sok nyebut abdi   gohgoy.
 Padahal mah kuduna na mah :       kuring/abdi   batuk                  bapa/ibu gohgoy
 
 8. gering - udur - teu damang
 
 kuring gering      abdi   udur            bapa   teu damang
 
 
 Tah sakitu heula, mudah2an aya mangfaatna.
 Abbas Amien
 
 
 
 
 
 | 
 
Tidak ada komentar:
Posting Komentar