Minggu, 18 Juli 2010

B Kombayana ka - 9

 

Teu tata pasini deui jekok wae Krepa ninggang ka B Kombayana; Kombayana kalem
we nakis eta peureup nu ngahiuk  .................

Bluk ! .....greggg ! sora dua tangan diadu !
Bambang kombayana kaget di na manahna, wireh geus aya sapuluh taunna
sanggeus latihan jeung Sucitra; kakara ayeuna B Kombayana mendakan jalma
nu tanggoh nu bisa ngimbangan anjeunna, nepi ka pananganna karasa ngageter
waktu nakis eta peureup Krepa; tapi Krepa leuwih kaget deui, lantaran Krepa mah
nepi ka ngolesed mudur satapak. "Wah enya ieu Kombayana teh lain sisiwo
geuning; tapi aing pan can ngaluarkeun tanaga nu bener2, da meureun aing
nguntup teuing. Hehehe B Kombayana awas siah, sing iyatna ayeuna mah moal
dibere hate deui. Kitu manahna Resi Krepa.

Dina sagebragan tadi ( SANES KEJUTAN hehehehe RE : mh ); duana tos iyasa
ngukur kabisa atanapi kakiatan lawan; duanana ayeuna teu yasa nganggap enteng
atanapi nguntup; duanana waspada, Krepa ngatur napas sareng lengkahna; kuda2
nu tanggoh tos dikaluarkeun.

Bambang Kombayana sareret ge tos apal yen Krepa ayeuna mah ati2 pisan
ngalawan anjeunna , buktina nya eta lengkahna katingal diatur pisan. Hehehehe,
reuwaseun meureun ku tanaga aing, sing iyatna Krepa, anjeun poe ieu bakal
ngajurahroh.

Sajeroning masang kuda2 bari maju lalaunan Krepa ngagalih, hehehehe, ayeuna mah
B Kombayana pinasti bakal taluk ka Kaula; saha jalma nu bisa ngelehkeun Krepa?
Hehehehe. Awas sing iyatna siah Kombayana, tinangtu anjeun bakal kaget.

Bari ngagalih, ari JURUS mah keukeuh diatur, lamun B Kombayana wani asup ka
na eta pasangan Kuda2 Krepa; tangtu B Kombayana bakal rubuh; kitu galihna
Krepa bari teras maju ku kuda2 nu ngadesek B Kombayana. ( Soal ieu kang
Tharyana Sastra  ti USA panginten tos biasa. Kumaha Internetna tos majeng, kulan ? ).

Bambang Kombayana barang mireng Krepa ngagunakeun kuda2 maju nu ngadesek posisi anjeunna, anjeunna oge teu cicingeun teras deui masang Kuda2 lawanna.

Prok deui, ayeuna mah dua panangan amprok, bari masing2 nyalurkeun tanaga batin
tanaga jero masing2; hasilna model "daya elektrik" atawa "daya magnet" , nu sami2
amprok, dimana dayana sarua atuh kapan lamun anu sarua mah sok "tolak menolak"
tea; nya kitu deui ieu dua jurus teh amprok; atuh sakedapan duanana mundur!

Ari B Kombayana mah mundur 2 lengkah, Krepa mah TILU lengkah.
Eeh, enyaan yeuh B Kombayan teh jago, rek ngawiwirang ka aing? kitu manahna Resi
Krepa harita. Awas siah..............

Enggal wae Resi Krepa ngarobih deui kuda2, bari enggal nyaur mani tarik"Eh Bambang
Kombayana, mangka waspada, ayeuna mah anjeun moal mahi, ka Kaula !"

"Sok we lah, kaula hayang nempo." saur Bambang Kombayana kalawan kalem.
Resi Krepa ayeuna mah mulintir, sampeyan nu sabeulah napak bumi, ari nu sabeulah
deui tuurna nyaketan dada; panangan nu hiji nunjuk kaluhur ari nu hiji deui ka payun;
teras muntirkeun badanna; tos kitu hiyaaat! Bari nyorowok bari majeng nyerang ka
Bambang kombayana.

Ti barang masang kuda2, B Kombayana teu samar yen eta teh jurus "angin lesus" tea
anjeunna enggal sayaga; kuda2 ku jurus "batu karang" barang duanana silih tukeur
tinggangan; duanana ngabelesat mundur. Bambang Kombayana mundur dugi ka 5
lengkah; tapi ari Krepa mah, ampir2 tiguling, ngajengjehe.

Krepa kalangkung amarahna, tos teu dipikirkeun deui naon akibatna, lajeng wae
mapatkeun Jurus "samudra murka" teras maju bade ngarubuhkeun B Kombayana.

Hanca

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar