Kamis, 25 Maret 2010

make dewek aing

make dewek aing

 

 

Dewek jeung aing sarta silaing/ilaing dipake di na obrolan antara jalma2 nu raket
pisan; nu kacida lomana.Ari di Bandung mah, biasana dipake antara Mahasiswa
nu loma pisan. Eta basa kasar teh, disulap jadi basa loma.

Mun dipake ku kolot ka anak, teu pantes pisan, sabab etikana kolot mah kudu
mapatahan nu bener. Jaman baheula mah meureun, ka anak incu nyebut teh utun inji tea,
ayeuna mah geus teu galib deui, hartina ku masarakat dipiceun, teu dipake.
Hidep, meureun masih aya, ngan langka pisan.
Hidep teh lemesna ti na maneh. Tah maneh mah masih loba keneh nu make, lantaran ieu
mah basa loma tea.

Baheula mah nyebut ngaran sorangan disebut elmu tikukur, tapi ayeuna mah geus galib.
"Eta mah nu Encid , ema; sanes nu kang Idik."Cek Jang Rosid ka indungna. 

Kuring. Ieu basa loma atawa pertengahan, dimana wae, ngan ka anak mah kurang pas.

Abdi.  Lantaran ku rasa meureun "kuring" asa rada teugeug, make kecap ieu, tanda
ngahargaan ka nu diajak nyarita. Ieu mah masih keneh dipake di mana2.

Sayah.  Memang tina Basa Indonesia "saya"; dicokot ku urang Sunda keur gaganti
kuring lantaran asa kurang pas; atawa abdi asa lelemesan teuing. Jadi ieu ge basa loma.
Lolobana baheula mah antara pamuda 20 taunan diparakena teh.

Kaula/kula.  Ieu ge ampir leungit

Kami.  Ieu ge hartina teh kuring, tapi biasana nunjeukeun nu make ieu basa leuwih
luhur tingkatanana. Ieu oge geus teu galib deui. Da alam Demokrasi tea.

Pribados.    Biasana dipake na pidato. AQyeuna mah langka, lantaran ampir tara aya
pidato basa Sunda.

 

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar