Rabu, 24 Maret 2010

Tukang Udud teu bisa asup Sawarga

Tukang Udud teu bisa asup Sawarga

 

 

Hiji mangsa Lamsijan, jalma nu kacida solehna maot. Sarerea og yakin
Lamsijan bakal asup ka sawarga, sabab teu aya pisan kalakuanana onu goreng.
Hiji-hijina kalakuan di dunya nu bisa dianggap rada goreng, Lamsijan teh
tukang udud. Ududna siga kareta api, ngebul terus.

Kacaritakeun arwah Lamsijan geus tepi ka akherat, langsung nyanghareup ka
malaikat nu ngurus dimana arwah-arwah nu anyar datang bakal ditempatkeun.
Malaikat teh ningalian buku gede nu eusina daptar saha-saha wae nu rek
ditempatkeun di Sawarga. Aran Lamsijan euweuh dina daptarna. Ceuk malaikat
teh: "Lamsijan maneh mah tempatna lain didieu, tuh dihandap di naraka!"

Ngarasa dirina sholeh si Lamsijan protes, tungtungna patuggreng-tugreng
jeung malaikat. Kulantaran euweuh solusi, malaikat teh nyangharep ka
komandanna. Gancangan komandan malaikat teh mukaan buku-buku poean nu nyatet
sagala kalakuan si Lamsijan waktu di dunya. Bener pisan Lamsijan kuduna mah
di Sawarga, da teu boga kagorengan waktu di Dunya. Akhirna si Lamsijan
ditempatkeun di Sawarga.

Si Lamsijan leuleumpangan di Sawarga, tempa-tempo. Ah geuning mani endah
kieu sawarga teh. Cape leuleumpangan, jle Lamsijan diuk di handapeun kai
bari nyawang pamandangan Sawarga anu endah.. Pikir si Lamsijan, ah ....
beuki nikmat lamun nyawang pamandangan anu sakieu endahna bari ngaroko.
Leungeunna kadak-kodok kana saku, kabeneran manggihan roko sabatang. Roko ku
manehna diselipkeun kana biwirna, leungeuna kadak-kodok kana saku nu sejen,
neangan korek api, tapi teu manggih.

Kabeneran malaikat tukang nempatkeun arwah ngaliwat, terus nanya ka si
Lamsijan: " Keur naon Lamsijan?"

"Nuju nyawang pamandangan anu sakieu endahna. Punten gaduh korek api
henteu?", Ceuk si Lamsijan, nyaritana bari rokona tetep nempel dina
biwirna.

"Lamsijan, Lamsijan, mana ceuk kuring oge, tempat maneh mah lain di Sawarga,
tapi di Naraka!. Di diditu mah geura loba seuneu teh, ari di sawarga mah
mana aya seuneu?"

=WLY=

Tidak ada komentar:

Posting Komentar