Kamis, 18 Maret 2010

Pakeman Basa ( Idiom )

 

Ieu gaduh peperinian pakeman basa, bilih aya nu meryogikeun mangga nyanggakeu

 

Pakeman Basa ( Idiom )

Pakeman basa mangrupa wangunan basa anu husus tur mandiri sarta harti nu dikandungna henteu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa atawa harti nu dikandung ku unsur2 pangwangunna .

Pakeman basa dina basa kostana disebut idiom, asalna tina basa Yunani idios hartina has, mandiri, husus atawa pribadi.

Pakeman basa teh lahir ku ayana rupa2 cara enggoning nyebut atawa mere ngaran kana sagala rupana nu kanyahoan ku urang (katenjo, kadenge, kaambeu, karasa jeung kapikir). Cara2na mere ngaran (sesebutan) teh bisa nurutkeun tiruan sora, sasaruaan, bahan, tempat asalna, nu nyieunna, nu nimuna, sipatna, sabagian anggapan jeung lian ti eta.

Wanda Pakeman Basa.

Anu kaasup kana pakeman basa teh, diantarana ditetelakeun ieu dihandap :

1. Babasan, nyaeta ungkara winangun kecap (kantetan) atawa frasa anu susunanana  geus matok tur ngandung harti injeuman. Contona : ngaburuy, ceuli lentaheun, panjang tangan

2.  Paribasa, nyaeta ungkara winangun kalimah atawa klausa  nu kekecapan katut susunanana geus matok, maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan atawa siloka lakuning hirup manusa.

Contona : Anjing ngagogogan kalong ; Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak.

3.  Gaya Basa, nyaeta rakitan basa anu dipake sangkan nimbulkeun pangaruh anu leleb ka nu maca atawa ngaregepkeun.Gaya basa  teh mun dipake estu jadi mamanis basa, tetela maksudna, teleb karasana jeung alus iketanana. 

Contona : Tuang putra teh kirang pisan dina matematikana.

4.  Caturangga, nyaeta pakeman anu netelakeun tanda2 kuda, hade henteuna pikeun diingu.

Contona : Buaya ngansar.

5.  Cacandran, nyaeta panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun.

Contona: Bandung heurin ku tangtung

6.  Uga, nyaeta tujuman anu aya patalina jeung parobahan penting, babakuna parobahan kaayaan nagara/daerah. Geus nepi ka ugana ngandung harti geus nepi ka waktuna anu ditujum ku karuhun.

Contona : Pulau Jawa bakal kaereh ku kulit koneng lilana saumur jagong,

7.  Rakitan lantip, nyaeta susunan kecap anu dihartikeun ku kabiasaan make dadasar kalantipan.

Contona : Emh, bau nu ngagoreng tarasi. 

8.  Kecap kiasan, nyaeta kecap anu hartina dipapandekeun kana hartina kecap anu sejen

Contona : Si Eta mah teu kaop maju, sok gumede.

 

Hapunten bilih lepat, punten panglereskeun, upami kirang mangga tambihan

 

Hatur nuhun

Gagak Hideung 

.

__,_._,___

3 komentar:

  1. Hatur nuhun, neda widi bade dibagikeun dina Grup https://www.facebook.com/groups/basasunda/
    sareng Blog Wordpress abdi

    hapunten kumawantun, hatur nuhun sateuacanna

    BalasHapus
  2. Kalau definisi frasa dan klausa ada tidak?

    BalasHapus