Selasa, 09 Maret 2010

Ngudag Onta

Cenah, Onta keur masyarakat sagara keusik, sato nu kacida pentingna. Ngan
aya hiji pangadatanana nu goreng, lamun ngambek, sok mogok, ngedeprek embung
nangtung. Kacaritakeun di Jalan di nagri Arab ( duka nagri Arab nu mana),
aya lalaki keur ngusahakeun onta jaluna nu mogok, ngedeprek di tengah jalan,
embung nangtung. Atuh jalan jadi macet, klakson mobil mani reang. Tapi si
Onta keukeuh embung hudang. Teu kungsi lila tina mobil nu kahalangan turun
wanoja geulis, nyampeurkeun, bari terus nanya: "Kunaon Pa?"

"Aduh Eneng, ieu onta teh teu daekkeun wae nangtung, nyusahkeun pisan!"

Si Wanoja geulis unggeuk-unggeukan: "Kabeneran kuring dokter hewan, cik
urang pariksa", bari terus si Onta dipariksa, dirarampa mimiti tonggongna,
terus beuteungna, terus katukang .....jerete teh onta ngejerte, terus
nangtung ...serebet weh lumpat tarik pisan. Jalan nu tadina macet, jadi
lancar deui, si nu boga onta nyampeurkeun ka Wanoja geulis: "Walah Si Eneng
mani hebat, dikumahakeun eta teh Neng?"

"Ah gampang, dipencet we etana", ceuk si Eneng dokter teh daria, bari terus
ngaleos ninggalkeun, nuju kana mobilna. Si nu boga Onta ngahuleng
sakeudeung, tapi terus nunutur si Eneng Dokter.

"Rek naon Pak, bet nunutur wae, hayang naon deui?" Ceuk Si Eneng dokter teh
judes.

"Tadi saur Eneng, onta bapa teh dipencet etanana, tepi ka lumpat tarik
pisan, kitu sanes?"

"Enya, terus?", ceuk Neng dokter.

"Tah upami kitu, punten pisan, pencet oge gaduh Bapa, ngarah Bapa oge tiasa
lumpat tarik, tiasa ngudag onta nu mabur tadi", ceuk si Bapa teh ngalengis
.....

=WLY=

.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar