Minggu, 25 Juli 2010

[kisunda] Bambang Kombayana ka-17

Enggalna wae Kombayana ngadeg, teras sasauran :"Hahahaha, tah geuning apal,
piraku da kapan urang teh can lawas2 teuing, Sucitra !"

Gandamana, enggal wae bade nanganan Kombayana, namung diwagel ku Sang
Prabu Drupada, enggalna Prabu Drupada sasauran :"B Kombayana, sobat Kaula,
dulur Kaula, waktu baheula atawa oge ayeuna. Ngan bae sampeyan di na gaul
jeung papada manusa, omat ulah poho ka na lilinggeran, atawa aturan. Di na hirup
kumbuh kumpul jeung pada manusa, aya ajen2na, aya etika tata kasopanana, teu
bisa kitu wae. Lamun urang teu nyekel ajen manusa gaul, mangka urang bakal
dipiceun, atawa di lurjeunkeun, lantaran urang teu tumut ka na etika aturan tata
kasopanan jeung pada manusa nu galib. Nu Ilahar dipake di na hiji2 kumpulan.
Model ayeuna Kaula, memang sobat, tapi urang kudu nyaho, sobat urang teh ayeuna
kumaha posisina ? Lain mikirkeun pribadi wungkul, tapi kudu oge mikir kaayaan
lingkungan hirup. Tah Gandamana adi Kaula; baheula mah gaul biasa we jeung Kaula,
tapi ari tata kasopanan Kawula Gusti mah, tetep kudu dipahing. Nu matak sampeyan
nepi ka diteunggeulan ke Gandamana, lantaran sampeyan teu nurutkeun aturan nu
biasa dilakukeun. Tapi Kaula nyaho ka na pribadi sampeyan. Sampeyan jalma jujur,
jeung boga pikiran BEBAS; tapi di na waktu ieu mah pikiran Bebas teh ngan keur sampeyan wungkul, can disosialisakeun. Jadi keukeuh adat kudu dipake."

Panjang2 Prabu Drupada masihan piwejang ka Bambang Kombayana; Kombayana
sadar, yen memang ayeuna mah geus beda kaayaannana; B Kombayana rada
hanjelu oge, aya rasa sono hayang ngagabrug ka sobatna nya eta Sucitra nu parantos jeneng Narpati; tapi aya oge rasa "mentegeg" lantaran ayeuna mah beda pisan di na
panampana. Akhirna saparantos lami melengek, Bambang Kombayana ngandika :"

Nya atuh lamun kitu mah, hampura Kaula nu kurang tata; tapi Kumaha perjanjian
baheula ? pasini bihari ? Naha sampeyan masih inget keneh , Sucitra ?"

Prabu Drupada lami mindel, teu sasauran; di na panggalihna :"Emh enyaan ieu sobat
teh kacida teu ngartina ? Sakitu ku aing geus dibejer beaskeun, keukeuh we nyebut
ka aing teh Sucitra; enyaan ieu jelema teh teu beunang dipikayaah; bari jeung nagih
jangji sagala; kurang ajr temenan.

Saparantos lami mindel enggal wae ngalahir :"Eh Kombayana; bener baheula Kaula
kungsi jangji ka andika; tapi waktu eta mah Kaula can nyaho saha satemenna andika
teh. Jeungna deui, sampean mah teu pantes jadi Narpati, pantesna ge di Padepokan.
Kapan sampeyan mah turunan Resi; nu harkatna leuwih luhur, nya eta Kasta
Brahmana. Ayeuna mah kieu wae atuh; kumaha lamun smpeyan dipangwangunkeun
hiji Padepokan, supaya sampeyan bisa neruskeun Rama Guru Baratwaja ?"

Bambang Kombayana sajongjonan mah melengek teu yasa nyarios naon2.
Saparantosna ngahuleng lami, enggalna ngandika :"Oooo jadi sampeyan rek jalir
ti na jangji, subaya ti na carita Sucitra !?"

Jatya Bang Winga Winga; amarahna Gandamana tos teu katahan deui, anjeunna
teu tolih deui ka Sang Prabu Drupada, enggal wae ngan sakilat ngarontok ka B Kombayana; tapi ayeuna mah B Kombayana tos taki2; enggal ngayakeun perlawanan; atuh rame pisan nu tarung di tonton ku sadaya para senapati sareng Tamtama lan
Prajurit. Sang Prabu ge ayeuna mah ngantep we bari lalajo nu tarung.

"Eeeeh kurang ajar, ke heula Gandamana ! Ti tatadi sampeyan ngabongohan wae;
ayo ayeuna lawan ieu Kaula Bambang Kombayana !"

"Ah, teu sapira kadigjayaan sampeyan; hayoh kaluarkeun kabisa sampeyan, moal
teu dilayanan ku Gandamana !"

Nyata Bambang Kombayana santika; enggal ngayakeun perlawanan anu satimpal
pisan ayeuna mah; da tadi na mah teu nyangka bakal jekok2 ditonjokan ku urang
Pancala; da ngarasa sobat Raja tea; tapi ayeuna tos jelas Prabu Drupada moal
masihkeun nagrina; nya ayeuna B Kombayana nekad, bade toh pati neangan
bebeneran; bari bade males ka Gandamana, lantaran asa dikakaya pisan.
Atuh nu tarug teh rame pisan; para senapati sareng tamtama rame salusurakan,
lantaran kakara ayeuna ningali Papatihna aya nu ngimbangan; da sasarina
sakeak sakeak atuh ku Gandamana mah. Kasohor pisan Gandamana mah, pilih
tanding; utamana di na Urusan tarung patutunggalan teu make pakarang.

Hiuk2! sora peureup nu pasaliwer dibarung ku sora sentakan2 duanana bari najong;
atawa numbuk; nyata ayeuna mah Bambang Kombayana ngaluarkeun kabisana.
Di na Bab Mempo oge sanyatana B Kombayana jago oge. Kugsi eleh sakali nya eta
Ku Bhisma; ayeuna mah B Kombayana ngaraos tiasa ngimbangan Gandamana.

Bambang Kombayana ayeuna kagungan tekad palay ngelehkeun ieu Papatih Agung di Pancala; janten njeunna ngetrukkeun pangabisana. Gandamana ayeuna kaciri rada kadeseh, padahal kasohor tara aya nu bisa manggapulia ngalawan anjeunna.
Anjeunna rada taak, ku margi B Kombayana kacida kesitna; sareng jurus2na araraneh.
Wah era aing lamun kudu eleh ku Si Kombayana ieu.

Ku margi Gandamana ngaraos teras2an kadesek, anjeunna emut ka na Ajian atanapi
agemanana, ah aing mah kapaksa oge ngaluarkeun ieu ageman; Nya eta Aji Wungkal
Bener ! Tanaga Gandamana ngadadak nambihan kuat sareng teuas sagala balung
sumsumna; B Kombayana kaget; barang anjeunna oge bade mapatkeun ajian; tos
kapiheulaan babar manten; badan B Kombayana diringkus ku Gandamana; teu
iasa walakaya. Saparantos kitu ku gemes2na ieu Gandamana enggal mulintirkeun
pangambung B Kombayana nugi ka garetihan. Socana nu sabeulaha oge ditonjok
mani tarik pisan, dugi ka wer wer getih baloboran; atuh pananganana nu kiwa oge
diparieuskeun dugi ka bengkok pisan.

Ampir2an B Kombayana, enggal wae Prabu Drupada nyapih ka nu amarah, lantaran
di awon2 oge Bambang Kombayana teh sobat dalit anjeunna.

HANCA

 

.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar